Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Selasa, 26 Oktober 2010

Font Aksara Sunda (konversi huruf latin kana aksara sunda)

Download Font Aksara Sunda

Bismillaah,,,
Alhamdulillah, aslina simkuring ngaraos bingah amarwata suta, sabab urang sadaya ayeuna tiasa nyerat aksara sunda dina komputer.
bilih aya nu peryogi font aksara sunda, supaya bisa maca aksara sunda, tiasa didownload,
saparantos didownload sareng diinstalkeun fontna, nmbe urang tiasa nyerat ngangge aksara sunda. supados gampil carana klik : http://rohangan85.blogspot.com/2010/10/konversi-aksara-latin-aksara-sunda.html , didinya aya kantun ngadownload font-na ( Klik seratan : " Perhatosan: INSTALL fontna Sundanese Unicode ), saatos di download font-na, kantun di simpen kana file Font nu aya dina PC. Lajeng kanggo ngamaenkeunana didinya oge aya kolom kanggo nyerat naon bae anu baris ditranslate kana aksara sunda.
cag sakitu, wilujeng nyobian, Hatur nuhun.

*Simkuring kengeng ieu aplikasi nyatana tina rohangan http://sabilulungan.org/aksara/
READMORE - Font Aksara Sunda (konversi huruf latin kana aksara sunda)

Selasa, 19 Oktober 2010

EXPEDISI GUNUNG MANGLAYANG



Expedisi Gunung Manglayang (±1818 mdpl), mangsa harita malam minggu 17 April, nepikeun ka poe minggu 18 April 2010.
Momay Opay (Abdurrofi Kahfi)
Hendra Aryadi
Djoerig DalapanLima (Manoesa DalapanLima)
Qbow Djester Weeh (Mochamad Ramdan Abdul Jabbar)
Dedi Koswara
Iduy Anggeur Jabrigh Doank
Awal Maulana Wildblood
Deden Ibra Hamdanie
Ijal Banget (Fachrizal Dwi Sudirman)
Aris Hermawan

hese nyaritakeunana, pokona mah huh,,, mantaaaapppp....
ceuk mang hendra tea mah : "Contoh naek gunung yang tidak baik dan benar, dari Batu Kuda Ba'da Isya nyampe puncak pas adzan Subuh lewat dikit.... loba hereuy !!! loba seuri !!! Loba kisah :

kata kuncinya : Satpol PP & Sebotol Minuman..."

cameraman : Hendra, Qbow, Djoerig
editing (video) : Hendra

READMORE - EXPEDISI GUNUNG MANGLAYANG

Jumat, 15 Oktober 2010

KAULINAN BUDAK BAHEULA ( SUNDA )



Mangrupa-rupa kaulinan barudak baheula hususna di wewengkon sunda, nu kungsi karandapan jeung katungkulan ku diri pribade baheula keur leutik keneh numana kaulinan nu ieu hususna di lembur pribadi kalolobaanana geus teu kaciri deui dilakonan ku barudak ayeuna, diantarana :

