Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Rabu, 22 Desember 2010

INDUNG | IBU


ku Mang Jojo ping 22 Desember 2010 tabuh 9:34

GALINDENG HATE KEUR INDUNG
[sinom]
indung dipicinta bapa
urang anu jadi bati
disokoan ku kaheman
diwengku ku wening asih
ti sadek urang leutik
dugi ka anjeuna pupus
kumaha mulangkeunana
marantena tos marulih
ka pangeran gusti nu maha ngayuga

cipanon teh carindakdak
emut ka pun biang deui
anu sakitu sabarna
ngurus urang sarta ngatik
clak herang tur clik putih
teu ngarasula bangbaluh
komo jeung menta walesan
ladang gawe bati kawin
manah jembar heunteu boseneun ngadunga

sakapeung kadang nalangsa
keur jumeneng kuring lali
kurang pisan tumarima
sahanteuna amis budi
teu bisa mikaasih
joledar kuring kasepuh
tapi da lain kahayang
hate mah da tetep ngait
da kumaha geuningan kitu ayana

neneda mah ka pangeran
henteu petot unggal wengi
utamana tuntas sholat
husu lamun keur janari
du'a tahajud witir
sapertos ibu kapungkur
nyontokeun ngawawadian
nyaketan robbul ijjati
mugi mugi pangeran rido ka urang
-----
skmi 22122010

0 komentar:

Posting Komentar