Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Sabtu, 09 Oktober 2010

IMAN KA PARA ROSUL

Rukun iman kaopatna

Iman ka para Rosulna

Utusan Anu Kawasa

Pikeun mimpin umatna

Sakumna para utusan

Sadayana kasifatan

Ku sifat-sifat nu wajib

Oge mustahil jeung jaiz

...

SIFAT WAJIB, MUSTAHIL DI RASUL

Sifat nu wajib di Rasul

Hiji shidiq tara rahul

Shidiq pihartieunnana

Rosul bener salamina

Sabalikna sifat shidiq

Pamohalan Rosul kidzib

Sab kidzib hartina bohong

Mustahil Rosul ngabohong

Kadua wajib amanat

Jujur mustahi khianat

Para Rosul kawajiban

Ngemban amanat Pangeran

Wajib tabligh katiluna

Nganepikeun agamana

Ka masing-masing umatna

Sangkan salamet hirupna

Sifat tabligh sabalikna

Kitman nyumputkeun hartina

Rosul kitman pamohalan

Nyumputkeun tugas Pangeran

Fathonah nu kaopatna

Wajib pinter di anjeunna

Ari lalawananana

Biladah bodo hartina

Rosul bodo pamohalan

Sulaya tina timbalan

Diangkat jadi utusan

Ku Alloh nu Maha Heman

SIFAT JAIZ DI ROSUL

Rosul teh bangsa manusa

Seliran Maha Kawasa

Sifatna taya bedana

Reujeung manusa lianna

Sok ngaleueut reujeung dahar

Keuna ku lapar hanaang

Kulem atawa teu damang

Nu kitu ngaranna wenang

Ngan beda jeung nu lianna

Rosul ku Alloh dijaga

Dijaring sarta diriksa

Tina ngalakukeun dosa

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

0 komentar:

Posting Komentar