Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Rabu, 24 November 2010

JAUH - DEKAT Rp. 2000

JAUH - DEKAT Rp. 2000 damri leuwipanjang-ledeng
DAMRI, LEUWIPANJANG-LEDENG

Wanci kamari poe salasa 23 nopember 2010 kuring balik ti RSHS keur tengah poe ereng-erengan, nalika kuring nepi ka jalan raya, nyatana di jalan Pasteur, kuring ngarasa bingung lantaran kurang apal kudu naek kandaraan/angkot naon anu tereh tur murah pikeun balik ka lembur, rumasa jarang ulin tur naek angkot di dayeuh, kabeneran aya Beus DAMRI, jurusan Leuwipanjang-Ledeng. Tuluy kuring naek kana eta beus, dipikir-pikir geningan asa geus heubeul kuring teu numpak ieu kandaraan, duka teuing sababaraha taun katukang kuring teu numpak DAMRI, numatak nepikeun ka teu apal sabaraha ongkos DAMRI ayeuna?, sakumaha biasa tiap naek DAMRI tara kabagean wae jok, kapaksa nantung, torojol kendek nyampeurkeu bari nagih ongkos,
Kendek : ongkosna ! *bari namprak*

Kuring : sabaraha mang?

Kendek : sugan biasa sabaraha? (bari rada ngahuleng)

Kuring : nyeta mang asa geus heubeul teu numpak ieu kandaraan numatak hilap deui, rarasaan mah baheula Rp. 800 keneh.

Kendek : Heueuh baheula eta mah, ayeuna mah geus 2000 perak jang ongkosna ge, tuh tingalikeun stikerna ( bari nunjuk stiker nu aya tulisan JAUH-DEKAT Rp. 2000 )

DAMRI

Geningan tetep jauh jeung ongkos angkot mah, murah keneh numpak beus, asa inget keneh baheula mah ongkos eta beus teh mun teu salah mimiti kuring naek eta kandaraan, teuing 350 teuing 300 perak, malahan kungsi baheula mah keur ongkos 800 keneh, mikeun duit sarebu dipulangan 800 perak (kuduna mah pamulanganana 200 perak), ah teu loba carita, sakuan we ku kuring mah pamulangannana. Tuluy kadieuna keun naek deui, nepikeun ka ayeuna jadi 2000 perak.

3 komentar:

Unknown mengatakan...

kade aya copet !! kan bernah basa eta waktus uwih ameng ka Burangrang

Unknown mengatakan...

nyeta mang, tadina mah kuring rek nyopet wanoja, sugan aya nu nyangut, sihoreng baroraah...

Kabayan Sabakota mengatakan...

aya guneman antara kondektur jeung panumpang..
panumpang
P)sabaraha mang?
Kondektur (K): dua rèbu...
P): lah atuh pan caket mang...*bari ngasongkeu duit sarebu*
K): nya atuh mun ngarasa deukeut mah, ilaing ulah naèk tadi tèh, leumpang wèè kaituh...

Posting Komentar