Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Minggu, 14 November 2010

MUSRENBANG JABAR 2010

Ku Mang Jojo ,ping 15 April 2010, tabuh 8:22

MUSRENBANG JABAR 2010

Kinanti

nampi uleman gupernur
supados sim kuring ngiring
wawakil pausahaan
dina sawala ti enjing
tug dugi ka wengi malah
sim kuring mung bandung kuping

ruang hotel nu dijugjug
bol rum horizon caralik
bappeda nu ngaduh hadas
acara atos diwincik
musyawarah ngararancang
pangwangunan taun enjing

ngawitan bubuka lagu
‘mojang priangan’ kakuping
‘peuyeum bandung’ kaduana
gegeden anu sarumping
kataji angklung nu rampak
kuring ngiring ngahariring

gupernur lajeng sasaur
perkawisna visi misi
dua rebu tilu welas
tiluwelas indikasi
eta teh janten udagan
hanca nu bade diwincik

minimal salapan taun
barudak kedah diatik
di sakola anu pormal
tingkatkeun partisipasi
murangkalih sarakola
ninggang umur anu pasti

angka lima puluh tilu
persen na partisipasi
hartina budak diurang
can asup sakola misti
es em u tingkatanana
tinggaleun urang teh pasti

ku kituna rek diwangun
kelas es em pe di cicil
nu tilu rebu jumlahna
dua ratus tambih deui
supaya budak sakola
otakna beuki areusi

kelas nu kanggo es em u
diwanguna seueur geuning
sarebu dikali lima
lima ratus tambih deui
diemboh genepuluhan
mugi bae leres jadi

listrik desa atos hurung
tapina di rumah tanggi
nembe ge genepuluhan
satiap saratus umpi
tujuh puluh rek diudag
insya Allah cenah dugi

cai bersih teh lulugu
nu dikota kanggo mandi
kacumponan satengahna
sakapeung sok maur seuri
caah maceuh kamarina
tapi jalma hese mandi

dupi nambihan penduduk
sapersen koma ditambih
dalapan angka desimal
kaetangna ngadirihdil
nambihan kabina bina
pantesan jalan pabeulit

langkung opat puluh tilu
juta jalmi anu cicing
di pasundan mun ayeuna
patlima mah taun enjing
tapi taun dua lima
lima dua mah kaijir

Asmarandana

taun payun kertajati
bandara di majalengka
dirojong rengse jalan tol
cisumdawu anu panjang
ti cileunyi ka dawuan
mobil teh engke mah mangprung
teu macet siga ayeuna

soroja tol nu dianti
jalan anu ka soreang
sajajar jeung jalan kopo
nuju dibebaskeun lahan
muga-muga kalaksana
kitu saur pa gupernur
anjeuna teh biantara

Sinom

bandung lembang bakal gampang
jalan layang rek dipilih
henteu jiga nu ayeuna
setia budi hareurin
jero kota kitu deui
jalan tol arek diwangun
intra urban namina
sugan wae dek ngajirim
nyugemakeun jalmi nu naek wahana

tah sakitu wawar rapat
wayahna ukur sakedik
pami bade ditataan
tujuh dinten tujuh wengi
moal cacap mun ditilik
sigana kudu ngalembur
ah moal sigana
margi abdi tunduh teuing
da kuring teh gaduh hanca pacabakan.
.-
Hotelhorison14042010

0 komentar:

Posting Komentar