Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Senin, 15 November 2010

Catatan Perjalanan Danau Ciharus

halaman depan Catatan Perjalanan Danau Ciharus

~~~A~~~

daftar isi Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~B~~~

puisi Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~C~~~

Pembukaan Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~D~~~

Pembukaan Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~E~~~

Foto Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~F~~~

Isi Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~G~~~

Isi Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~H~~~

Isi Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~I~~~

Isi Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~J~~~

Isi Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~K~~~

Isi Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~L~~~

Isi Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~M~~~

Isi Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~N~~~

Foto Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~O~~~

Halaman Belakang Catatan Perjalanan Danau Ciharus
~~~P~~~



Danau ciharus-Foto danau ciharus
Halte Monteng-Foto danau ciharus
Tanjakan Monteng-Foto danau ciharus
PLTU KAMOJANG-Foto danau ciharus
offroad di Leuweung-Foto danau ciharus
bivak-Foto danau ciharus
masak dina trangia-Foto danau ciharus
santai --Foto danau ciharus
menu makan-Foto danau ciharus
makan-Foto danau ciharus
danau ciharus-Foto danau ciharus
danau ciharus-Foto danau ciharus
danau ciharus
kawah burung-Foto danau ciharuskawah kareta api-Foto danau ciharus



READMORE - Catatan Perjalanan Danau Ciharus

Minggu, 14 November 2010

MUSRENBANG JABAR 2010

Ku Mang Jojo ,ping 15 April 2010, tabuh 8:22

MUSRENBANG JABAR 2010

Kinanti

nampi uleman gupernur
supados sim kuring ngiring
wawakil pausahaan
dina sawala ti enjing
tug dugi ka wengi malah
sim kuring mung bandung kuping

ruang hotel nu dijugjug
bol rum horizon caralik
bappeda nu ngaduh hadas
acara atos diwincik
musyawarah ngararancang
pangwangunan taun enjing

ngawitan bubuka lagu
‘mojang priangan’ kakuping
‘peuyeum bandung’ kaduana
gegeden anu sarumping
kataji angklung nu rampak
kuring ngiring ngahariring

gupernur lajeng sasaur
perkawisna visi misi
dua rebu tilu welas
tiluwelas indikasi
eta teh janten udagan
hanca nu bade diwincik

minimal salapan taun
barudak kedah diatik
di sakola anu pormal
tingkatkeun partisipasi
murangkalih sarakola
ninggang umur anu pasti

angka lima puluh tilu
persen na partisipasi
hartina budak diurang
can asup sakola misti
es em u tingkatanana
tinggaleun urang teh pasti

ku kituna rek diwangun
kelas es em pe di cicil
nu tilu rebu jumlahna
dua ratus tambih deui
supaya budak sakola
otakna beuki areusi

kelas nu kanggo es em u
diwanguna seueur geuning
sarebu dikali lima
lima ratus tambih deui
diemboh genepuluhan
mugi bae leres jadi

listrik desa atos hurung
tapina di rumah tanggi
nembe ge genepuluhan
satiap saratus umpi
tujuh puluh rek diudag
insya Allah cenah dugi

cai bersih teh lulugu
nu dikota kanggo mandi
kacumponan satengahna
sakapeung sok maur seuri
caah maceuh kamarina
tapi jalma hese mandi

dupi nambihan penduduk
sapersen koma ditambih
dalapan angka desimal
kaetangna ngadirihdil
nambihan kabina bina
pantesan jalan pabeulit

langkung opat puluh tilu
juta jalmi anu cicing
di pasundan mun ayeuna
patlima mah taun enjing
tapi taun dua lima
lima dua mah kaijir

Asmarandana

taun payun kertajati
bandara di majalengka
dirojong rengse jalan tol
cisumdawu anu panjang
ti cileunyi ka dawuan
mobil teh engke mah mangprung
teu macet siga ayeuna

soroja tol nu dianti
jalan anu ka soreang
sajajar jeung jalan kopo
nuju dibebaskeun lahan
muga-muga kalaksana
kitu saur pa gupernur
anjeuna teh biantara

Sinom

bandung lembang bakal gampang
jalan layang rek dipilih
henteu jiga nu ayeuna
setia budi hareurin
jero kota kitu deui
jalan tol arek diwangun
intra urban namina
sugan wae dek ngajirim
nyugemakeun jalmi nu naek wahana

tah sakitu wawar rapat
wayahna ukur sakedik
pami bade ditataan
tujuh dinten tujuh wengi
moal cacap mun ditilik
sigana kudu ngalembur
ah moal sigana
margi abdi tunduh teuing
da kuring teh gaduh hanca pacabakan.
.-
Hotelhorison14042010
READMORE - MUSRENBANG JABAR 2010

Sabtu, 13 November 2010

LALAMPAHAN SAPOPOE (neraskeun hanca -I)

Ku Mang Jojo , ping 13 April 2010, tabuh 18:04

VII.

