Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...
Tampilkan postingan dengan label Umum. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Umum. Tampilkan semua postingan

Kamis, 02 Februari 2012

Omeaneun Dina Munggaran Taun 2012 M

Dina munggaran taun dua rebu dua belas masehi ( 2012 M ), ieu rohangan geus meunang masalah, nyatana dina bagian Rohangan Ngawangkong ( Soutmix) duka teuing kunaon jeung duka teuing naon bet aya tulisan

ditilik-tilik ku kuring, naha bet jadi kieu ??? atuh balukarna kuring teu bisa ngawangkong jeung nu lian ngaliwatan eta rohangan.
Sajabana ti eta, aya hiji deui nu teu beres, nyatana bagian Traffic Rank, saruana jadi teu jalan,




sarua duka teuing kunaon ???
Rumasa kuring mah masih rumpa-rampa keneh dina widang nu kieu teh, nuantukna kuring can pati ngarti, da ieu ge menang ngoprek nu lian. sugan kahareupna mah jadi bahan elmu pikeun pedarkeuneun tur omeaneun.
Cag heula sakitu, ieu mah ngan ukur balaka tina sarupaning nu katungkulan dina ieu rohangan.


READMORE - Omeaneun Dina Munggaran Taun 2012 M

Senin, 03 Oktober 2011

Tutorial Cara Mengganti Tampilan Timeline Profile Facebook


1. Langkah pertama buka Browser Internet seperti Internet Explorer, Mozilla Firefox, Google Chrome atau browser lainnya.

2. Setelah membuka browser, ketikkan:https://developers.facebook.com/apps di search engine/mesin pencari semisal google.

3. Nah disini teman-teman masukkan url dari facebook developer, kemudian setelah masuk aplikasi tersebut pilih allow. Untuk ini teman-teman harus terlebih dahulu login ke halam facebook masing-masing untuk memberikan akses perubahan tampilan profilnya.

4. Setelah memilih allow, kemudian pilih tomboh Creat New App.

5. Setelah itu akan ada kotak isian bernama App Display Name dan App Namespace. Isi sesuai dengan keinginan teman-teman. Sesudah diisi centang kotak I agree to the Platform Privacy Policy, dan klik tombol Continue.

6. Langkah selanjutnya teman-teman akan masuk ke halamn lain. Disini teman-teman klik tombol Open Graph.

7. Setelah itu akan dihadapkan dengan isian lagi. Isi kotak tersebut sesuai dengan read my timeline & profile, kemudian klik tombol ”Get Started”.

8. Berikutnya, pilih dan klik tombol Save and Finish.

9. Nah kemudian pada halam profil FB teman-teman akan ada pesan baru yang menyetujui perubahan halaman profil timeline teman-teman. Untuk menyetujui pilih Get It Now.

10. Apabila sudah berhasil, maka tampilan profil teman-teman akan menjadi jreng jreeeeengggggg,,,,,,,,!.

Silahkan dicoba dan semoga berhasil...

*diserat ku saderek Abd Ajiez M
READMORE - Tutorial Cara Mengganti Tampilan Timeline Profile Facebook