  1. 1. Rerebonan
  2. 2. Soldah
  3. 3. Keser
  4. 4. Gatrik
  5. 5. Gaplok
  6. 6. Kastik / gastik
  7. 7. Ucing beling
  8. 8. Ucing Jidar
  9. 9. Ucing Juru
  10. 10. Ucing Sumput
  11. 11. Ucing Boy / Boy-boyan
  12. 12. Ucing Dua Lima ( 25 )
  13. 13. Ucing Toktar
  14. 14. Ucing Juru
  15. 15. Oray-orayan
  16. 16. Dam-daman
  17. 17. Dodombaan
  18. 18. Beberesan
  19. 19. Nininjaan (make sarung)
  20. 20. Endog-endogan
  21. 21. Galah
  22. 22. Gatrik
  23. 23. Maen langlayangan
  24. 24. Ngarucu Langlayangan
  25. 25. Ngadu Bandring
  26. 26. Ngadu Kenteng
  27. 27. Ngadu Jangkrik
  28. 28. Ngadu Kaleci
  29. 29. Ngadu Hayam / Hahayaman (Hahayamanna make jempol)
  30. 30. Ngadu Karet
  31. 31. Ngadu gambar
  32. 32. Ngala Simeut ( Biasana keur usum pare geus dibuat)
  33. 33. Ngurek (biasana keur usum pare karek tandur)
  34. 34. Ngadamar
  35. 35. Encrak (biasa dilakonan ku barudak awewe)
  36. 36. Sapintrong (biasa dilakonan ku barudak awewe)
  37. 37. Anyang-anyangan (biasa dilakonan ku barudak awewe)
  38. 38. Congkak
  39. 39. Pacici-cici putri … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)
  40. 40. Hansip-Hansip Penjaga … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)
  41. 41. Perepet jengkol (aya tuluyanana, bari dilagukeun)
  42. 42. Punten, mangga … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)
  43. 43. Bang-bang kalima-lima gobang … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)
  44. 44. Tong mali-liyatong … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)
  45. 45. Nyieun Momobilan ( tina awi / cangkang jeruk bali )
  46. 46. Nyieun Momotoran ( tina awi )
  47. 47. Nyieun Bebedilan (tina awi / taneuh lio ) biasa osok dipake peperangan
  48. 48. Nyieun Kakapalan, jejelemaan, babangkongan, kopeah jeung nu liana deui. ( tina keretas )
  49. 49. Nyieun Paparahuan (tina keretas / cangkang jeruk bali)
  50. 50. Nyieun Rupa-rupa bentuk tina karet nu di teundeun dina ramo
  51. 51. Ngalelewehan ( biasa osok bari dilagukeu “ Cok leweh …… “ )
  52. 52. Ngocok anu ngalelewehan / Ngupahan anu dilelewehan mun keur leweh ( ceurik ) ( biasana bari dilagukeun “ Hag siah … “ )
- Jeung rea-rea deui …
duh,,, nineung aslina kuring nineung...

*gambar mah kengeng ngopy ti : http://majalah-balebat.blogspot.com/
READMORE - KAULINAN BUDAK BAHEULA ( SUNDA )

Rabu, 13 Oktober 2010

Gunung Bromo (Mount Bromo)

Gunung Bromo (2.329 m dpl), adalah salah satu gunung dari beberapa gunung lainnya yang terhampar di kawasan Komplek Pegunungan Tengger, berdiri diareal Kaldera berdiameter 8-10 km yang dinding kalderanya mengelilingi laut pasir sangat terjal dengan kemiringan ± 60-80 derajat dan tinggi berkisar antara 200-600 meter. Daya tarik Gunung Bromo yang istimewa adalah kawah di tengah kawah dengan lautan pasirnya yang membentang luas di sekeliling kawah Bromo yang sampai saat ini masih terlihat mengepulkan asap putih setiap saat, manandakan Gunung ini masih aktif. ( http://khatulistiwa.info/gunung/5-gunung-bromo.html )


Tapak tilas mangsa harita keur ngukur jalan antar Propinsi lintas Madura jeung Bali,
- minggu 12092010/03101431 - saptu 18092010/09101431
- transportasi : motor mang hendra (honda win 96).
nyimpang heula ka Gunung Bromo.

READMORE - Gunung Bromo (Mount Bromo)

Selasa, 12 Oktober 2010

" HALO " cenah mah istilahna teh.



Wanci tadi jam 11:15:57 wib. poe ayeuna ( salasa 12 - 10 - 2010 ) kuring narima sms ti saderek mang somad ( http://www.facebook.com/Ahmad.Hidayatulloh ) : " Tingali Matahari ena, ada eank aneh,! ". kitu tah eusi sms teh. kabeneran harita kuring keur aya di rorompok, atuh panasaran tuluy kuring ka luar, aeh geningan heueuh eta matahari teh aya nu buleudan di gigirna (sabudeureunana). pas kabeneran kuring inget kana pangajaran mangsa baheula keur usu nyakola keneh, mun teu salah mah sacara istilah ngarana teh " Halo " teuing naon tah bet disebut Halo sagala (rumasa poho deui).??? *menghuleng*
nalika kuring muka fb, kabeneran maca update status mang Nurdin (http://www.facebook.com/Asjach ) numana eusina teh :
" wah euy jarang2 ningali Efek Halo....
kunaon matak kitu ...
cenah kieu :
"Fenomena ini terjadi kalau di awan cirrus ada kristal es. Jadi Bulan
atau Matahari akan dikelilingi lingkaran karena ada pembiasan cahaya"
atawa mun dina sunda mah efek halodo eta teh ... "
oh kitu geningan maksud Halo teh.
Subhanalloh...
"Wa Maa Nursilu bil Aayaati illa Takhwiifaa...."
"Dan tidaklah kami (Allah Swt.) mengutus (menunjukan) tanda-tanda kekuasaan, kecuali supaya manusia merasa takut (akan adzab-Nya).
_Al-Isro: 59_
READMORE - " HALO " cenah mah istilahna teh.

