Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Jumat, 05 November 2010

NGARAN-NGARAN USUM {MUSIM} DINA SATAUN

http://www.facebook.com/photo.php?fbid=1195993430362&set=a.1195991390311.2025812.1544260895


Baheula mah usum halodo jeung usum ngijih teh angger waktuna. Jadi usum teh beunang diandelkeun, bisa dipake tetengger pikeun tatanen. Tapi ayeuna geus robah, usum halodo jeung usum ngijih teu bisa di tangtukeun. Urang ngabagi usum (musim) anu dina sataun aya 12 mangsa, tapi anu bade dipedar usum dina alam ka tukang

1. MANGSA KASA : Umurna 41 poe,mimitina tanggal 22/23 Juni. Ciri-cirina : dangdaunan marurag, meujeuhna malawija. Bangsa walang (simeut,jangkrik jst) mimiti ngarendog.

2. MANGSA KARO : Umumrna 23 poe, mimitina tangal 2/3 Agustus.Ciri2-na : jujukutan parerang, tangkal randu mimiti pucukan.

3. MANGSA KATIGA : umurna 24 poe,mimitina tgl. 25/26 Agustus. Ciri2-na: halodo bari anginna tiis. Areuy areuy mimiti meulit kala lanjaranana. Awi iwungan,beubeutian cenggehan,palawija panen.

4. MANGSA KAPAT : umurna 25 poe. Mimiti tanggal 18/19 September. Ciri2-na : panas moreret, tapi peuting nyecep tiis. Cinyusu rea anu mengpet, sumur rea anu saat.Biasana sok dipake nyieun atawa ngajeroan sumur. Tangkal randu mimiti pentilan. Manuk manyar nyarieun saying.

5. MAGSA KA LIMA : Umurna 27 poe, mimitina ti tgl.13/14 Oktober. Ciri2-na; rea mendung jeung poe haleungheum. Mimiti hujan turun. Tangkal asem kaluar pucuk. Gadung jeung koneng daunna ngemploh. Oray mimiti laliar.

6. MANGSA KANEM : Umurna 43 poe, mimitina tgl. 9/10 Nopember . Ciri2-na ; bubuahan karolot,. Usum ngagaru sawah. Sabangsaning bangnung mimiti jangjangan.

7. MANGSA KAPITU : Umurna 43 poe,mimitina tgl.22/23 Desember. Ciri2-na ; rea nu katerap panyakit panas jeung nyeri beuteung. Rea walungan banjir jeung hujan angin, Bapa tani mimiti tandur.

8. MANGSA KAWOLU : Umurna 27 poe,mimitina tgl. 3/4 Pebruari. Ciri2-na; Rea ucing kawin. Pare mimiti eusian, rea hileud jeung ulam

9. MANGSA KASANGA : Umurna 25 poe, mimitina tanggal 1/2 Maret. Ciri2-na ; Pare beuneur hejo. Tonggeret disada.

10. MANGSA KASADASA : Umurna 24 poe,mimitina tgl. 26/27 Maret. Ciri2-na; pare tungkul atawa koneng tungtung.Manuk nyarieun sayang , ingon-ingon rareuneuh.

11. MANGSA DASTA : Umurna 24 poe,mimitina tgl. 19/20 April. Ciri2-na ; manuk "makanan" anakna.

12. MANGSA SADA : Umurna 41 poe,mimitina tgl. 12/13 Mei. Ciri2-na; carang jalma nu kesangan lantaran tiris. Usum dibuat.

CAG.

http://www.facebook.com/notes.php?id=1544260895&notes_tab=app_2347471856#!/note.php?note_id=322659957605

0 komentar:

Posting Komentar