Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Minggu, 28 November 2010

BALITUNGAN

Ku Mang Jojo ping 18 Mei 2010 tabuh 18:30

Balitungan
(kinanti)


I
Mun baheula arek ngitung
make nyere hiji-hiji
kertasna ge make sabak
nulisna mah make gerip
mun salah dina itungan
di susut lamak jeung cai

ningkat beh dieuna maju
kertas daluang ngagenti
sok nyuub mun ditulisan
kumangsi merekna ‘lady’
ngitungna make cipoa
berendel nu tina kai

mun ngagambar pasti gunung
pamandangan euweuh deui
jalan jeung sawahna ngeplak
walungan jeung tangkal kai
panon poe rejeung mega
langit di hias ku piit

pulpen murah merk tatung
da parker teu kuat meuli
mangsina teh diwadahan
ku gelas buleud laleutik
di simpen d tengah meja
jeung pena kalam di sisi


lajeng suparantos kitu
merek bolpoin nu gampil
digentos eusi lebetna
tapi sakapeung ngadahdir
komo pami katiisan
mangsina macet teu bijil

mun ngagambar garis dadu
nganggo ‘trackpen’ pena alit
meja ageung ngadayagdag
ditulisna dina kalkir
kertas herang nu ‘transparan’
pangaosna rada awis

‘tangen sinus per cosinus’
na elmu trigonometri
‘elmu ukur sudut’ tea
ngabandingkeung sisi gigir
‘alpha beta lambda tetta’
ngaran juruna notasi

atuh ngitung beuki ripuh
desimal paranjang teuing
cipoa teh kawalahan
gentos kalkulator ‘canggih’
ameh bisa ngitung akar
reujeung saeutik ‘memori’

apal raraban teu kudu
ngitung teh teu rea mikir
da kari mencet tombolna
asal batre aya eusi
itungan teh bleg di layar
jentre henteu bireuk deui

elmu teknologi maju
itungan tambih jeung grapik
malahan bisa ’formula’
rumus tiasa diancik
dina memori lebetna
beuki dieu beuki hebring

lami-lami atuh jebul
komputer namina ‘pisi’
‘personal computer’ tea
nu mimiti tipe ‘eksti’
‘eti’ anu salajengna
itungan gancang kapanggih

lajeng gentos ku ‘pentium’
‘prosesorna intel’ canggih
intel dua- tilu-opat
tipe anu silih genti
ngitung - ngagambar ge gampang
sabab make aplikasi

‘pisi’ nenggang geus teu usum
‘sten elon’ makin langki
sabab tos nyambung jaringan
protokol tisipi-aipi
basa jaringan kawentar
’leyer transpor’ data eusi

mun sirib keur ngala lauk
ieu mah keur ’ilmu ngetik’
balarea anu boga
alatna tur aya duit
hanjakalna rada mahal
teu kabeuli keur nu miskin

II
balik deui kana elmu
komputer dina teori
ka hiji perangkat keras
buktina the alat pisik
’cepe-u kibod’ ditambah
monitor keur urang ngintip

nu kadua sok disebut,
ieu ge kacida penting
nya eta perangkat lunak,
software tea gaduh nami
eusina teh seueur ’program’
‘o-es ‘ reujeung aplikasi

o-es teh nyawa cepe-u
nu mimiti ’dos’ dianggit
windows mah ka behdieuna
mun server mah nganggo ’unix’
dipasangna teh tiheula
memah masang aplikasi

aplikasi nu dimaksud
keur migawe niat hiji
misalna nyusun kalimah
’weud prosesor’ boga nami
pamina ’tabel’ etangan
bisana nganggo ’sprid sit’

ngirim surat kanu jauh
kantun ngotret nganggo ’i-mil’
perangko mah da teu kedah
’klik oke’ serat di-’submit’
katampina tangtos gancang
na koropak ’inbox’ dugi