Durma

tukang bubut nu aya di sisi jalan
gigireun tukang roti
rame pacentalan
kawas eukeur parasea
barina silih tuding
Jeung pepeta
Siga ucing jeung anjing

Anu dilawan pulisi pamong praja
saragem kopel dahrim
ngaringkid dagangan
tukang dagang kaki lima
nu sok ngabudi ucing
paribasana
satpol pepe nu pusing

nu icalan lumpat birat paburisat
buntelan mah dijingjing
lalumpat ka pasar
di jalan dewi sartika
di udag sersan pulisi
teras di tewak
buntelan teh dibanting

dupi jumlah nu kacerek lima urang
asupkeun kana mobil
pikeup teu hateupan
diukna silih tukangan
naha bet cengar cengir
kawas nu bungah
numpak mobil ngabecir


VIII.

Pucung


beus ngarandeg sabab aya ibu-ibu
nu nuju bobot ngalalar
nungtun budak nyangking plastik
sigana mah tas balanja popok budak

tukang emie ngarendeng jeung tukar bubur
ngarobrol galecok pisan
nu nyici minyak keletik
eta nu ngagoreng sampeu goreng pisang


Dangdang Gula

salajengna anjog ka masigit
tuh nu ngajegir di parapatan
alun-alun anu aheng
wewengkon dalem kaum
dipayuneun gedong be er i
digedengeun sawarha
gedong nu meh ancur
jalan asia afika
masjid agung nu katelah bihari
ayeuna masjid raya


Kinanti

dipayuneun masjid agung
dipendem menak bupati
para putra tur garwana
nu ngantunkeun atos lami
mantena pamingpin urang
nu ngaheuyeuk ieu nagri

dikiduleun alun-alun
tilas bupati lalinggih
pengkerna tempat diajar
diwangun ku raden dewi
sartika ngadeg sakola
nya kautamaan istri

kantor pos gedong ngajugrug
jalan banceuy nu digigir
kapungkur aya panjara
persiden urang mimiti
kiwari kari tanghara
etang etang ciri wanci

bras ka pasar cikapundung
tempat jalmi nu balantik
menerkeun sagala alat
radio jeung elektronik
’pisidi’ ’tivi’ ge aya
pokona sagala kumplit

naripan jalan kapaju
meuntas braga bari nyisi
di kiwa gedong budaya
beh dituna teh pom bengsin
di tengen aya bank jabar
tempat ngajengkeun kiridit

...hanca 2..
READMORE - LALAMPAHAN SAPOPOE (neraskeun hanca -I)

Jumat, 12 November 2010

LALAMPAHAN SAPOPOE (I)

ku Mang Jojo , ping 12 April 2010, tabuh 1:12

SAYATI-MUARARAJEUN

Asmarandana
I
isuk-isuk kuring indit
ti imah leumpang ka jalan
diteruskeun numpak angkot
ngajugjug ka leuwi panjang
niat mah nyiar kipayah
pendak anu rada lintuh
istri nu kulitna bodas

si istri jalmina nyari
ngalirik semu ngarindat
si kuring bet jadi ambon
siga nu beger mindoan
teu rumasa geus huisan
ya Allah ampun paralun
mugi kersa ngahampura

angkot mengkol ka nu suni
duka teu apal kamana
teu lami mobil teh anjog
ngaliwatan hiji makam
kaangseuh runtah bauna
kapaksa mencetan irung
ngarenghap agep agepan

leuwi panjang atos dugi
rebuan dua ditampa
ku supir angkot nu atoh
manehna rek ka gang ijan
rek neruskeun lalampahan
kuring mah terus balabuh
sabab rek ganti wahana


II

Kinanti


ti dinya kuring teh terus
milarian mobil damri
kahayang mah mobli patas
tapi harita teu manggih
mung aya teh beus biasa
tamaha da euweuh deui.

terminal cicaheum dituju
kalacat hanjat sim kuring
milihan korsi nu tengah
palih kiwa nu di gigir
supaya diuk teu panas
sinar surya enjing-enjing.

