Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Kamis, 07 Juni 2012

TETANUS HATE


Cipt : Abdul Mushlih

TETANUS HATE
Lamun urang teu miara kasehatan
Pasti bakal gampang pisan panyawatan
Bisul kutil kerup kadas jeung borokan
Bongan awakna jarang diberesihan

Lamun urang teu miara kaimanan
Pasti bakal loba pisan kamungkaran
Basil dengki kuman hasad racun setan
Sumeleket kana hate gancang pisan

Lamun jalma katerap tetanus hate
Tara sadar tara nganggap batur hade
Pami tatanggana meunang kani’matan
Kabenci nyaliara ka sakujur badan

Lamun kongang karepna hayang ngadu’a
Supaya tatanggana gancang cilaka
Mun tatangga kabeneran boga banda
Mikiran sangkan bandana gancang suda

Lamun jalma mibanda sifat nu tadi
Eta jalma panyawatna parah pisan
Kudu gancang dijeksi ku hadist nabi
Bari terus disiram ku ayat al Quran

Ieu lagu baris dipentaskeun dina acara Haflah Imtihan 2012 Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, ku barudak Calung tingkat MI (Madrasah Ibtidaiyyah)





READMORE - TETANUS HATE