Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...
Tampilkan postingan dengan label TAUHID. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label TAUHID. Tampilkan semua postingan

Rabu, 17 November 2010

Takbir, Tahlil, Tahmid.

naik unta

Allohu Akbar
Allohu Akbar,
Lailahaillallohu
Allohu Akbar,
Allohu Akbar,
Walillahilhamd...

Allohu Akbar,
Allohu Akbar,
Allohu Akbar,
Kabiro...

(Fath Al-Bari)

Wilujeng 'idul Adha 1431 H
READMORE - Takbir, Tahlil, Tahmid.

Sabtu, 09 Oktober 2010

IMAN KANA QODHO JEUNG QODAR

Rukun iman kagenepna

Iman kana papastenna

Katetepan nu kawasa

Nangtukeun kabeh manusa

Makhluq Gusti sadayana

Geus diatur ku Anjeunna

Boh bagja boh cilakana

Kabeh papasten anjeunna

Masing-masing boga nasib

Ngan bae teu kabeh gaib

Urang wajib narekahan

Sabab qodar tara ngabejaan

Mun jalma pasrah sumerah

Teu daek nyiar tarekah

Anggapan papasten Alloh

Jalma nu kitu dila’nah

… … …

Tah kitu kawajiban

Pikeun jalma nu ariman

Rukun iman dititenan

Sangkan Alloh mikaheman

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - IMAN KANA QODHO JEUNG QODAR

IMAN KANA POE QIYAMAT

Rukun iman kalimana

Yakin akherat teh aya

Tempat kabeh jalma-jalma

Geusan narima amalan

Di dunya kadar ngumbara

Lain pikeun saendengna

Lamun geus datang mangsana

Mulang ka tempat asalna

Raga jeung nyawa papisah

Manusa moal walakaya

Najan lubak-libuk harta

Taya bisa nu ngabela

Dipundut kunu kawasa

Asup kana jero kubur

Digotong diruang batur

Nyorangan di jero kubur

Amal manusa di dunya

Hade atawa gorengna

Hade wawalesna surga

Goreng tempatna naraka

Meunang ganjaran siksana

Hasil amalan sorangan

Jalma lian mo nulungan

Amal mah sewang-sewangan

Najan adat geus ilahar

Hadiah ngariung dahar

Tahlilan sugan diganjar

Dioper ka anu lian

Kayaning tilu tujuhna

Matang puluh jeung natusna

Newu eujeung saterusna

Eta nu bid’ah hukumna

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - IMAN KANA POE QIYAMAT

IMAN KA PARA ROSUL

Rukun iman kaopatna

Iman ka para Rosulna

Utusan Anu Kawasa

Pikeun mimpin umatna

Sakumna para utusan

Sadayana kasifatan

Ku sifat-sifat nu wajib

Oge mustahil jeung jaiz

...

