Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Jumat, 12 November 2010

LALAMPAHAN SAPOPOE (I)

ku Mang Jojo , ping 12 April 2010, tabuh 1:12

SAYATI-MUARARAJEUN

Asmarandana
I
isuk-isuk kuring indit
ti imah leumpang ka jalan
diteruskeun numpak angkot
ngajugjug ka leuwi panjang
niat mah nyiar kipayah
pendak anu rada lintuh
istri nu kulitna bodas

si istri jalmina nyari
ngalirik semu ngarindat
si kuring bet jadi ambon
siga nu beger mindoan
teu rumasa geus huisan
ya Allah ampun paralun
mugi kersa ngahampura

angkot mengkol ka nu suni
duka teu apal kamana
teu lami mobil teh anjog
ngaliwatan hiji makam
kaangseuh runtah bauna
kapaksa mencetan irung
ngarenghap agep agepan

leuwi panjang atos dugi
rebuan dua ditampa
ku supir angkot nu atoh
manehna rek ka gang ijan
rek neruskeun lalampahan
kuring mah terus balabuh
sabab rek ganti wahana


II

Kinanti


ti dinya kuring teh terus
milarian mobil damri
kahayang mah mobli patas
tapi harita teu manggih
mung aya teh beus biasa
tamaha da euweuh deui.

terminal cicaheum dituju
kalacat hanjat sim kuring
milihan korsi nu tengah
palih kiwa nu di gigir
supaya diuk teu panas
sinar surya enjing-enjing.

kawitna mah rada wagu
numpak deui ieu mobil
boro-boro rek nyanghunjar
tuur dukdek heurin usik
rea runtah salalantrah
hateup rujad can diganti

tapi hate bet kahibur
jul jol istri nu gareulis
masieup sareng cindungna
kitu deui nu lalaki
barudak mani garagah
rangsel ’back-pack’ dirarompi

III

Sinom


ki supir nu nembe hanjat
manehna ngontakeun konci
mobil maju lalaunan
perseneling gigi hiji
tapi ujug ujug ngagibrig
mobil teh lajeng babaung
pedal gasna ditarikan
supaya mobil teh lincig
sigana teh solarna aya caian

jalan kopo dipayunan
ka kaler mobil teh malik
kalacat nu mawa hitar
tiluan pameget istri
nu hiji bajuna lurik
ngahaleuang lagu dangdut
nu hiji engklak-engklakan
sakapeung jeung kekeprokan
satuntasna mah manehna pepentaan

teu boga receh ratusan
kuring cicing api-api
teu malire kamanehna
hare-hare teu ngalirik
sababna lagu teu ari
mun lagu sunda mah tangtu
pesak teh rek dikorehan
moal ieuh dek ijiran
bongan bae lagu nu kitu ayana


IV

Asmarandana


naek Damri mah estuning
janten resep saterasna
seueur nu diasor-asor
teu weleh anu nawisan
nu dagang darehdeh pisan
teu benten ti naek sepur
cicalengka padalarang

ngawitan anu kahiji
aya jalmi nu icalan
buku obat anu jentre
tutuwuhan piubaran
kanggo sagala panyawat
pangaosna lima rebu
bukuna teh laris pisan

kaduana budak leutik
nu ngengelek bubungkusan
sihoreng teh dodol jahe
di sukabumi pabrikna
pangaos sarebu rupia
eusina teh aya tujuh
nu dagang budak someah

teu lami bet aya deui
nu icalan katuangan
eta mah mani rarebo
da nyandakna seueur pisan
dina plastik tengen kiwa
sihoreng teh kacang atum
sabanga sukro di urang

aya deui kacang gurih
sigana siki samangka
bungkusna teh rada hepe
nu diseumat ku ‘jeklekan’
beusi setepler namina
pangosna teh sarebu
nya kaetang sebat mirah

V.
Mijil


parapatan ayeuna tos dugi
laswi sareng kopo
kantorpos mah ka aosna eces
dipayuna aya rumahsakit
gedong anu 'antik'
walanda ngawangun

imanuel eta rumahsakit
tos lami kajojo
diwewengkon namina karees
jalmi dongkap bari sedih kingkin
hoyong damang deui
tiasa mamayu

dirawat mah leres kuring kungsi
da sok jiga poho
pami neda rada kirang beres
patuangan sok rajeun murilit
tambih darah tinggi
opname saminggu

VI.
Maskumambang


saterasna urang teh lajengkeun deui
ningal sisi jalan
paciweuh nu balawiri
nu leumpang sareng wahana

aya oge nu tumpak motor suzuki
bari nyandak beas
genep karung pengker gigir
gogodeg kuring harita

tukang beca nu kerek ngantos rejeki
mani tibra pisan
jadina kuring teh mikir
hirup kedah saayana

di pasirkoja beus dipiwarang minggir
aya nu mariksa
sihoreng tah supervisi
ningali jumlah muatan

salajengna beus teh di gas ampir-ampir
nabrak tukang runtah
nu ngalalar bari ngincig
teu nolih rame di jalan

parapatan ijan tos kalangkung tadi
di kebon kalapa
tukang cendol heunteu cicing
tariwengan nagaladangan

..hanca..

0 komentar:

Posting Komentar