atuh mun da’wah ge hayu
biantara ‘presentasi’
aplikasi geus sadia
dingaranan ‘power poin’
lampu ‘infokus’ ngagebray
disorotkeun kana bilik

lamun imah rek diwangun
autoked tinggal milih
teu kudu hese ngagambar
be waragad jang ngijir
da enggeus sadia pola
tinggal nyambung jeung ngaracik

lamun poto hayang alus
diseken heula mimiti
diedit sakabutuhna
kasang tukang jeung pipinding
nini aki jadi ngora
sabab dimanipulasi

lamaun katarajang ‘pirus’
komputer nagjeten cicing
atawa ngaco jadina
data ruksak komo leungit
kudu geuwat dibersihan
ku ‘sopwer’ anti nu matih

lamun urang hoyong gaduh
komputer ageung nu canggih
kanggo kalancaran dagang
data seueur nu peryogi
urang kedah tambih beya
meser ’server’ sewa ’hosting’

basis data oge perlu
salianti aplikasi
lisensi ge dibogaan
meserna ti anu resmi
ulah sok meser bajakan
bisi ditialng pulisi

beuki dieu beuki maju
komputer teh beuki ngeusi
programna beuki merekah
macem-macem bisa milih
gambar hirup ge direka
ngarana teh animasi

malah lain gambar wungkul
sora jeung jirim ngahiji
disebut multi media
gambar jauh katingali
urang teh bisa sawala
na ’pideo konperensi’

kamajuan ’alat input’
disket digentos ku ’plopi’
’sidi draip’ saterasna
’dipidi’ tambih ku ’ples dis’
Malih digabung kamera
’klos sirkit’ jang ngintip maling

III
ulah hilap nu katilu
’brain wer’ teh uteuk jalmi
kedah apal tur katalar
elmu sareng teknologi
ngokolakeun alat-alat
dina sistim inpormasi

da kitu sipatna elmu
mangpaat keur pada jalmi
misalna urang ’fesbukan’
ieu teh sarana penting
kanggo urang sarerea
ngawangun silaturahim

namung mugi henteu bendu
komo deui rengat galih
sanes bade mapagahan
mamatahan ngojay meri
ulah sok kamalinaan
hilap solat lali dikir

margina anu saestu
dunya mah mo lana deui
rek disambung ku kiamat
sugro kubro tos pinasti
urang bakal ngarandapan
moal bisa nyingcet ngijing

anumawi ayeuna prung
geura abdas jig ka cai
komputer lesotkeun heula
niat ibadah ka gusti
rek ngaos atawa sholat
istigfar atawa muji

neneda gusti nu agung
sihapunten jisim abdi
kirang syukur kana nikmat
lalawora lampah kuring
komputer jadi berhala
gogoda dongkap ti iblis

sabak batu mun kapungkur
tara nyoceng waktos ngaji
kertas nyuub oge sabar
sumerah kana rejeki
iklas kuring tumarima
ati teh panceng ka gusti

abdi seja bade nyuuh
tangtos gusti anjeun surti
kuring hoyong dihampura
samudaya dosa abdi
lajeng pasihan hidayah
ditambih sareng taufik

kaunjuk salam ka rosul
muhammad panutan abdi
sareng para shohabatna
kalihna para ’tabi’in’
’pukoha’ sareng ulama
kitu deui mujahidin.

*sayati-supratman 18052010
READMORE - BALITUNGAN

LENYEPANEUN


" Sagala kaum zaman para nabi, aya di nagara urang "
Cag sakitu, moal panjang lebar. sumangga lenyepan !
Walloohu a'lam.
READMORE - LENYEPANEUN

Sabtu, 27 November 2010

GURUNGGUSUH

ku Mang Jojo ping 13 Juli 2010 tabuh 15:02

Gurunggusuh

(Kinanti)


