Jumat, 14 September 2012
LIRIK_DINASTI DARSO_DARSO
Kamis, 07 Juni 2012
TETANUS HATE
Sabtu, 15 Oktober 2011
KAPAL MENTA DUIT SAKARUNG
"Kapal Menta duit sakarung" pokna ngagorowok bari tanggah ka luhur.
Enya da baheula mah lamun keur arulin jeung barudak saantragandimana aya kapal ngalewat sok ngagorowok : "Kapal menta duit sakarung ,,," malahan sok bari diberik / diarudag sagala. duka teuing kumaha jeung timana sajarahna tah ?
*Foto : salasa 04 oktober 2011 M. tabuh 11:26 WIB. ieu foto kungsi dipajangkeung dina salah sahiji media nyatana Facebook, anapon pangemut nu sanes teu jauh beda jeung anu karandapan ku diri pribadi dina mangsa baheula.
Diantawisna :
Alfaro Rnto Recoba : muhun da tipayun mh kitu pisan tp ayna mh ts jarang kapal ngaliwatna oge.tos di gentos ku beko ena mh sareng doser nu sering ngaliwat th 03 Oktober jam 23:59 · Tidak Suka · 1 orang
Endang Eddhie · Berteman dengan Fauzi Salaka dan 35 lainnya : sumuhun kang adang sim kuring ge keur alit mah pami aya kapal liwat lumpat kanu lega ka sawah atawa lapangan menbal, sok gogogrowokan kitu.....padahal mah di emut ayeuna sok hayang seuri.....boro2 kakupingeun ku pilotna .......gandeng we ku mesinna ......xixixixixxi......dasar ari keur budak mah tuturut munding we........... 04 Oktober jam 0:00 · Tidak Suka · 1 orang
Djoerig DalapanLima : teu dimana-mana sami gening, ari barudak urang dayeuh anu sapopoena nyarita ku basa endonesa kitu teu nya? 04 Oktober jam 0:03 · Suka · 1 orang
Endang Eddhie : Berteman dengan Fauzi Salaka dan 35 lainnya hatu nuhun kang Djoerig DalapanLima.......leres sami bae kitu da sami2 barudak.....duka tah urang amerika atawa inggris sami henteu nya kitu keur leutikna.....xixixixxii 04 Oktober jam 0:05 · Suka · 1 orang
Sireum Leuweung : sugan teh dilembur uing wae Mang .... tah malah mah ditukangeun lembur teh sok dipake latihan terjun payung atuhh pangalaan jangkrik teh lidag da rea nu kasawah hayang apal ari parasit paranti tentara jeung paranti hajat sarua teu cenah hahahahhah ... 04 Oktober jam 0:10 · Suka · 1 orang
Djoerig DalapanLima : mang @endang Eddhie : sawangsulna mang, benten basana panginten nya mang, mang Sireum Leuweung : hihihii,, enya tah baheula mah sok aya nu hajatan tendana teh make parasit, da kiwari mah cenah geus modern,,, 04 Oktober jam 0:13 · Suka
Sireum Leuweung : hehehhh leres nya Mang malih pangeras sora na teh nganggo toa warna bulao endog asin mencrang sorana salembur, nyetel wayang tah ari idangan na nganggo pipiti atanapi bebesek eusina aya endog sabeulah, asin pepetek, cabe hejo, tempe tahu je...Lihat Selengkapnya 04 Oktober jam 0:19 · Suka · 1 orang
Djoerig DalapanLima : enya tah sok dibaanan cangkedong (nganggo pipiti eusina aya endog sabeulah, asin pepetek, cabe hejo,hui sabeulah, tempe tahu jeung gepuk sakeureut ngan sanguna biasa rada heuras) mun nganjang kanu hajatan teh 04 Oktober jam 0:24 · Suka
Tana Takaful : kapal menta duit sakarung...hhha 04 Oktober jam 0:29 · Suka · 1 orang Djoerig DalapanLima enya eta pisan mang Tana, KAPAL MENTA DUIT SAKARUNG,,, 04 Oktober jam 0:32 · Suka
Sireum Leuweung : hahahhhhah .... ayeuna mah idangan tinu hajat tos robih ku mie instan atawa kadaharan instan sejenna oge barudak teh ayeuna mah teu ngungudag kapal liwat malah wayah kieu jongjon di payuneun layar warnet, PS atawa ngoprek HP hahahhhhahhh 04 Oktober jam 0:35 · Suka
Djoerig DalapanLima : pon nya kitu deui urang ge teu eleh deet jeung barudak kiwari,,, *cenah 04 Oktober jam 0:37 · Suka
Sireum Leuweung : hahahhh jadi bingung uing mah Mang ... saha saenyana nu mere conto ieu teh urang nu bubudakeun atawa budak embung eleh ku urang hahahahh atawa geus mangsana kieu kitu ..... hahahh 04 Oktober jam 0:43 · Suka
Djoerig DalapanLima : sumawona mang,,, 04 Oktober jam 0:44 · Suka
Heri Awie : saupami marasitkeun mah disebatna teh kapal mod...o;... heuheu.. 04 Oktober jam 0:47 · Suka · 1 orang
Sireum Leuweung : hahahhah ... rek ngopi heula ah ayeuna mah 04 Oktober jam 0:47 · Suka · 1 orang
Djoerig DalapanLima : hihihi, malahan sok ditempo nepikeun ka euntreupna dimana, sakapeung mah nyasab ka buruan imah sagala,,, 04 Oktober jam 0:49 · Suka
Reni Nurani · 6 teman yang sama : Heu heu ..leres pisan sami kaalaman ku sim kuring..nyakitu pisan ..kiwari kantun..waasna..pami di sakola kaleresan ngawuruk ngenaan ..pupuh kinanti anu unina sapertos kieu.; eta ..naon nu ngahiung..suat..siet..henteu cicing..ngawang-ngawan...Lihat Selengkapnya 04 Oktober jam 1:45 · Suka · 2 orang
Mang Jojo : "kapal menta duiiit.." kitu ceuk barudak teh, na atuh ari burusut teh kertas maruragan tina kapal... barang diboro manahoreng teh selebaran, ngawrtakeun yen gorombolan ...Kartosuwiryo nyerah...."bedus siah..hanas parebut" ...... 09 Oktober jam 3:05 · Suka
Minggu, 06 Maret 2011
SAMPURASUN - RAMPES
Kecap pangbagéa atawa salam dina budaya urang Sunda nyaéta: SAMPURASUN.
Asalna tina tilu kecap nyaéta : SAlaM, hamPURA, jeung iSUN, Salam: nyaéta singgetan tina assalamu’alaikum (salamet keur andika), hampura nyaéta ménta di hampura (ma’ap), isun (KULA, ABDI, KURING, basa buhun urang Sunda). Jadi sampurasun téh, Salam, Assalamu’alaikum kula ménta dihampura.
Kusabab lamun ngucapkeun ASSALAMU’ALAIKUM KAULA MÉNTA DIHAMPURA mah panjang teuing, nya disingget samodel dina budaya basa kamiliteran jadi SAMPURASUN. Nengetan tina maksud ieu “salam sunda” kacida alusna, sabab nalika urang panggih jeung baraya langsung ngucapkeun salam (singgetan tina assalamu’laikum) bari terus ménta dihampura, hiji tanda yén urang Sunda mah salian ti ngucapkeun doa kasalametan keur baraya nu panggih téh terus ménta dihampura sok bisi aya kasalahan dina mangsa anu katukang-tukang, sanajan can tangtu urang téh boga kasalahan ka éta baraya nu kakara panggih téa, tuh pan kacida alusna!
Iraha ngawitan disingketna teu aya nu terang sacara persis. Mung rupina aya patula-patalina sareng kaayaan walurat jaman bajuang ngarebut kamardikaan nu upami ngirim serat sering disingket-singket. Saperti ayeuna Assalamu’alaikum warrahmatullahi wabbarakatuh sok loba nu nyingget jadi Ass. Wr. Wb!
Ari jaman Pajajaran atawa kabaheulaan, SAMPURASUN téh singgetan tina SAMPÉAN KUDU NGAHAMPURA ISUN, saprak Islam asup ka Tatar Sunda kecap sampéan diganti ku SALAM, ngarah kaislamanana kabawa, tah kitu pinterna bujangga Sunda téh!
Sakitu ngeunaan SAMPURASUN, pedah aya patarosan ti salah saurang baraya Aki.
Ngeunaan kecap RAMPES, eta teh tina kecap RAMPAS, hartina “hayu urang rampas Kamerdekaan urang ti panjajah!”, kecap RAMPAS, robah kadieunakeun jadi RAMPES!
"Kapungkur abdi kantos nguping sandiwara radio nu latarna sajarah Pajajaran. Didinya digambarkeun parantos aya kecap sampurasun - rampes minangka salam sadidinten di antawis masarakatna. Rupina bakal langkung kiat upami engke para arkeolog mendakan artifak-artifak Pajajaran nu nganggo pangbagea sampurasun - rampes.
Aya conto serat jaman pajuangan rupi kieu :
Sampurasun, ki sanak ! Dalapan likur goreng boled lima likur kupat lebaran di simpen maranti. Kacang panjang mah ngala wae di jalan. Parabkeun ka kebo di gigir kota beh Wetan. Kumpul sabada turaes disada. Rampes !
Upami dibejer beas mah janten kieu :
Salam hampura ingsun, ki sanak ! Kuring ngirim dalapan likur bedog jeung lima likur granat. Mun butuh awi seukeut ( bambu runcing ) mah ngala wae awina di jalan. Jieun ku sorangan. Eta urang gunakeun keur ngabarantas kumpeni nu karumpul gigireun kota beh Wetan. Urang kumpul sabada tanggara mangrupa sora turaes. Rampas kamardikaan !
Dina surat-surat jaman pajuangan mah saurna jarang pisan nyantumkeun nami jalmi. Gegentosna nyaeta ki sanak, ki silah, sareng sajabina.
Pamendak ieu ge ngalangkungan lisan nanging ku kapatutan etimologi langkung tiasa ditampi tibatan pamendak nu nyebatkeun yen ti jaman Pajajaran sampurasun - rampes parantos aya. Tiasa gugur ieu pamendak saupami artifak-artifak jaman Pajajaran nu nganggo salam eta kapendak.
Wallahu 'alam bishawab." |
-- |
Alhamdulillah ngalangkungan eta seratan kiwari sim kuring nambih elmu perkawis naon nu dipimaksud ku kecap Sampurasun jeng Rampes. cag.
Jumat, 04 Februari 2011
JAMPE NYADAP LAHANG KAWUNG

Kengkeng leungeun kawung bingkeng,
ditinggur ku budak kereng,
asal béngkok jadi lempeng,
lempeng jadi jeceng,
lila jeceng tambah mangkreng,
digéyotkeun,
trek celereng, trek cereleng,
géyot ka kidul nyiuk ka Laut Kidul,
géyot ka kalér nyiuk ka Laut Kalér,
heuras ka luhur sieun guludug,
mun ka handap notos dano,
cor golontor, cor golontor!
(R.O. Moechtar, Baranang Siang, No. 2, tt.)
JAMPE NGISIKAN

Mangga Nyimas Aléné Nyimas Mulané
geura siram dibanyu mu'min,
di Talaga Kalkaosar,
abdi ngiringan.
Nyi Pohaci Budugul Wulung,
ulah jail ka babawaan jaula,
heug!
Nyi Pohaci Barengan Jati,
ulah jail kaniaya,
ka Nyi Pohaci Sukma Jati,
heug!
(Esin Engka Widjaja, Poesaka Soenda No. 8, 1924)
Kamis, 27 Januari 2011
Jampe Nyeupah

Seureuh seuri,
pinang nangtang,
apuna galuget angen,
gambirna pamuket angin,
bakona gulaga sari,
coh nyah, parapat nyay, leko lenyay,
cucunduking aing taruk haréndong,
cucunduking aing taruk paku hurang,
keuna ku asihan awaking,
asihan si leugeut teureup.
(Esin Engka Widjaja, Poesaka Soenda, No. 8, 1924)
Kamis, 06 Januari 2011
JAMPE NYIMPEN PARE

Mangga Nyi Pohaci,
Nyimas Alané Nyimas Mulané,
geura ngalih ka gedong manik ratna inten,
abdi ngiringan,
Ashadu sahadat panata, panetep gama,
iku kang jumeneng Lohélapi,
kang ana teleking ati,
kang ana lojering Allah,
kang ana madep maring Allah,
iku wujud salamet ing dunya,
salamet ing ahérat.
(Esin Engka Widjaja, Poesaka Soenda No. 8, 1924)
Rabu, 05 Januari 2011
Rombongan Sunda Lalieur
Rombongan Sunda Lalieur

Sabtu, 11 Desember 2010
PAPATONG

Beurang maju ka lohor
Papatong nu koneng entreup na regang
Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Pancen keur wasiatan...
Sore mengok ka Ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
ngalayang ngawahan arek pamitan
poma tong ka jongjonan...
Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem bewara baturna...
Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa
Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa...
Arti dari lagu sunda tersebut :
Beurang maju ka lohor
Siang menuju ke Dzuhur
Afternoon go to dzuhur
Papatong nu koneng entreup na regang
Capung yang kuning hinggap pada ranting
Yellow dragonfly perched on twig
Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Bergetar sayapnya sedang melambai-lambai
Vibrate their wings are flapping
Pancen keur wasiatan
Tugas demi sebuah wasiat (saling berpesan)
The task for the sake of a bequest (each notice)
Sore mengok ka Ashar
Sore mendekati ke Ashar
Evening approached to Asr
Papatong nu koneng hiber teu luhur
Capung yang kuning terbang tidak tinggi
Yellow dragonfly does not fly high
Ngalayang ngawahan arek pamitan
Melayang berancang-ancang hendak berpamitan
Poised hovering about to say goodbye
Poma tong ka jongjonan
Ingat jangan terlena
Remember do not be lulled
Papatong nu koneng teu tembong deui
Capung yang kuning tidak nampak lagi
Yellow dragonfly does not appear again
Leungit indit teu pamit
Hilang pergi tidak pamit
Missing left no farewell
Papatong nu koneng teu tembong deui
Capung yang kuning tidak nampak lagi
Yellow dragonfly does not appear again
Tilem bewara baturna
Tenggelam berita lainnya
Drowning Other news
Prak reureuh tina ka riweuh
Hendaklah istirahat dari kesibukan
Let the rest from a busy
Prak pasrah kanu Kawasa
Hendaklah pasrah kepada yang Kuasa
Be resigned to a Power of Attorney
Prak reureuh tina ka riweuh
Hendaklah istirahat dari kesibukan
Let the rest from a busy
Prak pasrah kanu Kawasa
Hendaklah pasrah kepada yang Kuasa
Be resigned to a Power of Attorney