Diary Motorcyle Bandung-Bali ( Part II habis )


Diary Motorcyle Bandung-Bali ( Part II habis )

7:05
Pegunungan Bromo

Merupakan tempat tinggal para Dewa-Dewi Suku Tengger, Negri di atas awan ini menutup catatan perjalanan Diary Motorclye Bandung-Bali, banyak hal yang telah kita dapatkan.

Di malam hari kita menerobos lautan pasir seperti berjalan di dalam gua panjang dari Ranu Pane ke arah pintu masuk jalur Purbolingo, titik orentasi kami saat itu hanya sebuah titik cahaya yang kecil, kecerobohan kami untungnya tidak berakibat patal, karena ada sekelompok suku Tengger yang mengarahkan kami ke desa terdekat.

eksotik gunung Bromo tak ada duanya, gunung Batok yang masih perawan menambah eloknya bromo, Bromo tak sekedar gunung tapi wujud kecantikan Nusantara ini.

salam kami.


* Hendra Aryadi

--------------------------------

Cameraman : Yasar & Hendra
Editing : Hendra



(C) 2010

READMORE - Diary Motorcyle Bandung-Bali ( Part II habis )

Diary Motorclyle Bandung - Bali ( part I )


Diary Motorclyle Bandung - Bali ( part I )

5:32
Tak sekedar menancap gas lalu rem....
tapi mengenal lebih jauh alam nusantara ini, termasuk kebudayaan itu...

Jawa barat - Jawa tengah - Jawa timur - Bali hanya sejengkal tanah Nusantara.

kami tak sanggup untuk mengenal lebih jauh ibu pertiwi, kami hanya mampu mencintai saja. tapi perjalanan ini bisa mengetahui siapa aku !!


* Hendra Aryadi


-----------------------

Cameraman : Hendra & Yasar
Editing : Hendra
READMORE - Diary Motorclyle Bandung - Bali ( part I )

Senin, 11 Oktober 2010

Oleh-oleh ti Danau Ciharus



-Situ Ciharus-
Lamun seug urang leumpang
antara kamojang-samarang
urang bakal ngaliwatan
leuweung geuleudeugan
didinya nyampak hiji situ
nu katelah situ ciharus
situ ciharus
caina herang ngagenclang
tatangkalana hejo nemplok
ibunna bodas nyacas
situ ciharus
waktu beurang caang ngempray
wanci peuting poek mongkleng
situ ciharus
pamandanganana endah kabina-bina
matak betah anu nganjang
matak sono anu mondok.

danau ciharus,samarang,garut 07012010


http://www.facebook.com/notes.php?id=1544260895&notes_tab=app_2347471856#!/note.php?note_id=247649027605
READMORE - Oleh-oleh ti Danau Ciharus

DANAU CIHARUS


Danau Ciharus

12:57
Tersembunyi di hutan, asal mau masuk ke dalam dengan jarak tempuh satu sampai dua jam dengan jalan kaki dari perkampungan terakhir. kita akan menemukan Danau yang tenang asri dan segar.bisa mengunakan sepeda atau motor trail, bagusnya jalan kaki aja....konon di sekitar sini tempat penyergapan Karto Sowiryo oleh pasukan Siliwangi.

selamat berlibur........