SIFAT WAJIB, MUSTAHIL DI RASUL

Sifat nu wajib di Rasul

Hiji shidiq tara rahul

Shidiq pihartieunnana

Rosul bener salamina

Sabalikna sifat shidiq

Pamohalan Rosul kidzib

Sab kidzib hartina bohong

Mustahil Rosul ngabohong

Kadua wajib amanat

Jujur mustahi khianat

Para Rosul kawajiban

Ngemban amanat Pangeran

Wajib tabligh katiluna

Nganepikeun agamana

Ka masing-masing umatna

Sangkan salamet hirupna

Sifat tabligh sabalikna

Kitman nyumputkeun hartina

Rosul kitman pamohalan

Nyumputkeun tugas Pangeran

Fathonah nu kaopatna

Wajib pinter di anjeunna

Ari lalawananana

Biladah bodo hartina

Rosul bodo pamohalan

Sulaya tina timbalan

Diangkat jadi utusan

Ku Alloh nu Maha Heman

SIFAT JAIZ DI ROSUL

Rosul teh bangsa manusa

Seliran Maha Kawasa

Sifatna taya bedana

Reujeung manusa lianna

Sok ngaleueut reujeung dahar

Keuna ku lapar hanaang

Kulem atawa teu damang

Nu kitu ngaranna wenang

Ngan beda jeung nu lianna

Rosul ku Alloh dijaga

Dijaring sarta diriksa

Tina ngalakukeun dosa

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - IMAN KA PARA ROSUL

IMAN KANA KITAB-KITAB

Rukun iman katiluna

Percaya kana kitabna

Nu ditampi para Nabi

Wahyu tinu Maha Suci

Kitab Zabur kahijina

Nabi Dawud nu nampina

Kitab toret kaduana

Ditampi ku Nabi Musa

Kitab Injil katiluna

Ka Nabi Isa lungsurna

Sarta kaopatna Qur’an

Candak Nabi akhir zaman

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - IMAN KANA KITAB-KITAB

IMAN KA MALAIKAT

Rukun iman kaduana

Percaya ka Malaikat

Tegesna ka Malaikat

Yen Malaikat teh aya

Malaikat makhluk Gusti

Ahli ibadah ngabakti

Tara baha jeung mak’siyat

Salilana tunduk tho’at

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - IMAN KA MALAIKAT

IMAN KA ALLOH

SIFAT ALLOH

Alloh wajib ka sifatan

Ku sifat kasampurnaan

Sarta mustahil pangeran

Kasifatan kakurangan

Sifat Alloh mun diwincik

Aya tilu masing telik

Sifat wajib kahijina

Mustahil nu kaduana

Sifat jaiz katiluna

Wenang pihartieunana

Ngayakeun ngeuweuhkeunana

Kumaha kersa anjeuna

SIFAT WAJIB ,MUSTAHIL DI ALLOH

Sifat nu wajib di Alloh

Hiji wujud ulah salah

Wujud pihartieunana

Pangeran wajib ayana

Dalil Alloh wajib aya

Buktina alam sadaya

Nyakitu deui manusa

Alloh anu ngadamelna

Tah kitu ceuk dalil aqli

Aya makhluq jadi ciri

Kana wajib wujud gusti

Kabeh alam jadi saksi

Sifat wujud sabalikna

Mustahil di anjeunana

Nyaeta ‘Adam hartina

Mustahil heunteu ayana

Wajib qidam kaduana

Alloh tipayun ayana

Sarta taya mimitina

Tur moal aya tungtungna

Dalilna yen Alloh qidam

Pidawuhna dina Qur`an

Huwal awwalu wal akhiru

Hartina ulah kaliru

Lalawanan sifat qidam

Huduts sarua jeung alam

Alloh huduts pamohalan

Sab mustahil di pangeran

Sifat baqo katiluna

Hartina langgeng ayana

Alloh teu aya robihna

Wajib baqo saendengna

Dalil yen Alloh teh baqo,

Alloh parantos ngandika,

Wayabqo wajhu robbika,

Langgeng pangeran andika

Sifat baqo sabalikna

Mustahil anjeuna fana

Sabab pihartieunnana

Yen Alloh aya ruksakna

Alloh ruksak pamohalan

Mustahil kanggo pangeran

Sabab sulaya jeung qur`an

Nu didawuhkeun pangeran

Ari sifat nomer opat

Lilhawadits mukholafat

Hartina teh teu sarua

Jeung makhluk henteu sarua

Dalil Alloh nyulayaan

Makhluk moal nyarupaan

Jeung kabeh sifat pangeran

Cukup aya dina qur`an

Lil-hawadits mukholafah

Anu mustahil di Alloh

Hartina teu nyarupaan

Alloh sarua jeung alam

Qiyamu binafsihi

Sifat nu wajib di gusti

Alloh jumeneng ku anjeun

Hanteu aya anu nyieun

Lawan qiyam binafsihi

Qiyamu bighoerihi

Hartina teh dijenengkeun

Hanteu jumeneng ku anjeun

Wahdaniyyah kagenepna

Hartina wajib tunggalna

Hiji sifat rejeung dzatna

Nyakitu deui af’alna

Ari lalawananana

Nyaeta ta’addud hartina

Pangeran seueur jumlahna

Mustahil kanggo anjeunna

Sabab sifat wahdaniyyat

Pangeran taya syarikat

Rencang atawana sobat

Suci tina eta sifat

Wajib qudroh katujuhna

Alloh kawasa sifatna

Ngayakeun ngeuweuhkeunnana

Teu hese kanggo anjeunna

Dalilna Alloh kawasa

Lamun Alloh teu kawasa

Tangtu makhluk moal aya

Sab taya nu ngadamelna

Bumi langit jeung eusina

Kabeh diayakeunnana

Ku sifat qudrot anjeuna

Kawasa taya watesna

Sifat qudroh sabalikna

Al-‘ajzu hartina

Alloh apes teh mustahil

Bukti makhluk jadi dalil

Kadalapanna irodah

Kersaana gusti Alloh

Ngayakeun alam sadaya

Kalayan kersa anjeuna

Lalawananana Irodah

Mustahil Alloh karohah

Sabab taya nu marentah

Maksa atawana nitah

Wajib ilmu kasalapan

Maha uninga pangeran

Pinterna taya bandingan

Moal aya nu nyamian

Sifat ilmu sabalikna

Al-jahlu bodo hartina

Alloh bodo pamohalan

Mustahil kanggo pangeran

Kasapuluh wajib hayat

Hirup hurip moal pegat

Najan dunya geus qiyamat

Alloh tetap wajib hayat

Lalawanan sifat hayat

Mustahil pangeran maot

Maot pihartieunana

Pangeran aya pupusna

Alloh pupus pamohalan

Sabab jumeneng pangeran

Hirup lain dihirupkeun

Hirup lain kunu lian

Wajib bashor kasabelas

Gustli Alloh maha awas

Paningalna cekas awas

Kanu hideung kanu bodas

Dalilna Alloh ningali

Sarta wajib ti ajali

Wahuwa sami’un bashir

Hartikeun masing kapikir

Lalawanan sifat bashor

‘A-ma hartina teh paor

Lolong teu bisa ningali

Eta mustahil di gusti

Dua belas wajib sama’

