Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Sabtu, 09 Oktober 2010

IMAN KANA QODHO JEUNG QODAR

Rukun iman kagenepna

Iman kana papastenna

Katetepan nu kawasa

Nangtukeun kabeh manusa

Makhluq Gusti sadayana

Geus diatur ku Anjeunna

Boh bagja boh cilakana

Kabeh papasten anjeunna

Masing-masing boga nasib

Ngan bae teu kabeh gaib

Urang wajib narekahan

Sabab qodar tara ngabejaan

Mun jalma pasrah sumerah

Teu daek nyiar tarekah

Anggapan papasten Alloh

Jalma nu kitu dila’nah

… … …

Tah kitu kawajiban

Pikeun jalma nu ariman

Rukun iman dititenan

Sangkan Alloh mikaheman

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

0 komentar:

Posting Komentar