kawitna mah rada wagu
numpak deui ieu mobil
boro-boro rek nyanghunjar
tuur dukdek heurin usik
rea runtah salalantrah
hateup rujad can diganti

tapi hate bet kahibur
jul jol istri nu gareulis
masieup sareng cindungna
kitu deui nu lalaki
barudak mani garagah
rangsel ’back-pack’ dirarompi

III

Sinom


ki supir nu nembe hanjat
manehna ngontakeun konci
mobil maju lalaunan
perseneling gigi hiji
tapi ujug ujug ngagibrig
mobil teh lajeng babaung
pedal gasna ditarikan
supaya mobil teh lincig
sigana teh solarna aya caian

jalan kopo dipayunan
ka kaler mobil teh malik
kalacat nu mawa hitar
tiluan pameget istri
nu hiji bajuna lurik
ngahaleuang lagu dangdut
nu hiji engklak-engklakan
sakapeung jeung kekeprokan
satuntasna mah manehna pepentaan

teu boga receh ratusan
kuring cicing api-api
teu malire kamanehna
hare-hare teu ngalirik
sababna lagu teu ari
mun lagu sunda mah tangtu
pesak teh rek dikorehan
moal ieuh dek ijiran
bongan bae lagu nu kitu ayana


IV

Asmarandana


naek Damri mah estuning
janten resep saterasna
seueur nu diasor-asor
teu weleh anu nawisan
nu dagang darehdeh pisan
teu benten ti naek sepur
cicalengka padalarang

ngawitan anu kahiji
aya jalmi nu icalan
buku obat anu jentre
tutuwuhan piubaran
kanggo sagala panyawat
pangaosna lima rebu
bukuna teh laris pisan

kaduana budak leutik
nu ngengelek bubungkusan
sihoreng teh dodol jahe
di sukabumi pabrikna
pangaos sarebu rupia
eusina teh aya tujuh
nu dagang budak someah

teu lami bet aya deui
nu icalan katuangan
eta mah mani rarebo
da nyandakna seueur pisan
dina plastik tengen kiwa
sihoreng teh kacang atum
sabanga sukro di urang

aya deui kacang gurih
sigana siki samangka
bungkusna teh rada hepe
nu diseumat ku ‘jeklekan’
beusi setepler namina
pangosna teh sarebu
nya kaetang sebat mirah

V.
Mijil


parapatan ayeuna tos dugi
laswi sareng kopo
kantorpos mah ka aosna eces
dipayuna aya rumahsakit
gedong anu 'antik'
walanda ngawangun

imanuel eta rumahsakit
tos lami kajojo
diwewengkon namina karees
jalmi dongkap bari sedih kingkin
hoyong damang deui
tiasa mamayu

dirawat mah leres kuring kungsi
da sok jiga poho
pami neda rada kirang beres
patuangan sok rajeun murilit
tambih darah tinggi
opname saminggu

VI.
Maskumambang


saterasna urang teh lajengkeun deui
ningal sisi jalan
paciweuh nu balawiri
nu leumpang sareng wahana

aya oge nu tumpak motor suzuki
bari nyandak beas
genep karung pengker gigir
gogodeg kuring harita

tukang beca nu kerek ngantos rejeki
mani tibra pisan
jadina kuring teh mikir
hirup kedah saayana

di pasirkoja beus dipiwarang minggir
aya nu mariksa
sihoreng tah supervisi
ningali jumlah muatan

salajengna beus teh di gas ampir-ampir
nabrak tukang runtah
nu ngalalar bari ngincig
teu nolih rame di jalan

parapatan ijan tos kalangkung tadi
di kebon kalapa
tukang cendol heunteu cicing
tariwengan nagaladangan

..hanca..
READMORE - LALAMPAHAN SAPOPOE (I)

HAREWOS MANG JOJO

mang jojo
Bismillahirrahmanirrahim,,,
Dina salah sahiji media jejaring sosial simkuring ningali sababaraha seratan baraya dina eta media, salah sawiosna nyatana seratan Mang Jojo (http://www.facebook.com/mangjojo?v=info), saparantos kuring nelekan tur ngemutan timbul hiji pamaksadan nyatana hoyong ngempelkeun seratan anjeuna anu aya patula-patali sareng kasundaan, alhamdulillah anjeuna parantos ngawidian. atuh pamaksadan simkuring nu ieu taya sanes nyatana pikeun bahan elmu tur lenyepaneun khususna kanggo diri pribadi, atuh mudah-mudahan aya mangfaatna kanggo balarea nu nelekan ieu media. numana eta seratan baris dijudulan(label) ku label "HAREWOS MANG JOJO"
sateuacana simkuring ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti kabingahan ka anjeuna nu parantos ngawidian. diwuwuh ku du'a Jazakalloh khoiron katsiron.
cag.
READMORE - HAREWOS MANG JOJO