I
isuk-isuk bada subuh,
gagancangan kuring mandi
ti dinya kuring sasarap
goreng sangu kecap amis
endog ceplok jeung gorengan
dikalemkeun susu kopi

sanggeusna rengse mumuluk
ngaleos kuring ka pipir
nyokot motor roda dua
nu curumut henteu bersih
teu kaboro dimandian
sabab mulang teh janari

mun dipikir asa lucu
indit isuk mulang peuting
eta peta tibaheula
tapi tempatna teh lain
ayeuna kuring di kota
baheula di kampung sisi

ti kota baheula jauh
mobil langka motor awis
miang teh carangcang tihang
lamun henteu urang pasti
nyoceng waktu keur di jalan
rejeki kaburu nyingkir

di kota kiwari dumuk
jalan macet sarta leutik
wahana teu bisa gancang
loba ngarandeg jeung cicing
pabaliut teu katahan
kasenggol geus lumrah deui

II

diselah motor durugdug
tapi naha eureun deui
padahal loba bensinan
kuring nyoba muka busi
geuningan haranghangsuan
dihampelas jadi leungit

ngelegenceng motor maju
kajalan raya Sayati
motor sedan reujeung beca
pasesedek mani heurin
ditambah angkutan kota
nu eureun ’sakarep uing’

basa jalan lowong mangprung
motor ditumpakan kuring
logak kapakasa ditincak
sabab kagok ngerem deui
ieu poe enggeus beurang
jeung apan kuring geus jangji

jangji arek indit jauh
ka ciamis niat nagih
barang-barang kiriditan
jilbab ciput reujeung samping
tapi ngadadak sakala
tuh kempes ban tukang teh geuning

dina ban teh aya paku
nararanceb lima siki
meureunan bieu na logak
nincak paku deui-deui
untung aya urang batak
tukang kompa vulkanisir

kusiwel sapuluh rebu
kuring ngaluarkeun duit
keur ngupah ka tukang tambal
henteu majar ngitung ngijir
sabab kajurung ku beurang
rek muru kareta api

motor di gas kuring rusuh
setopan ge teu ditolih
lampu beureum ditarajang
kadenge sora piriwit
geuningan aya nu jaga
teu nyangka aya pulisi

pulisi ngahormat rengkuh
menta esteenka jeung sim
kuring mikir hate belang
si sersan teh hayang duit
tapi nyatana di tilang
pulisi alimeun nampi

III
geus kitu motor teh laun
dihaja hate rek tingtrim
ayeuna mimiti sadar
kuring seja ngonci ati
moal gurung gusuh jabrah
hayang diajar tarapti

niat rek kasetatsiun
dibolaykeun henteu jadi
da tangtuna kabeurangan
kareta api geus indit
mending kuring nyimpang heula
sholat dhuha di masigit

ngadunga teh rada husu
kahayang loba rejeki
jeung barokah pangasilan
henteu awuntah jeung werit
duit loba bisa nyesa
lamun leutik bisa mahi


b’sumbul 17052010
READMORE - GURUNGGUSUH

Dikeukeupan Kasusah

ku Mang Jojo ping 12 November 2010 tabuh 8:54


Dikeukeupan Kasusah

(pucung)

aya jalma gawena ngan diharudum

estu kedul pisan

gawena ngan ukur cicing

balukarna hirup teh kadungsang dungsang

polah kitu lain atikan karuhun

nu kitu mah salah

lampah jalma anu melid

kuduna mah manehna daek ihtiar

lamun telat lampah nu cileureun kitu

komo salah lengkah

gawena ngaahir-ahir

teu waspada hanjakal tara tiheula

kakocapkeun nu kedul indit ti kampung

rek nyaba ka kota

maksudna ngarobah nasib

modal nekad kuma engke kasampakna

ari datang ka kota bet jadi bingung

sugan teh rek gampang

geuningan hirup beuki miskin

nya kapaksa dahar ge sakapanggihna

pagulisek nyewa imah nu rek rubuh

saguriwek ngontrak

imah panggung dinding bilik

kamer leutik bari parana gudawang

mimitina gawe teh ngunjalan karung

eusina kintalan

di kios jalma balantik

naktak mundak ari buruhna teu pira.

