Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Sabtu, 09 Oktober 2010

IMAN KANA POE QIYAMAT

Rukun iman kalimana

Yakin akherat teh aya

Tempat kabeh jalma-jalma

Geusan narima amalan

Di dunya kadar ngumbara

Lain pikeun saendengna

Lamun geus datang mangsana

Mulang ka tempat asalna

Raga jeung nyawa papisah

Manusa moal walakaya

Najan lubak-libuk harta

Taya bisa nu ngabela

Dipundut kunu kawasa

Asup kana jero kubur

Digotong diruang batur

Nyorangan di jero kubur

Amal manusa di dunya

Hade atawa gorengna

Hade wawalesna surga

Goreng tempatna naraka

Meunang ganjaran siksana

Hasil amalan sorangan

Jalma lian mo nulungan

Amal mah sewang-sewangan

Najan adat geus ilahar

Hadiah ngariung dahar

Tahlilan sugan diganjar

Dioper ka anu lian

Kayaning tilu tujuhna

Matang puluh jeung natusna

Newu eujeung saterusna

Eta nu bid’ah hukumna

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

0 komentar:

Posting Komentar