Rabu, 10 November 2010

Kunjungan Obama Ka Indonesia

SBY-OBAMA
Ceuk beja cenah wanci kamari nyatana poe salasa ping 09 nopember 2010, Presiden Amerika nganjang ka nagara urang, malahan cenah balikna ge poe tadi. ngan aya nu rada aheng khususna keur diri pribadi ceuk beja mah make ngucapkeun "Assalamu'alaikum jeung InsyaAlloh" sagala, teuing naon maksudna, ngan apal meureun urang ge saha jeung naon agamana?
bisa jadi ucapan nu samodel kitu teh hayang meunang simpati ti urang islam khususna nu aya di nagara urang.
ngan ieu mah ceuk diri pribadi, kade ah urang khususna salaku urang Islam "ulah kabobodo tenjo kasamaran tingal" pedah manehna ngucapkeun hal nu samodel kitu.
cag. !

*Gambar : http://www.rnw.nl/bahasa-indonesia/bulletin/obama-disambut-bak-super-star
READMORE - Kunjungan Obama Ka Indonesia

Selasa, 09 November 2010

PESAN OTO ISKANDAR DI NATA KEPADA ORANG SUNDA

OTO ISKANDAR DI NATA
" Pemuda sunda, kalau kalian tidak sungguh-sungguh mengasah diri, bukan mustahil kalian di tempat sendiri tidak akan mendapat bagian, terpaksa harus berkosong tangan, sebab kalah oleh golongan lain, oleh sebab itu para Pemuda Sunda cepat buka mata, cepat kumpulkan tenaga dan senjata, yang dibangun dengan pengetahuan adat tabi'at yang kokoh, yaitu : kesungguhan, kemauan, ketekunan, niat yang kuat dan keberanian. kalau tidak demikian sia-sialah, pasti Pemuda sunda terdesak di medan perang dalam mencari penghidupan. Coba bayangkan bagaimana prihatinnya kalau Pemuda Sunda hanya mendapat harkat kuli dan jongos, paling tinggi jadi juru tulis, ringkasnya hanya menjadi pelayan, dan itu di tanah air sendiri. Aduh tobat kalau harus sampai demikian, tidak, jangan sampai begitu, jauhkan yang seperti itu dari tanah sunda ! "
"OTO ISKANDAR DI NATA"
(Panglajang JOP 1938)

Sumber : OTO ISKANDAR DI NATA The untold Stories - IIP D Yahya

READMORE - PESAN OTO ISKANDAR DI NATA KEPADA ORANG SUNDA

Senin, 08 November 2010

Tapak tilas ti Gunung Buleud & Batu Nini (Foto-foto)

Tapak tilas ti Gunung Buleud & Batu Nini, poe saptu, ping 06 nopember 2010
Profil :
Mountain : Gunung Buleud
State : Propinsi Jawa Barat
Latitude : -6.9777778
Longitude : 107.4975
Elevation (meters) : 1151
Elevation (feet) : 3776
( http://www.indexmundi.com/zm/id/1260.htm)

Djoerig DalapanLima
mang hendra
mang deden
mang ropi
kalih ceu silmi





























READMORE - Tapak tilas ti Gunung Buleud & Batu Nini (Foto-foto)

Hakekatna Mah Ngurangan

merenung-Hakekatna Mah Ngurangan


Detik nu kiwari

Lain detik nu bieu

Menit nu ayeuna

Lain menit nu tadi

Poe nu ayeuna

Lain poe nu kamari

Umur nu ayeuna

Lain umur nu baheula.

Genep puluh detik nu bieu

Nyatana samenit tea

Genep puluh menit nu tadi

Nyatana sajam tea

Dua puluh opat jam nu kamari

Nyatana sapoe tea

Tilu puluh poe nu kalewat

Nyatana sabulan tea

Dua belas bulan nu katukang

Nyatana sataun tea.

Sadetik + 59 detik = ngurangan samenit

Samenit + 59 menit = ngurangan sajam

Sajam + 23 jam = ngurangan sapoe

Sapoe + 29 poe = ngurangan sabulan

Sabulan + 11 bulan = ngurangan sataun

Ditambah ditambah

Hakekatna mah ngurangan.

Ti detik ka menit

Ti menit ka jam

Ti jam ka poe

Ti poe ka minggu

Tuluy gunta ganti

Tambah umur tambah kolot

Nu antukna ngadeukeutan kana maot.