Maha ngadangu hartina

Anu deukeut tur anggangna

Henteu samar ka anjeuna

Lalawanan sifat sama’

Mustahil Alloh ash-shoma

Sabab hartina ash-shoma

Alloh torek pangdanguna

Mutakallim tilu welas

Ngadawuh nu maha welas

Wakallamallohu musa

Taklima gera pariksa

Riwayat ayat diluhur

Wangkid Musa di gunung tur

Anjeuna nampi pihatur

Ti pangeran robbun ghofur

Mutakallim sabalikna

Bukmun teh pireu hartina

Alloh pireu teh mustahil

Ayat tadi jadi dalil

Tah kitu sifatna gusti

Titenan masing taliti

Sangkan nyembah jeung babakti

Sapuk jeung parentah gusti

Lamun urang henteu telik

Inggis tohid jadi syirik

Umaku pangeran Esa

Buktina nyembah berhala

Mun ‘itikad kacampuran

Ku sawareh pamusyrikan

Pasti tauhidna robah

Kabeh ngajadi khurofah

Sabab musyrik ngandung harti

Midua nyembah ka Gusti

Teu saeutik nu babakti

Ka kubur ka para wali

Gunung luhur dipunjungan

Kai gede disuguhan

Batu keris dikukusan

Dipuja lir ka Pangeran

Tukang musyrik i’tikadna

Ibadah jeung ngadu’ana

Make antara nyembahna

Nganggap karamat ka benda

Tawasul kana berhala

Menta diijabah du’a

Boga rasa gede dosa

Ngadu’a langsung mo bisa

‘Amal kitu teu karasa

Henteu boga rasa dosa

Padahal Alloh geus atra

Marentah langsung ngadu’a

Ud’uni astajib lakum

Padawuh Alloh geus ma’lum

Hartina pek maneh menta

Langsung ka Kami mentana

Kami pasti ngaijabah

Kana du’a anu mernah

Tah kitu pidawuh Alloh

Amalkeun ulah rek salah

Iman urang masing tuhu

Numutkeun aturan wahyu

Nyakitu deui ibadah

Masing cocok jeung parentah

Amal nu kudu diraksa

Taliti masing toweksa

Matak sasarna agama

Lampahna teh lalawaora

Nyaeta bid’ah khurofat

Tahayul musyrik ma’siyat

Islam dicampur ku adat

Agama ruksak teu sehat

Faham hindu pasolengkrah

Ngukur agama ku lumrah

Qur’an teu dipake hujjah

Amal lain tina sunnah

Ibadah nu samistina

Nyata niru ti Nabina

Henteu meunang saka-kama

Sangkan amal ditarima

Tah kitu pidawuh Gusti

Mangka kade sing taliti

Patokan Islam geus pasti

Al-Qur’an reujeng haditsnya

Qur’an jeung hadits saluyu

Henteu aya nu diadu

Sabab eta kabeh wahyu

Lain pangaturan nafsu

Wama yantiq ‘anil hawa

In huwa illa wahyun yuha

Lain ucap tina rasa

Anging wahyu nu kawasa

Mun ibadah campur bid’ah

Pasti timbul khilafiyah

Parebut ngadu mas’alah

Ngabela faham nu salah

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - IMAN KA ALLOH

RUKUN IMAN

Rukun iman sadayana

Genep wajib dipercaya

Kahijina wajib iman

Ka Alloh nu maha heman

Kadua ka Malaikat

Tilu rasul ulah lepat

Kana kitab nomer opat

Lima ka poe akherat

Qodho qodar ka genepna

Papsten tinu kawasa

Sae atawa awona

Urang wajib percayana

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - RUKUN IMAN

RUKUN ISLAM

Rukun islam aya lima

Pidawuh Rasul utama

Hiji ngucapkeun syahadat

Kadua ngadegkeun sholat

Katiluna wajib zakat

Shaum rukun nu kaopat

Munggah haji kalimana

Mun kawasa di jalanna

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - RUKUN ISLAM

RUKUN AGAMA

Sadaya rukun agama

Aya tilu sing uninga

Hiji iman dua islam

Nomer katiluna ihsan

Iman hartina percaya

Petekadan teu cangcaya

Ucap lampah teu sulaya

Jeung parentah Anu Mulya

Islam hartina sumerah

Patuh tunduk sarta pasrah

Ngamalkeun agama Alloh

Nu dicandak Rasululloh

Ihsan pihartieunnana

Ibadah sing sabenerna

Ngabakti sumujud nyembah

Lir embreh ninggal ka Alloh

Najan urang teu tiasa

Ninggalna ku dua soca

Alloh mah Maha Uninga

Ninggali salalamina

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

READMORE - RUKUN AGAMA