terus pindah digawe di kebon kangkung

pancena teu susah

nyuaykeun jukut jalabrig

henteu lana sabab kebon kacaahan

narik beca tapi katangkep ku tibum

diambek dunungan

laklak dasar hate nyeri

balukarna nganggur deui beuki susah

euweuh gawe luntang lantung tambuh laku

na tambah balangsak

beuki hese nyiar duit

nahan lapar mandi ge sakampeurna

geus kieu mah kuring ngarasa kaduhung

kabengbat ku kota

itungan meleset geuning

hanas boga tanah saeutik dijual

bet kapahung era mun balik kalembur

tacan beubeunangan

wirang apes nasib diri

kabelejog ke erong ku pangbibita

sayati 17052010


READMORE - Dikeukeupan Kasusah

Jumat, 26 November 2010

LALAMPAHAN SAPOPOE - I ( neraskeun hanca-2)

Ku Mang Jojo ping 20 April 2010 tabuh 11:30

IX
Balakbak

jalan tamblong seueur nu teu terangeun rupina teh
daeng kanduruan ardiwinta pan eta teh
anjeuna teh salasawios pangarang sunda anu payun keneh

lajeng majeng kapayun jalan bet ngeyeted macet
sihoreng seueur mobil nu kaluar ti apotek
sareng tempat marios jalmi di laboratorium biotes

srog di payun ayu nu nuju icalan peempek
sapalihna aya nu icalan sampeu digoreng
ngagorengna nganggo katel anu warna hideung lestreng tos rombeng

dihandapeun tangkal kai nu dahana direkrek
kios rupek dijerona seueur roko keretek
nu bogana mah nangtung diluar eukeur ngawadahan balok es

Gurisa

Kuring ngalamun katukang
Basa kai sisi jalan
Direkrek jeung dituaran
Jalma nu rek masang iklan
Api-api bodo pisan
Eta ngarumpak aturan
Cing atuh ulah kacida
na mawa karep sorangan

Lamunan leungit kegebah
Ningal jalmi anu siwah
Dibuligir rambut gimbal
Diuk nyoo nangka ngora
Gori alit rada panjang
Diusapan lalaunan
Kunyam kunyem bagun nimat
Kawas marancahan jimat

Terus aya nu ngaliwat
Dua wanoja lalenjang
Diapit dua jajaka
Rek arindit ka sakola
ngarandeg dua jajaka
palebah jalmi nu siwah
nu wanoja geuwat ngenyang
bari imutna ditahan

Ladrang

jalan sunda ayeuna tos dugi
Totogan ti parapatan lima
Ka kalerkeun ngan sajalan
Jalana teh rame pisan
Pasedek sedek motor angkot jeung sedan

Tukang konci nu awakna leutik
Inyana keur ngagurinda
Melenyun roko na biwir
Haseup ngebul tina irung tur nerekab

Dibehkalereunana saeutik
Nu aya toko rongsokan
Pakarangan henteu resik
Barang butut pabalatak mancawura

Ti dinya mobil mengkol teu lami
Jalan bungsu nu ditincak
Kuloneun pasar kosambi
kopeah iming caket ka gang katapang

Kosambi teh geuning beuki heurin
Pasarna mudal ka jalan
Sareukseuk anu ningali
Pasar kotor jeung mani pinuh ku runtah

Gedong rumentang siang di tolih
Di jalan baranang siang
Patempatan panggung seni
Seni nu kiwari kapeped ku jaman

Juru Demung
Seni di jaman ayeuna
Tos benten sareng kapungkur
Asa kirang aji
Kuma ceuk ramena pasar
Sponsor anu digugu