Nu kaalaman taya nu angger

Kamari bisa seuri

Kiwari mah ceurik

Susah bungah gunta ganti

Kiwari masih aya tur bisa nyarita

Boa-boa…

Sababaraha detik kahareup

Sababaraha menit kahareup

Sababaraha jam kahareup

Sababaraha poe kahareup

Sababaraha minggu kahareup

Sababaraha bulan kahareup

Sababaraha taun kahareup

Kuring tinggal carita.

Gunta ganti nu tadi

Estu lain pangersa manusa

Gunta ganti nu tadi

Estu pangersa nu Maha kawasa.

Nun Gusti

Mugi Gusti netepkeun diri abdi

Nalika dituntung hirup abdi

Aya dina kaayaan

Husnul-Khotimah.

Tjoeroeg rahajoe 08112010

READMORE - Hakekatna Mah Ngurangan

Minggu, 07 November 2010

GUNUNG BULEUD & BATU NINI (Antara Kabungah Jeung Kahariwang)

GUNUNG BULEUD & BATU NINI
GUNUNG BULEUD & BATU NINIGUNUNG BULEUD & BATU NINI
Profil :
Mountain : Gunung Buleud
State : Propinsi Jawa Barat
Latitude : -6.9777778
Longitude : 107.4975
Elevation (meters) : 1151
Elevation (feet) : 3776

( http://www.indexmundi.com/zm/id/1260.htm)

Harita poe saptu, ping 06 nopember 2010, wanci isuk-isuk kuring (http://www.facebook.com/profile.php?id=1544260895) sareng mang hendra (http://www.facebook.com/profile.php?id=1006231736), mang deden (http://www.facebook.com/profile.php?id=100000267498543) mang ropi (http://www.facebook.com/profile.php?id=1725224221) kalih ceu silmi (http://www.facebook.com/profile.php?id=1827586157) arulin ka hiji gunung, nyatana Gunung Buleud & Batu Nini, nu aya di wewengkon kidangpananjung, (antara soreng-cililin, Bandung) dina mangsa harita pacampur antara kabungah jeung kahariwang.
Jarak antara rorompok simkuring ka gunung buleud / batu nini lamun seug dicandak garis lurusna mah 3.34 km. (http://maps.google.com/)
kirang langkung tabuh sapuluhan kuring saparakanca ngawitan mios kalayan nganggo kandaraan sewang-sewangan ti rorompok, (nyatana di wewengkon curug rahayu ) ka wewengkon bunijaya ( kutawaringin, soreng ) tapi da ceuk urang lemur mah ngarana teh jereged, saparantos dugi ka eta wewengkon tuluy kuring saparakanca nuluykeun perjalanan kalawan nikreuh, kirang langkung tabuh satengah sabelasan ( 10.30 WIB ) mapay-mapay kampung, kebon sawah jeung bukit (nanjak-mudun(ceuk urang curug mah mudun teh nyorolok), kirang langkung tabuh dua belasan ( 12.00 ) nepi ka hiji kampung nu katelah kampung ??? duka kampung naon tah ??? poho deui ngarana ( mun teu salah mah Bahubang ). didinya kuring reureuh heula, saparantosna reureuh eta perjalanan diteruskeun deui, tidinya mah nanjak terus,,, kirang langkung tabuh duaan ( 14.00 ) alhamdulillah kalayan ripuh nukacida nepi oge ka eta puncak, tapi teu ka puncakpuncak teuing. Subhanalloh, ku endahna pamandangan, ngeplakna daerah bandung, hejo nemplokna tatangkalan, bodas nyacas jeung biruna awan tur suburna taneuh, bisa nebus kana eta karipuh sahingga timbul rasa bingah amarwatasuta nu antukna timbul rasa syukur, mung hanjakal tatangkalan nu galede geus teu pati loba di eta gunung lantaran kiwari geus dijarieun kebon, malihanan dipuncakna ge mang rupa kebon.
saparantos dugi ka eta puncak, didinya nyampak hiji saung, tuluy kuring saparakanca muka pincuk sewang sewangan kengeng ngagaleuh ti warung sangu, nalika masih diperjalanan keneh. dituluykeun ku popotoan jeung ngarujak, (rujak buah).
kirang langkung tabuh satengah opatan ( 15.30 ) kuring saparakanca nuluykeun deui perjalanan, lantaran aya hiji deui irongkeuneun nu can kacumponan dina wanci harita, nyatana hiji batu nu kacida gedena nu katelah BATU NINI. teu jauh ti puncak mah, turun sakedik ka handap kira-kira sapuluh menitan.
Tabuh opatan ( 16.00 ) kuring saparakanca baralik, dikersakeun karek sababaraha ratus meter turun, kapegat ku hujan nu antukna nyimpang heula ka hiji saung, didinya kuring saparakanca nohonan salah sawios kawajiban nyatana sholat, ( kaleresan mangsa harita sholatna dijama ta'khir & Qoshor ). lantaran geus burit sedengkeun masih jauh keneh ka kampung nuantukna diteruskeun deui turun bari huhujanan, wanci maghrib dugi ka hiji kampung, tidinya arah jalur dirobah nutadina ngalewatan bukit, lantaran ngarasa hariwang ku kaayaan pisik lantaran geus ripuh tambah kapeutingan, harita kami mutuskeun jalanna mapay-mapay kampung arah nu dituju nyatana kampung pasirkalapa (ceuk beja mah, mang deden geus apal jalanna), tidinya diteruskeun ka jereged (tempat nitip kandaraan nu tadi) nuantukna kapaksa ngurilingan bukit (jarakna dua kali lipat lewih, mun dibandingkeun jeung nalika indit) malihanan nalika dugi ka pasirkalapa kersaning Gusti kami kengeng mushibah (hampura moal dicaritakeun mushibahna mah). tabuh dalapan peuting kakara epi ka jereged. didinya reureuh heula. saparantos reureuh diteraskeun deui kalawan nganggo kandaraan. Alhamdulillah kersaning Gusti tiasa wangsul deui ka rorompok nyatana tabuh satengah sapuluhan ( 21.30 ).
cag sakitu...!

