Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Selasa, 05 Oktober 2010

BUBUKA

Bismillahirrohmanirrohim,,,
kecap Basmallah, mangrupikeun kecap nu dikedalkeun dina ngawitan milampah hiji perkara, nya kitu deui dina ieu rohangan kalawan ngedalkeun Basmallah kuring ngawitan nyerat di ieu rohangan nyatana sabagai bubuka.
kalayan pangersa nu Maha Kawasa, alhamdulillah dina danget ayeuna nembe tiasa ngawitan ngeusian ieu rohangan, saparantos sababaraha bulan kapengker ieu rohangan diantepkeun bae taya nanaonan.
lamun seug kudu balaka sabenerna simkuring teu pati bisa kana tulas-tulis teh, jeung teu apal naon ari Blog teh??? dumeh ieu mah kataji ku palawargi saba'da kuring ningali seratan palawargi. Anapon ieu Blog ku kuring dingaranan Rohangan DalapanLima ( 85 ) taya lian pikeun nguatkeun ciri yen ieu teh simkuring, nyatana ku angka 85 (nu kungsi, malihanan masih aya dina salah sahiji media jejaring sosial), naha bet angka 85? ah, eta mah rusiah simkuring. :)
mudah-mudahan ku perantawisan ieu, tiasa ngaraketkeun tali silaturrahim khususna sareng palawargi nu kungsi ningal atanapi wanoh ka simkuring, umumna sareng balarea sajagat raya.
cag sakieu seratan nu munggaran nu tiasa kakedalkeun, hapunten nukasuhun bilih aya seratan atanapi kecap nu kirang merenah, neda koreksianana. Hatur nuhun

Baktos
Doel Qoyyum

0 komentar:

Posting Komentar