Komo deui seni sunda
Banda urang anu luhung
Teu dipusti pusti
Utami ku balarea
ngambek mun dipaling ku batur

teu maido kuring sadar
rahayat keur bararingung
tur seueur kapeurih
dina ngemutan nasibna
seni teh henteu kaurus

X

Kinanti

toko-toko tos kakepung
ku pe-ka-el nu balantik
nu daragang sakarepna
masang saung hateup plastik
teu ngawaro mun dicaram
pokona mah kuma uing

atuh toko teh balangkrut
sabab suwung nu mareuli
etalase kahalangan
trotoarna ge rarujit
nu balanja haroream
kalah neangan nu lain

ka wetan mobil teh maju
kahalang kareta api
jalana teh alon pisan
kakulonkeun henteu lincig
motor padedet di jalan
teu sabar pagiling gisik

kareta atos ngalangkung
palang beusi tos ditarik
tengen kiwa toko aya
nu icalan elektronik
shelter beus tos pinuh jalma
reg atuh beus eureun deui

tidinya mah atuh langsung
ngaliwatan lapang persib
waas mah jaman baheula
lalajo teu boga karcis
kuring jeung batur sok nojal
diudag-udag pulisi

benteng lapang warna paul
kaos persib oge sami
eta teh warna sagara
nu jero tur ayem tingtrim
matak lamun arek mengbal
poma ulah bari licik

di payun bade dipaju
parapatan jalan laswi
macetna langkung pohara
sihoreng taya pulisi
setopan pareum teu caang
mobil pabaliut deui

tapi saparantos kitu
mobil teh ngarandeg deui
di pombengsin anu lega
sim kuring turun ngagejlig
di parapatan suprataman
margi bade gentos mobil

oplet coklat anu butut
teu dititah ge geus ngarti
manehna eureun sorangan
dihandapeun tangkal kai
sim kuring atuh clak tumpak
ka kalerkeun ngincig deui

muararajeun dituju
eta tempat gawe kuring
di jalan raya supratman
genep dalapan nu pasti
sukurna alhamdulillah
jam tujuh kuring tos dugi

tah lalampahan teh kitu
mios tadi ti sayati
muararajeun diseja
dina pupuh kuring nganggit
tebih pisan ti sampurna
wayahna da sanes ahli

XI

Kinanti

sihapunten nu kasuhun
mugi ageung pangaksami
nganyam rumpaka teh carang
tapi kuring hoyong ngiring
ngareuh-reuah budaya
sok sanaos jalmi laip.

pun ampun anu kasuhun
ka gusti nu mahasuci
hapunten anu diteda
bilih dosa jisim abdi
dina nyerat paniatan
ngarempag uger agami.

Muararajeun 19042010
READMORE - LALAMPAHAN SAPOPOE - I ( neraskeun hanca-2)

Diajar pupuh - Ngabaladah warisan



Ku Mang Jojo ping 24 November 2010 tabuh 7:54


Para wargi sakalih.

Tarekah ngawanohkeun jeung diajar basa tur budaya tiasa dijalankeun ku opat rupi aja nya eta : (a) diajar mikanyaho (learning to know), (b) diajar migawé (learning to do), (c) diajar mibanda learning to be), jeung (d) diajar milampah hirup babarengan (learning to live together ).

Nyoko kana patokan jeung tarekah di luhur, sareng nohonan pamundut rerencangan fesbukan nyaeta ustad Wangsa Oerang Subang Pituin sareng ibu Tia Baratawiria (aranjeuna teh damelna ngawulang), anu keukeuh meredih ka sim kuring anu laip, nya sim kuring lahlahan (bari jeung geugeumeueun) ngawantunkeun maneh ngintun ugeran pupuh. Ieu oge kenging niron ti nu niron, bilih lepat mah mangga lereskeun sareng mangga geura ungkab ku para saderek.