Tjoeroeg Rahajoe 07112010
READMORE - GUNUNG BULEUD & BATU NINI (Antara Kabungah Jeung Kahariwang)

Jumat, 05 November 2010

NGARAN-NGARAN USUM {MUSIM} DINA SATAUN

http://www.facebook.com/photo.php?fbid=1195993430362&set=a.1195991390311.2025812.1544260895


Baheula mah usum halodo jeung usum ngijih teh angger waktuna. Jadi usum teh beunang diandelkeun, bisa dipake tetengger pikeun tatanen. Tapi ayeuna geus robah, usum halodo jeung usum ngijih teu bisa di tangtukeun. Urang ngabagi usum (musim) anu dina sataun aya 12 mangsa, tapi anu bade dipedar usum dina alam ka tukang

1. MANGSA KASA : Umurna 41 poe,mimitina tanggal 22/23 Juni. Ciri-cirina : dangdaunan marurag, meujeuhna malawija. Bangsa walang (simeut,jangkrik jst) mimiti ngarendog.

2. MANGSA KARO : Umumrna 23 poe, mimitina tangal 2/3 Agustus.Ciri2-na : jujukutan parerang, tangkal randu mimiti pucukan.

3. MANGSA KATIGA : umurna 24 poe,mimitina tgl. 25/26 Agustus. Ciri2-na: halodo bari anginna tiis. Areuy areuy mimiti meulit kala lanjaranana. Awi iwungan,beubeutian cenggehan,palawija panen.

4. MANGSA KAPAT : umurna 25 poe. Mimiti tanggal 18/19 September. Ciri2-na : panas moreret, tapi peuting nyecep tiis. Cinyusu rea anu mengpet, sumur rea anu saat.Biasana sok dipake nyieun atawa ngajeroan sumur. Tangkal randu mimiti pentilan. Manuk manyar nyarieun saying.

5. MAGSA KA LIMA : Umurna 27 poe, mimitina ti tgl.13/14 Oktober. Ciri2-na; rea mendung jeung poe haleungheum. Mimiti hujan turun. Tangkal asem kaluar pucuk. Gadung jeung koneng daunna ngemploh. Oray mimiti laliar.

6. MANGSA KANEM : Umurna 43 poe, mimitina tgl. 9/10 Nopember . Ciri2-na ; bubuahan karolot,. Usum ngagaru sawah. Sabangsaning bangnung mimiti jangjangan.

7. MANGSA KAPITU : Umurna 43 poe,mimitina tgl.22/23 Desember. Ciri2-na ; rea nu katerap panyakit panas jeung nyeri beuteung. Rea walungan banjir jeung hujan angin, Bapa tani mimiti tandur.

