Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Kamis, 27 Januari 2011

Jampe Nyeupah












Jampé Nyeupah :
Seureuh seuri,
pinang nangtang,
apuna galuget angen,
gambirna pamuket angin,
bakona gulaga sari,
coh nyah, parapat nyay, leko lenyay,
cucunduking aing taruk haréndong,
cucunduking aing taruk paku hurang,
keuna ku asihan awaking,
asihan si leugeut teureup.
(Esin Engka Widjaja, Poesaka Soenda, No. 8, 1924)

ditukil ti fb Akoer Lah

kuring mah asa inget jaman bareto keur leutik keneh, malihanan pun nini oge sering nyeupah waktos nuju jumeneng keneh mah. tapi dina jaman kiwari mah tos teu kacaritakeun deui khususna di wewengkon sim kuring, nu sarepuh nyareupah, kantenan para nonoman mah.
READMORE - Jampe Nyeupah

Jumat, 21 Januari 2011

KURING











~
kuring,
lain seug batur,
nya kitu deui batur,
lain seug kuring,
kuring,
estuning kuring,
tapi
kuring lain sasaha,
kuring teu boga nanaon,
kuring teu bisa nanaon,
anging sagalana
alatan pangersa Gusti nu Maha kawasa.

~

- manoesa nu dilahirkeun dina kaayaan fitrah, kiwari geus lamokot ku dosa ...
- Sereg dipanto logor diliang jarum ...


YM : oerang_tjoeroeg
READMORE - KURING

Rabu, 12 Januari 2011

Mini DV JVC GR-D870AG

Mini DV JVC GR-D870AG

Ngabongkar Jeuroan Mini DV JVC GR-D870AG

Cik keneh saba'da magri (rebo 12 januari 2011) kuring ngabongkar ieu kamera, lumayan lieur oge geningan, alesan eta kamera ku kuring dibongkar nyatana aya nu pegat dina kabel flexibelna, lumayan lila ngabongkarna ge da kakara, jeung rumasa teu sakola dina widangna. tapi leuwih hese leuwih panasaran, Alhamdulillah nu antukna kapanggih oge kumaha carana, jeung bener oge naon nu direka-reka ti samemehna. sihoreng aya nu rada soek dina kabel flexibel nu aya na LCD na.
Ngan teuing kumaha tah engke masangkeunana lantaran lieur ningali baudna ge, lantaran mang rupa-rupa, aya nu pondok, rada pondok, jeung rada panjang. keun bae lah eta mah urusan engke.
kira kira sabaraha nya hargana eta kabel ?


























READMORE - Mini DV JVC GR-D870AG

Kamis, 06 Januari 2011

JAMPE NYIMPEN PARE



JAMPÉ NYIMPEN PARÉ

Mangga Nyi Pohaci,
Nyimas Alané Nyimas Mulané,
geura ngalih ka gedong manik ratna inten,
abdi ngiringan,
Ashadu sahadat panata, panetep gama,
iku kang jumeneng Lohélapi,
kang ana teleking ati,
kang ana lojering Allah,
kang ana madep maring Allah,
iku wujud salamet ing dunya,
salamet ing ahérat.
(Esin Engka Widjaja, Poesaka Soenda No. 8, 1924)


*ieu eusi kengeng ngutip tina Fb mang Akoer Lah
READMORE - JAMPE NYIMPEN PARE

Selasa, 04 Januari 2011

SALAM SÉRÉH



SALAM SÉRÉH
Salam séréh kadongdong cina,
Abah datang kabina-bina,
Nyiuk cai satampolong,
Piring pisin diragaji,
Colénak dikalapaan,
Kuring isin ku paraji,
Boga anak teu bapaan.
(Kakawihan Barudak : Atik Sopandi & Oyon Sofyan Umsari)

*ieu eusi, kengeng nukil tina salah sawios eusi fb barayana Djoerig DalapanLima nyatana saderek Akoer Lah

kakawihan nu samodel kitu biasana sok diparake ku barudak baheula nalika keur arulin babarengan, hal eta pisan kungsi karandapan ku diri pribadi nalika kuring keur budak keneh, nalika ulin jeung babaturan nu saantragan di buruan atawa dimana bae.
READMORE - SALAM SÉRÉH

Sabtu, 01 Januari 2011

DIJUAL CEPAT ( RAHAYAT LIWET )


DIJUAL CEPAT !
12 foto
Sarupaning pakarang(wadah) keur ngaasakkeun bahan eusi kadut urang salarea,,,! malihanan eusina ge aya,,,!
ieu pakarang bisa disebutkeun legok tapak genteng kadek, sabab teu dina kompor atawa hau anu di dapur wungkul cicingna, tapi sakali mangsa mah sok ngilu ungkag-ingkig kaditu kadieu, boh ka leuweung, gunung, walungan, astana, malahan ka super market sagala, geus puguh kakampung jeung kota mah.
sok ah mangga bilih aya nu peryogi,,,
dipilih,dipilih,dipilih,,,

,,,,,,,,,,,,,,






















,


READMORE - DIJUAL CEPAT ( RAHAYAT LIWET )