--------------------------------

Cameraman : Yasar & Hendra
Editing : Hendra
Video
(C) Hendra
READMORE - DANAU CIHARUS

Sabtu, 09 Oktober 2010

IMAN KANA QODHO JEUNG QODAR

Rukun iman kagenepna

Iman kana papastenna

Katetepan nu kawasa

Nangtukeun kabeh manusa

Makhluq Gusti sadayana

Geus diatur ku Anjeunna

Boh bagja boh cilakana

Kabeh papasten anjeunna

Masing-masing boga nasib

Ngan bae teu kabeh gaib

Urang wajib narekahan

Sabab qodar tara ngabejaan

Mun jalma pasrah sumerah

Teu daek nyiar tarekah

Anggapan papasten Alloh

Jalma nu kitu dila’nah

… … …

Tah kitu kawajiban

Pikeun jalma nu ariman

Rukun iman dititenan

Sangkan Alloh mikaheman

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - IMAN KANA QODHO JEUNG QODAR

IMAN KANA POE QIYAMAT

Rukun iman kalimana

Yakin akherat teh aya

Tempat kabeh jalma-jalma

Geusan narima amalan

Di dunya kadar ngumbara

Lain pikeun saendengna

Lamun geus datang mangsana

Mulang ka tempat asalna

Raga jeung nyawa papisah

Manusa moal walakaya

Najan lubak-libuk harta

Taya bisa nu ngabela

Dipundut kunu kawasa

Asup kana jero kubur

Digotong diruang batur

Nyorangan di jero kubur

Amal manusa di dunya

Hade atawa gorengna

Hade wawalesna surga

Goreng tempatna naraka

Meunang ganjaran siksana

Hasil amalan sorangan

Jalma lian mo nulungan

Amal mah sewang-sewangan

Najan adat geus ilahar

Hadiah ngariung dahar

Tahlilan sugan diganjar

Dioper ka anu lian

Kayaning tilu tujuhna

Matang puluh jeung natusna

Newu eujeung saterusna

Eta nu bid’ah hukumna

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - IMAN KANA POE QIYAMAT

IMAN KA PARA ROSUL

Rukun iman kaopatna

Iman ka para Rosulna

Utusan Anu Kawasa

Pikeun mimpin umatna

Sakumna para utusan

Sadayana kasifatan

Ku sifat-sifat nu wajib

Oge mustahil jeung jaiz

...

SIFAT WAJIB, MUSTAHIL DI RASUL

Sifat nu wajib di Rasul

Hiji shidiq tara rahul

Shidiq pihartieunnana

Rosul bener salamina

Sabalikna sifat shidiq

Pamohalan Rosul kidzib

Sab kidzib hartina bohong

Mustahil Rosul ngabohong

Kadua wajib amanat

Jujur mustahi khianat

Para Rosul kawajiban

Ngemban amanat Pangeran

Wajib tabligh katiluna

Nganepikeun agamana

Ka masing-masing umatna

Sangkan salamet hirupna

Sifat tabligh sabalikna

Kitman nyumputkeun hartina

Rosul kitman pamohalan

Nyumputkeun tugas Pangeran

Fathonah nu kaopatna

Wajib pinter di anjeunna

Ari lalawananana

Biladah bodo hartina

Rosul bodo pamohalan

Sulaya tina timbalan

Diangkat jadi utusan

Ku Alloh nu Maha Heman

SIFAT JAIZ DI ROSUL

Rosul teh bangsa manusa

Seliran Maha Kawasa

Sifatna taya bedana

Reujeung manusa lianna

Sok ngaleueut reujeung dahar

Keuna ku lapar hanaang

Kulem atawa teu damang

Nu kitu ngaranna wenang

Ngan beda jeung nu lianna

Rosul ku Alloh dijaga

Dijaring sarta diriksa

Tina ngalakukeun dosa

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - IMAN KA PARA ROSUL

IMAN KANA KITAB-KITAB

Rukun iman katiluna

Percaya kana kitabna

Nu ditampi para Nabi

Wahyu tinu Maha Suci

Kitab Zabur kahijina

Nabi Dawud nu nampina

Kitab toret kaduana

Ditampi ku Nabi Musa

Kitab Injil katiluna

Ka Nabi Isa lungsurna

Sarta kaopatna Qur’an

Candak Nabi akhir zaman

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - IMAN KANA KITAB-KITAB

IMAN KA MALAIKAT

Rukun iman kaduana

Percaya ka Malaikat

Tegesna ka Malaikat

Yen Malaikat teh aya

Malaikat makhluk Gusti

Ahli ibadah ngabakti

Tara baha jeung mak’siyat

Salilana tunduk tho’at

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - IMAN KA MALAIKAT