Jumat, 23 September 2011

POHON MIMPI & PARA PENGUNGSI

Teater Untuk Penonton Umum dan Tunarungu
Karya dan Sutradara Irwan Jamal


SINOPSIS
PEMBALAKAN liar terjadi ! Di sebuah hutan, seorang bos dari sebuah perusahaan kayu dan kaki tangannya melakukan pembalakan liar. Seorang laki-laki dari suku pedalaman menemani mereka sebagai penunjuk jalan. Aksi ini membuat fungsi hutansebagai penyangga kelestarian terancam. Hutan dan daerah sekitarnya menjadi rawan bencana. Tidak perlu lama, tibalah saat hutan rusak. Banjir, longsor dan kebakaranl lahan kini datang mengendap di malam hari menuju rumah para pembalak, Banjir, gemuruh longsor dan kebakaran di ujung hutan membuat para pembalak terkejut dan terbangun dari mimpi mereka tentang kekayaan. Bencana yang tidak terduga memaksa mereka mengungsi menuju kota untuk meminta minum. Sementara itu tanpa disadari , seekor harimau mengikuti. Harimau yang lapar karena mangsanya berkurang akibat hutan yang rusak dan terputusnya rantai makanan, kini mencari mangsa. Para pengungsi pun menjadi target sasarannya. Ketika harimau berhasil memangsa bos perusahaan yang ikut dalam pengungsian para pengungsi merasa bahwa alam sedang melakukan pembalasan terhadap mereka. Mereka gemetar dan gentar, rasa lapar dan haus serta kelelahan membuat mereka ambruk. Tertidurlah mereka di bawah pohon. Disana mereka bermimpi. Pohon tempat mereka beristirahat memantulkan banyak gambaran, memberi pesan bahwa tindakan manusia yang tidak ramah pada alam menyebabkan alam menjadi tidak ramah pada manusia.

*sumber : tina buku anu aya dina gambarna.
tapak tilas lalajo teater POHON MIMPI & PARA PENGUNGSI, poe kemis ping 22 september 2011 M / 24 Syawwal 1432 H. di GK. Rumentang Siang, Jalan Baranang Siang No. 1, Bandung, bareng mang  Nurdin Mulyana
READMORE - POHON MIMPI & PARA PENGUNGSI

Kamis, 22 September 2011

POHON MIMPI & PARA PENGUNGSI ( FOTO )

Teater Untuk Umum dan Tunarungu
Karya dan Sutradara Irwan Jamal

Tapak tilas lalajo teater
POHON MIMPI & PARA PENGUNGSI
anu dipentaskeun ku
Teater Pictorial
poe kemis, ping 22 september 2011 M / 24 syawwal 1432 H.
di
GK. Rumentang Siang, Jalan Baranang Siang No. 1, Bandung,
kuring (Djoerig DalapanLima) bareng mang Nurdin Mulyana 
























READMORE - POHON MIMPI & PARA PENGUNGSI ( FOTO )

Senin, 29 Agustus 2011

LEBARAN TEU JADI


Tos pada uninga panginten, wireh kiwari khususna di nagara urang nuju rame masalah lebaran iraha nu sabenerna?
Wanci tadi kuring mungkaskeun hanca tarawehan di salah sahiji imah warga nu aya di lembur nu lian, sakumaha biasa kuring datang ka eta patempatan memeh ngong adzan isya, ngan aya nu beda tisasari. wanci tadi nalika kuring sup ka eta patempatan, pating disarada sora sapeker, nu eusina takbiran. tuluy kuring tumanya ka pribumi,
KURING : " dupi didieu geningan seueur anu lebaran enjing?" 
PRIBUMI (waleran anjeuna) : " ah warga didieu mah kumaha ramena we, " 
KURING : eta gening seueur nu takbiran dina sapeker?
PRIBUMI : nyeta da tadi mah memeh magrib jempling, moal kitu pedah ningali berita yen aya nu lebaran poe isuk. sigana mah isukan lebaranana meureun."
Ngong adzan isya, tuluy kuring saparakancan shalat sakumaha biasa. pondok carita, sarengsena tarawehan, kuring saparakanca rada heran naha jadi jarempling nu takbiran teh, malahan aya nu maca karek satengahna sagala, teu anggeus takbirana. Tuluy kuring sapara kanca nyiar informasi dina tivi, wireh kiwari dina eta berita keur aya acara kaputusan tanggal 1 syawal...  sihoreng kaputusanana teh wireh kaping 1 SYAWWAL 1432 cindekna ninggang dina poe REBO, 31 AGUSTUS 2011.
Teu lila tidinya, ngong teh sora sapeker dinu tadi talakbiran malahan teuing sabaraha patempatan da rupa-rupa sora jalmana ge, ngan eusina teu jauh beda : "PALAWARGI, LEBARAN TEU JADI ISUKAN, LEBARAN JADINA POE REBO. HAYU KA MARASJID, URANG TARAWEHAN DEUI, HAYU URANG TARAWEHAN DEUI. LEBARAN JADINA POE REBO."

