Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Sabtu, 27 November 2010

GURUNGGUSUH

ku Mang Jojo ping 13 Juli 2010 tabuh 15:02

Gurunggusuh

(Kinanti)


I
isuk-isuk bada subuh,
gagancangan kuring mandi
ti dinya kuring sasarap
goreng sangu kecap amis
endog ceplok jeung gorengan
dikalemkeun susu kopi

sanggeusna rengse mumuluk
ngaleos kuring ka pipir
nyokot motor roda dua
nu curumut henteu bersih
teu kaboro dimandian
sabab mulang teh janari

mun dipikir asa lucu
indit isuk mulang peuting
eta peta tibaheula
tapi tempatna teh lain
ayeuna kuring di kota
baheula di kampung sisi

ti kota baheula jauh
mobil langka motor awis
miang teh carangcang tihang
lamun henteu urang pasti
nyoceng waktu keur di jalan
rejeki kaburu nyingkir

di kota kiwari dumuk
jalan macet sarta leutik
wahana teu bisa gancang
loba ngarandeg jeung cicing
pabaliut teu katahan
kasenggol geus lumrah deui

II

diselah motor durugdug
tapi naha eureun deui
padahal loba bensinan
kuring nyoba muka busi
geuningan haranghangsuan
dihampelas jadi leungit

ngelegenceng motor maju
kajalan raya Sayati
motor sedan reujeung beca
pasesedek mani heurin
ditambah angkutan kota
nu eureun ’sakarep uing’

basa jalan lowong mangprung
motor ditumpakan kuring
logak kapakasa ditincak
sabab kagok ngerem deui
ieu poe enggeus beurang
jeung apan kuring geus jangji

jangji arek indit jauh
ka ciamis niat nagih
barang-barang kiriditan
jilbab ciput reujeung samping
tapi ngadadak sakala
tuh kempes ban tukang teh geuning

dina ban teh aya paku
nararanceb lima siki
meureunan bieu na logak
nincak paku deui-deui
untung aya urang batak
tukang kompa vulkanisir

kusiwel sapuluh rebu
kuring ngaluarkeun duit
keur ngupah ka tukang tambal
henteu majar ngitung ngijir
sabab kajurung ku beurang
rek muru kareta api

motor di gas kuring rusuh
setopan ge teu ditolih
lampu beureum ditarajang
kadenge sora piriwit
geuningan aya nu jaga
teu nyangka aya pulisi

pulisi ngahormat rengkuh
menta esteenka jeung sim
kuring mikir hate belang
si sersan teh hayang duit
tapi nyatana di tilang
pulisi alimeun nampi

III
geus kitu motor teh laun
dihaja hate rek tingtrim
ayeuna mimiti sadar
kuring seja ngonci ati
moal gurung gusuh jabrah
hayang diajar tarapti

niat rek kasetatsiun
dibolaykeun henteu jadi
da tangtuna kabeurangan
kareta api geus indit
mending kuring nyimpang heula
sholat dhuha di masigit

ngadunga teh rada husu
kahayang loba rejeki
jeung barokah pangasilan
henteu awuntah jeung werit
duit loba bisa nyesa
lamun leutik bisa mahi


b’sumbul 17052010

0 komentar:

Posting Komentar