Dupi pupuh teh guguritan / puisi anu diwangun sababaraha pada (bait). Unggal pada diwangun ku sababaraha padalisan (baris). Unggal padalisan diwangun ku sababaraha kecap, unggal kecap diwangun ku engang. Jumlah engang unggal padalisan oge aya katangtosanana (guru wilang),mun bilangan nyalahan (ngarumpak guru wilang) disebut elung. Kitu deui engang dina kecap panungtung unggal padalisan aya patokanana nyaeta sora vocal (a, i, e, o, atanapi u) disebat guru lagu atanapi guru dingdong. Mun nyalahan (ngarumpak guru dingdong) sok disebut ngandang.

Dina pupuh aya nu disebat Sekar Ageung nyaeta pupuh anu ilahar / sering dianggo ku pangarang (panganggit) pupuh diantarana nya eta Sinom, Asmarandana, Kinanti sareng Dangdanggula. Nu sanesna (13 pupuh deui) disebat Sekar Alit.

Pupuh oge gaduh watek anu ngagambarkeun kaayaan rasa (hate, pikiran, paripolah, pasipatan, kayaan lingkungan alam sareng sajabi ti eta). Pupuh dilagukeun dina laras pelog, salendro atanapi madenda. Kitu deui dina ngahaleuangkeunana pirajeunan cengkokna teh sok aya nu rada benten, katawis nu nuju diajar mah biasana salancar teu lekoh sapertos nu ahli dina cengkokna teh. Ka sugri anu parantos uninga sareng ahlina, mugia ulah waka ngagegebrigan, nyawad kanu nembe diajar, pami ngalereskeun mah sayaktosna kedah, mung ulah dugika nu dialajar teh sawan kuya, teunggar kalongeun, ahirna aralimeun miara, bujeng bujeng mikanyaah. Kasenian sunda anu ublu abla legana sareng ledok (subur) kiwari kubra teu kaurus ku bangsana.

Pami kasundaan anu baheula kantos punjul, hatu urang jantenkeun eunteung sareng modal, salajengna dina ngalakonan hirup kiwari budaya deungeun (utamina ilmu sareng teknologi) anu lalebet ka urang , cuang jantenkeun 'bendungan' kanggo ngocoran 'sawah' urang, atuh 'runtahna' mah urang piceun. Urang (utamina nonoman) teh gaduh pancen miara seni budaya supados punjul sarta samartabat sareng bangsa nu sanes.

Mangga di handap ieu kasanggakeun ugeran sahinasna dina ngawangun rumpaka pupuh sunda.

No -Nami -Jumlah Padalisan- Engang & vocal tungtung - Watek

1 Asmarandana -7- 8i, 8a, 8e atawa 8o, 8a, 7a, 8u, 8a Silih asih, silih pikanyaah, pepeling

2 Balakbak -3- 15e, 15e, 19e Heureuy, banyol tapi lantip/sopan

3 Dangdanggula -10- 10i, 10a, 8e, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a Kabungah, sugema

4 Durma -7- 12a, 7i, 6a, 7a,8i,5a, 7i, Sumanget, gede pangharepan, gilig

5 Gambuh -5- 7u, 10u, 12i, 8u, 8o Bingung, kanyeri, kasusah, samar polah, sedih

6 Gurisa -8- 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a Lulucon, ngalamun, pangangguran, malaweung, tamba kesel

7 Juru Demung -5- 8a, 8u, 6i, 8a, 8u Bingung pipikiran

8 Kinanti -6- 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i Kebek pangharepan

9 Ladrang -4- 10i, 8a, 8i, 12a Banyol, sindir

10 Lambang -4- 8a, 8a, 8a, 8a Pikaseurieun, banyol

11 Magatru -4- 12u, 16u, 8i, 8o Sedih, keuheul, handeueul polah sorangan

12 Maskumambang -4- 12i, 6a, 8i, 8a Nalangsa, sedih

13 Mijil -6- 10i, 6o, 10e, 10i, 6i, 6u Kasedih tapi gede harepan

14 Pangkur -7- 8a, 12i, 8u, 7a, 12u, 8a, 8i Ambek ditahan, napsu kapegung, ambek mentegeg, mayunan pancen / masalah anu beurat

15 Pucung -4- 12u, 6a, 8i, 12a Pepeling, wawar

16 Sinom -9- 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8a, 12a Sumanget, gumbira, deudeuh

17 Wirangrong -6- 8i, 8o, 8u, 8i, 8a,8a Wiwirang, pikaeraeun polah sorangan

Sanaos sim kuring oge seueur patarosan, keun we heula urang tunda. Mangga urang dialajar pupuh warisan sepuh.Etang-etang ngabaladah deui.

