Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Senin, 11 Oktober 2010

Oleh-oleh ti Danau Ciharus



-Situ Ciharus-
Lamun seug urang leumpang
antara kamojang-samarang
urang bakal ngaliwatan
leuweung geuleudeugan
didinya nyampak hiji situ
nu katelah situ ciharus
situ ciharus
caina herang ngagenclang
tatangkalana hejo nemplok
ibunna bodas nyacas
situ ciharus
waktu beurang caang ngempray
wanci peuting poek mongkleng
situ ciharus
pamandanganana endah kabina-bina
matak betah anu nganjang
matak sono anu mondok.

danau ciharus,samarang,garut 07012010


http://www.facebook.com/notes.php?id=1544260895&notes_tab=app_2347471856#!/note.php?note_id=247649027605

0 komentar:

Posting Komentar