* naha kuring saparakanca tadi tarawehan?
Mungguhing kuring saparakanca hirup aya di Jam'iyyah, tos puguh Jam'iyyahna, sarta eta Jam'iyyah tos maparinan wawaran tianggalna keneh, rumasa kuring mah lain ahlina, nya wawaran nu eta nu dicepeng ku sim kuring saparakanca mah.
http://persis.or.id/?mod=content&cmd=news&berita_id=1377
Walloohu a'lam.
Wilujeng mapag boboran shiyam, salam baktos ka sadaya kulawarga.
TAQOBBALALLOOHU MINNAA WA MINKUM.
READMORE - LEBARAN TEU JADI

Jumat, 19 Agustus 2011

Lalajo Teater KASIDAH CINTA DI PALAGAN KARBALA

lalajo teater ;

Kasidah Cinta Di Palagan Karbala
(kasidah cinta jilid VI)
Karya/Sutradara

 Rosyid E. Abby

anu dipaenkeun ku
Teater SENAPATI
pasosore, poe ahad, ping 14 romadhon 1432 / 14 agustus 2011,
di GK Rumentang Siang
Jl. Baranangsiang No. 1 Bandung 


*cenah,,, hanjakal kuring teu parat lalajona,,,


Santri RG MURA (Mualimin Rahayu) sareng Abah Heri Awie

Santri UG MURA (Mualimin Rahayu) sareng Abah Heri Awie

 Sukainah binti Husain (Widi Dwinanda) & Mush'ab ibnu Zubair (Heri Awie)








  Bakekok





READMORE - Lalajo Teater KASIDAH CINTA DI PALAGAN KARBALA

Rabu, 06 Juli 2011

Jajap Pun Biang

Harita (Thursday, January 20, 2011, 10:23:22 PM)
Harita,,,
Mangsa paturay tineung sareng pun biang,
Pun biang mulih, mulih ka jati mulang ka asal,
Dijajap ku raga dugi ka liang lahat,
Ditutur ku du'a satungtung umur,
Mang taun-taun naon rupa nu kungsi katungkulan tur karandapan,
Babarengan sareng anjeuna,
Kiwari kari waasna, nu teu weleh leungi kokolebatan na emutan,,,*Sono


READMORE - Jajap Pun Biang

Jumat, 27 Mei 2011

Godi Suwarna




Etti RS : Godi Suwarna teh salah saurang sastrawan anu fenomenal, pangpangna dina kanyajakan. Sajak sajakna seueur diturutan ku pangarang-pangarang anu ngarora, anu ka beh dieunakeun.

Acep Zamzam Noor : Upami dibandingkeun dina sastra Indonesia kuring ningal Ghodi Suwarna teh Chairil anwar-na sastra sunda, kunaon sababna, sabab kang odi tos ngangkat basa sunda nu tadina dina basa sopan santun, bias dikatakeun lembutkana basa-basa anu sangat bergairah, ekspresif.

Tisna Sanjaya : Godi itu selain seniman menurut saya sih dia penggerak budaya yang bisa memberikan dorongan pada lingkungannya, kalau ada Godi di satu tempat pasti memberikan dampak, jadi memberikan virus yang pasitif untuk memunculkan kebudayaan.