Cag,

sayati 16042010

READMORE - Diajar pupuh - Ngabaladah warisan

Rabu, 24 November 2010

JAUH - DEKAT Rp. 2000

JAUH - DEKAT Rp. 2000 damri leuwipanjang-ledeng
DAMRI, LEUWIPANJANG-LEDENG

Wanci kamari poe salasa 23 nopember 2010 kuring balik ti RSHS keur tengah poe ereng-erengan, nalika kuring nepi ka jalan raya, nyatana di jalan Pasteur, kuring ngarasa bingung lantaran kurang apal kudu naek kandaraan/angkot naon anu tereh tur murah pikeun balik ka lembur, rumasa jarang ulin tur naek angkot di dayeuh, kabeneran aya Beus DAMRI, jurusan Leuwipanjang-Ledeng. Tuluy kuring naek kana eta beus, dipikir-pikir geningan asa geus heubeul kuring teu numpak ieu kandaraan, duka teuing sababaraha taun katukang kuring teu numpak DAMRI, numatak nepikeun ka teu apal sabaraha ongkos DAMRI ayeuna?, sakumaha biasa tiap naek DAMRI tara kabagean wae jok, kapaksa nantung, torojol kendek nyampeurkeu bari nagih ongkos,
Kendek : ongkosna ! *bari namprak*

Kuring : sabaraha mang?

Kendek : sugan biasa sabaraha? (bari rada ngahuleng)

Kuring : nyeta mang asa geus heubeul teu numpak ieu kandaraan numatak hilap deui, rarasaan mah baheula Rp. 800 keneh.

Kendek : Heueuh baheula eta mah, ayeuna mah geus 2000 perak jang ongkosna ge, tuh tingalikeun stikerna ( bari nunjuk stiker nu aya tulisan JAUH-DEKAT Rp. 2000 )

DAMRI

Geningan tetep jauh jeung ongkos angkot mah, murah keneh numpak beus, asa inget keneh baheula mah ongkos eta beus teh mun teu salah mimiti kuring naek eta kandaraan, teuing 350 teuing 300 perak, malahan kungsi baheula mah keur ongkos 800 keneh, mikeun duit sarebu dipulangan 800 perak (kuduna mah pamulanganana 200 perak), ah teu loba carita, sakuan we ku kuring mah pamulangannana. Tuluy kadieuna keun naek deui, nepikeun ka ayeuna jadi 2000 perak.

READMORE - JAUH - DEKAT Rp. 2000

Minggu, 21 November 2010

Nyobaan Ngukur Jalan ( Bandung - Bali )


ALBUM FOTO

109 foto

Nyobaan Ngukur Jalan, Bandung - Bali,
- minggu 12092010/03101431 - saptu 18092010/09101431
- Transportasi : motor mang hendra (honda win 96).

Hamdallah kasanggakeun kanu kagunganana, kalayan du'a tur pangrojong ti balarea, tos rengse ngukur jalan antar propinsi lintas madura & bali... jejeg saminggu. ngahaturkeun rebu nuhun laksaketi kabingahan ka sadayana kana du'a tur pangrojongna,,,mugia kengeng wawales nu langkung sae... cag.
baktos
Hendra Aryadi & Djoerig DalapanLima

Bandung-Bali
READMORE - Nyobaan Ngukur Jalan ( Bandung - Bali )