Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Senin, 29 Agustus 2011

LEBARAN TEU JADI


Tos pada uninga panginten, wireh kiwari khususna di nagara urang nuju rame masalah lebaran iraha nu sabenerna?
Wanci tadi kuring mungkaskeun hanca tarawehan di salah sahiji imah warga nu aya di lembur nu lian, sakumaha biasa kuring datang ka eta patempatan memeh ngong adzan isya, ngan aya nu beda tisasari. wanci tadi nalika kuring sup ka eta patempatan, pating disarada sora sapeker, nu eusina takbiran. tuluy kuring tumanya ka pribumi,
KURING : " dupi didieu geningan seueur anu lebaran enjing?" 
PRIBUMI (waleran anjeuna) : " ah warga didieu mah kumaha ramena we, " 
KURING : eta gening seueur nu takbiran dina sapeker?
PRIBUMI : nyeta da tadi mah memeh magrib jempling, moal kitu pedah ningali berita yen aya nu lebaran poe isuk. sigana mah isukan lebaranana meureun."
Ngong adzan isya, tuluy kuring saparakancan shalat sakumaha biasa. pondok carita, sarengsena tarawehan, kuring saparakanca rada heran naha jadi jarempling nu takbiran teh, malahan aya nu maca karek satengahna sagala, teu anggeus takbirana. Tuluy kuring sapara kanca nyiar informasi dina tivi, wireh kiwari dina eta berita keur aya acara kaputusan tanggal 1 syawal...  sihoreng kaputusanana teh wireh kaping 1 SYAWWAL 1432 cindekna ninggang dina poe REBO, 31 AGUSTUS 2011.
Teu lila tidinya, ngong teh sora sapeker dinu tadi talakbiran malahan teuing sabaraha patempatan da rupa-rupa sora jalmana ge, ngan eusina teu jauh beda : "PALAWARGI, LEBARAN TEU JADI ISUKAN, LEBARAN JADINA POE REBO. HAYU KA MARASJID, URANG TARAWEHAN DEUI, HAYU URANG TARAWEHAN DEUI. LEBARAN JADINA POE REBO."

* naha kuring saparakanca tadi tarawehan?
Mungguhing kuring saparakanca hirup aya di Jam'iyyah, tos puguh Jam'iyyahna, sarta eta Jam'iyyah tos maparinan wawaran tianggalna keneh, rumasa kuring mah lain ahlina, nya wawaran nu eta nu dicepeng ku sim kuring saparakanca mah.
http://persis.or.id/?mod=content&cmd=news&berita_id=1377
Walloohu a'lam.
Wilujeng mapag boboran shiyam, salam baktos ka sadaya kulawarga.
TAQOBBALALLOOHU MINNAA WA MINKUM.
READMORE - LEBARAN TEU JADI

Jumat, 19 Agustus 2011

Lalajo Teater KASIDAH CINTA DI PALAGAN KARBALA

lalajo teater ;

Kasidah Cinta Di Palagan Karbala
(kasidah cinta jilid VI)
Karya/Sutradara

 Rosyid E. Abby

anu dipaenkeun ku
Teater SENAPATI
pasosore, poe ahad, ping 14 romadhon 1432 / 14 agustus 2011,
di GK Rumentang Siang
Jl. Baranangsiang No. 1 Bandung 


*cenah,,, hanjakal kuring teu parat lalajona,,,


Santri RG MURA (Mualimin Rahayu) sareng Abah Heri Awie

Santri UG MURA (Mualimin Rahayu) sareng Abah Heri Awie

 Sukainah binti Husain (Widi Dwinanda) & Mush'ab ibnu Zubair (Heri Awie)








  Bakekok





READMORE - Lalajo Teater KASIDAH CINTA DI PALAGAN KARBALA