8. MANGSA KAWOLU : Umurna 27 poe,mimitina tgl. 3/4 Pebruari. Ciri2-na; Rea ucing kawin. Pare mimiti eusian, rea hileud jeung ulam

9. MANGSA KASANGA : Umurna 25 poe, mimitina tanggal 1/2 Maret. Ciri2-na ; Pare beuneur hejo. Tonggeret disada.

10. MANGSA KASADASA : Umurna 24 poe,mimitina tgl. 26/27 Maret. Ciri2-na; pare tungkul atawa koneng tungtung.Manuk nyarieun sayang , ingon-ingon rareuneuh.

11. MANGSA DASTA : Umurna 24 poe,mimitina tgl. 19/20 April. Ciri2-na ; manuk "makanan" anakna.

12. MANGSA SADA : Umurna 41 poe,mimitina tgl. 12/13 Mei. Ciri2-na; carang jalma nu kesangan lantaran tiris. Usum dibuat.

CAG.

http://www.facebook.com/notes.php?id=1544260895&notes_tab=app_2347471856#!/note.php?note_id=322659957605

READMORE - NGARAN-NGARAN USUM {MUSIM} DINA SATAUN

Masalah Blog



Aya masalah nalika rek asup kana blog Rohangan DalapanLima, poe jumaah 05112010 wanci isuk-isuk, saatos ngeusian email jeung pasword, ujug-ujug aya seratan samodel kieu :


Blogger Sign In
We found the following errors:

Your browser's cookie functionality is disabled. Please enable JavaScript and cookies in order to use Blogger.

Blogger Help explains how.

I can't sign in. What should I do?
The first thing you should do is go to http://blogger.com/forgot.g, where you'll find tools that should help you sign in. If you're still unable to sign in after this process, please see the alternate solutions below.

Select your problem from the list below:
* Password recovery email not received
* Forgotten email address
* Continual prompting to sign in, or 'Session Expired' messages
* Last resorts
Password recovery email not received

* Check your Spam/Junk/Bulk Mail folder to see if the message was misrouted.
* Try entering several email addresses in case you didn't use your primary one for Blogger.
* Try recovering your username instead of your password. You may have misremembered your username and could be sending password recovery emails to another user. (We recommend trying this, even if you think you're sure of your username.)

Forgotten email address

If you can't remember which email address you used when you created your account, start by making a list of all your addresses (including old ones that you might have used when you signed up). Then, enter each address, one by one, into the username recovery form. Most will give you an error, until you enter the one that you actually used, in which case you'll see a message indicating that your username has been sent.

Continual prompting to sign in, or 'Session Expired' messages

If you repeatedly get bounced back to the sign-in screen, with no message about an incorrect username or password, this is caused by your browser not retaining your sign-in information correctly. You may also see 'Session Expired' messages in these cases. To fix this you need to troubleshoot your browser, so try the following:

* Clear your cache.
* Delete your Blogger cookie.
* Check your cookie settings.
* Check your JavaScript settings.
* Quit your browser and restart it.
* Use another browser like Chrome or Firefox.

Browse Happy—all the cool kids are doing it.

Note that if you have a firewall, you should check its cookie settings as well and make sure it will allow Blogger's cookies to be set. Check the manual or documentation for the firewall for information on this.

Last resorts

* Restart your computer.
* Try a different computer.
* Try a different Internet connection.
* Take a deep breath -- the world isn't ending -- write us for help. Be sure to give us as much information as you can about your account and the problems you're experiencing.

http://www.google.com/support/blogger/bin/answer.py?hl=en&answer=41971#loginbounce

Rumasa da kuring mah can bisa kana basa deungeun, tuluy kuring muka rohangan Google Terjemahan :

Blogger Masuk
Kami menemukan kesalahan berikut:

fungsi cookie browser Anda dinonaktifkan. Harap aktifkan JavaScript dan cookie untuk menggunakan Blogger.

Bantuan Blogger menjelaskan bagaimana.

Saya tidak dapat sign in Apa yang harus saya lakukan?
Hal pertama yang harus Anda lakukan adalah pergi ke http://blogger.com/forgot.g, di mana Anda akan menemukan alat-alat yang akan membantu Anda sign in Jika Anda masih tidak dapat masuk setelah proses ini, silakan lihat alternatif solusi di bawah ini.

Pilih masalah anda dari daftar di bawah ini:
Email * Password pemulihan tidak diterima
* Lupa alamat email
* Terus menerus mendorong untuk masuk, atau 'Sesi kadaluarsa' pesan
* Terakhir resort
email Password pemulihan tidak diterima

* Periksa Spam / Junk / Bulk folder Mail untuk melihat apakah pesan itu misrouted.
* Coba masukkan beberapa alamat email jika anda tidak menggunakan salah satu utama Anda untuk Blogger.
* Coba memulihkan nama pengguna Anda, bukan password Anda. Anda mungkin telah misremembered username Anda dan bisa mengirim email password pemulihan untuk pengguna lain. (Kami sarankan mencoba ini, bahkan jika Anda berpikir Anda yakin nama pengguna Anda.)