Godi Suwarna lahir di tasikmalaya, 23 mei 1956. Digedekeun di kampung cirikip, tuluy taun-taun hirup ngumbara di bandung, kuliah rumah tangga sarta meuseuh dirina jadi sastrawan. Kiwari mulang deui, bumetah di dayeuh sarakanana, kota ciamis. Mimiti daria ngarang sajak jeung carita pondok dina taun 1976. Ti barang diumumkeun dina media massa, karya-karyana dianggap fenomena anyar dina sastra sunda, nepungkeun tradisi jeung modernitas, nyampurkeun relitas jeung absurditas, ngahudang pamuji jeungkritik.
Sajak-sajakna geus loba anu dibukukeun, nyaeta : Jagat Alit (Rahmat Cijulang, 1979), Surat-surat Kaliwat (Medal Agung, 1984), Blues Kere Lauk (Geger Sunten, 1998). Aya deui dua kumpulan sajakna anu can medal, nyaeta Urat-urat Kawat jeung Tariking Angin. Karya-karyana dina wangun carpon jeung novel anu geus medal, nyaeta : Kumpulan carpon Murang-Maring (Medal Agung, 1980, Kiblat, 2004) jeung Serat Sastra Satwa (Geger Sunten, 1995); novel Sandekala (kelir, 2007), jeung Deng (Puri Pustaka,2009). Salian ti nulis sajak, corpon jeung novel, Godi oge kungsi nulis naskah drama, esay jeung rumpaka guguritan. Naskah dramana diantarana “Burung-burung Hitam”, “Orang-orang kelam”, “Gaok-gaok”, “Gablek” jeung “Gor-gar”. Buku kumpulan rumpaka guguritanana 17 Sekar pupuh anu disanggi babarengan jeung Iik Setiawan (Geger Sunten, 1992) kiwari loba dipake dina pangajaran pupuh di sakola-sakola di Jawa Barat.
Godi kungsi sababaraha kali dileler panghargaan, diantarana : Sutradara pinunjul dina Porseni tingkat Jawa Barat (1980), Sutradara pinunjul dina Porseni tingkat Nasiona (1981), tilu kali dileler Hadiah Sastra Rancage pikeun karyana Blues Kere Lauk (1993), Serat Sarwa Satwa (1996), jeung Sandekala (2008) sarta kungsi sababaraha kali meunang panghargaan Hadiah sastra LBSS jeung Hadiah Sastra D.K. Ardiwinata.
READMORE - Godi Suwarna

Kamis, 26 Mei 2011

BEWARA

Dibuka
Pendaptaran santri baru tahun ajaran 2011-2012,
Jenjang :
Raudhatul athfal (RA)
Madrasah Ibtidaiyyah (MI)
Madrasah Diniyyah Ula (MDU)
Madrasah Tsanawiyyah (MTS)
Mu'allimien (Mln)

Visi :
Mencetak generasi muslim yang tafaqquh fiddien

Pendaftaran dimulai tanggal
01 Mei 2011
Formulir pendaftaran bisa diminta langsung di sekretariat

Contact persion
RA : 02292015756 / 085294664994
MI : 02292104861
MDU : 08782333984
MTs : 022-5423923 / 085294199202
Mln : 08179297350 / 02291264887

Persantren Persatuan Islam 45 Rahayu
Jl. Mahmud 207 Rt/Rw. 04/08 Ds. rahayu Kec. Margaasih Kab. Bandung

READMORE - BEWARA

NGALAMUN


Sarebu kabingung

Salaksa kasusah
Saketi kasedih

Eta bisa bubar sarta buyar

Ku sabar jeung tawekal

Ngalamun salaput umur

Kahayang mang pirang-pirang
Karep teu eureun-eureun
Tapi ngan qodar ti Alloh Subhanahu wata’ala
Anu bakal ka sorang

Tah kuayana kitu

Mending sabar batan aral

Mending bener batan lengger

Sakitu nu kasanggakeun

Bubuhan abdi maksakeun
Laku salah geura teundeun
Amal sholeh geura jalankeun

Sakitu pihatur abdi

Ka sadaya palawargi

Anu pada sami-sami

Memperjoangkeun agami

Oray kisi oray welang

Kalapa hejo caina
Permisi abdi rek pulang
Hampura kasadayana


H.I 26 mei 2011, Pesantren Persis 45 Rahayu
READMORE - NGALAMUN