Kecap pangbagéa atawa salam dina budaya urang Sunda nyaéta: SAMPURASUN.
Asalna tina tilu kecap nyaéta : SAlaM, hamPURA, jeung iSUN, Salam: nyaéta singgetan tina assalamu’alaikum (salamet keur andika), hampura nyaéta ménta di hampura (ma’ap), isun (KULA, ABDI, KURING, basa buhun urang Sunda). Jadi sampurasun téh, Salam, Assalamu’alaikum kula ménta dihampura.
Kusabab lamun ngucapkeun ASSALAMU’ALAIKUM KAULA MÉNTA DIHAMPURA mah panjang teuing, nya disingget samodel dina budaya basa kamiliteran jadi SAMPURASUN. Nengetan tina maksud ieu “salam sunda” kacida alusna, sabab nalika urang panggih jeung baraya langsung ngucapkeun salam (singgetan tina assalamu’laikum) bari terus ménta dihampura, hiji tanda yén urang Sunda mah salian ti ngucapkeun doa kasalametan keur baraya nu panggih téh terus ménta dihampura sok bisi aya kasalahan dina mangsa anu katukang-tukang, sanajan can tangtu urang téh boga kasalahan ka éta baraya nu kakara panggih téa, tuh pan kacida alusna!
Iraha ngawitan disingketna teu aya nu terang sacara persis. Mung rupina aya patula-patalina sareng kaayaan walurat jaman bajuang ngarebut kamardikaan nu upami ngirim serat sering disingket-singket. Saperti ayeuna Assalamu’alaikum warrahmatullahi wabbarakatuh sok loba nu nyingget jadi Ass. Wr. Wb!
Ari jaman Pajajaran atawa kabaheulaan, SAMPURASUN téh singgetan tina SAMPÉAN KUDU NGAHAMPURA ISUN, saprak Islam asup ka Tatar Sunda kecap sampéan diganti ku SALAM, ngarah kaislamanana kabawa, tah kitu pinterna bujangga Sunda téh!
Sakitu ngeunaan SAMPURASUN, pedah aya patarosan ti salah saurang baraya Aki.
Ngeunaan kecap RAMPES, eta teh tina kecap RAMPAS, hartina “hayu urang rampas Kamerdekaan urang ti panjajah!”, kecap RAMPAS, robah kadieunakeun jadi RAMPES!
"Kapungkur abdi kantos nguping sandiwara radio nu latarna sajarah Pajajaran. Didinya digambarkeun parantos aya kecap sampurasun - rampes minangka salam sadidinten di antawis masarakatna. Rupina bakal langkung kiat upami engke para arkeolog mendakan artifak-artifak Pajajaran nu nganggo pangbagea sampurasun - rampes.
Aya conto serat jaman pajuangan rupi kieu :
Sampurasun, ki sanak ! Dalapan likur goreng boled lima likur kupat lebaran di simpen maranti. Kacang panjang mah ngala wae di jalan. Parabkeun ka kebo di gigir kota beh Wetan. Kumpul sabada turaes disada. Rampes !
Upami dibejer beas mah janten kieu :
Salam hampura ingsun, ki sanak ! Kuring ngirim dalapan likur bedog jeung lima likur granat. Mun butuh awi seukeut ( bambu runcing ) mah ngala wae awina di jalan. Jieun ku sorangan. Eta urang gunakeun keur ngabarantas kumpeni nu karumpul gigireun kota beh Wetan. Urang kumpul sabada tanggara mangrupa sora turaes. Rampas kamardikaan !
Dina surat-surat jaman pajuangan mah saurna jarang pisan nyantumkeun nami jalmi. Gegentosna nyaeta ki sanak, ki silah, sareng sajabina.
Pamendak ieu ge ngalangkungan lisan nanging ku kapatutan etimologi langkung tiasa ditampi tibatan pamendak nu nyebatkeun yen ti jaman Pajajaran sampurasun - rampes parantos aya. Tiasa gugur ieu pamendak saupami artifak-artifak jaman Pajajaran nu nganggo salam eta kapendak.
Wallahu 'alam bishawab." |
-- |
Alhamdulillah ngalangkungan eta seratan kiwari sim kuring nambih elmu perkawis naon nu dipimaksud ku kecap Sampurasun jeng Rampes. cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar