Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Jumat, 14 September 2012

LIRIK_DINASTI DARSO_DARSO

Lirik Darso - Dinasti Darso


“Asa cik keneh sempal guyon
Kamari, bieu, datang kudu indit
Asa gelap salah wayah
Bapak, ngantunkeun abdi-abdi sadaya”

Kukupu teu apaleun ka warna jangjang sorangan
Tapi kabeh apal ku endah warna kukupu
Ngiplik di waktu nyeungitan mangsa

Nya kitu diri anjeun teu apal,teu sadar
Jeung embung boga rasa ieu aing pang alusna
Ka luhur teu loba catur, ka handap nitah walatra
Tapi mantena Allah ngaistimewakeun ka diri anjeun..

Di payuneun Sang Kholiq, gumujeng di angkir linggih
Sadrah tina papastian,anjeun ridho kana takdir
Beurat teu meunang beurat
Sedih teu meunang sedih,rang teugeurkeun

Dinten senen anu santen,asa gelap salah wayah
Barangkeakan nu dikantun, La haulla … innalillahi
Ku teu percaya,neundeun kawaas
Ku kawih reujeung tembangna
Asa cik keneh sempal guyon,can parat kawih sapada

1 komentar:

Posting Komentar