Lupa alamat email

Jika Anda tidak dapat mengingat alamat email yang Anda gunakan ketika Anda menciptakan account Anda, mulailah dengan membuat daftar semua alamat Anda (termasuk yang lama yang mungkin telah digunakan saat Anda mendaftar). Kemudian, masukkan alamat masing-masing, satu per satu, menjadi bentuk pemulihan nama pengguna. Kebanyakan akan memberikan kesalahan, sampai Anda masukkan salah satu yang Anda benar-benar digunakan, dalam hal ini Anda akan melihat pesan yang menunjukkan bahwa nama pengguna Anda telah dikirim.

Terus menerus mendorong untuk masuk, atau 'Sesi kadaluarsa' pesan

Jika Anda berulang kali mendapatkan memantul kembali ke sign-in layar, dengan tidak ada pesan tentang username dan password yang salah, hal ini disebabkan oleh browser Anda tidak mempertahankan sign-in informasi dengan benar. Anda juga dapat melihat 'Sesi kadaluarsa' pesan dalam kasus ini. Untuk memperbaiki ini, Anda perlu untuk memecahkan masalah browser Anda, jadi cobalah hal berikut:

* Kosongkan cache.
* Hapus cookie Blogger Anda.
* Periksa pengaturan cookie Anda.
* Periksa pengaturan JavaScript.
* Keluar browser Anda dan restart.
* Gunakan browser lain seperti Chrome atau Firefox.

Browse Happy-semua anak melakukannya.

Catatan bahwa jika Anda memiliki firewall, anda harus memeriksa pengaturan cookie-nya juga dan pastikan akan mengizinkan cookie Blogger harus ditetapkan. Periksa manual atau dokumentasi untuk firewall untuk informasi mengenai ini.

Terakhir resort

* Restart komputer Anda.
* Coba komputer yang berbeda.
* Coba koneksi internet yang berbeda.
* Ambil napas dalam-dalam - dunia tidak berakhir - menulis kami untuk bantuan. Pastikan untuk memberi kita informasi sebanyak mungkin mengenai account Anda dan masalah yang Anda alami.
Simak
Baca secara fonetik

http://www.google.com/support/blogger/bin/answer.py?hl=en&answer=41971#loginbounce

kitu geningan masalahna teh...!
saba'da kuring maca eta seratan, rumasa masih can ngarti, nuantukna ku kuring dipareuman/kaluar deui tina ieu rohangan (sign out). aeh geningan cikkeneh kuring nyobaan deui sihoreng geus cageur deui tanpa dikukumaha...
Alhamdulillah...
READMORE - Masalah Blog

Rabu, 03 November 2010

Cara Mengirim Foto Dari Email Ke Nomor HP ( Handphone )

Klik jawabannya DISINI
Aslina kuring butuh elmu nu ieu, kumaha carana ngirim foto tina email kana nomer HP?
aya gening nu lian oge tumanya samodel kieu dina salasahiji rohangan http://id.answers.yahoo.com/question/index?qid=20091019212145AAiMpFB
Ceuk nu nanya : " Bagai mana cara mengirim fhoto lewat email ke nomor handphon? "

Ngan jawabanana samodel kieu :

- Buka email Yahoo! Anda di komputer
- Pilih Tulis/Compose
- Klik Lampiran/Attachment
- Cari dan pilih file foto yang hendak dikirim
- Kirim email tersebut ke alamat email lain. Kalau hanya untuk memindah foto ke hp, maka kirimlah ke alamat email sendiri.
- Buka email yahoo di ponsel
- inbox, buka email yang baru dikirim tadi. Buka lampiran, nanti akan ada link download foto. Klik Download -> save di memory hp.

kitu cenah nu dihabarkeun dina eta rohangan.

har naha gening eta mah kana email deui (jawabanana) ? da kuring mah butuh elmuna kumaha cara ngirimkeun foto tina email kana nomer hp ( nu teu bogaeun email ). tapi lumayanlah nambah elmu eta oge. Alhamdulillah...
Manawi palawargi aya anu kagungan elmuna,,,???
READMORE - Cara Mengirim Foto Dari Email Ke Nomor HP ( Handphone )

Senin, 01 November 2010

coba2

can aya eusian, karek seratan nu ieu wungkul...
READMORE - coba2