Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Sabtu, 13 November 2010

LALAMPAHAN SAPOPOE (neraskeun hanca -I)

Ku Mang Jojo , ping 13 April 2010, tabuh 18:04

VII.

Durma

tukang bubut nu aya di sisi jalan
gigireun tukang roti
rame pacentalan
kawas eukeur parasea
barina silih tuding
Jeung pepeta
Siga ucing jeung anjing

Anu dilawan pulisi pamong praja
saragem kopel dahrim
ngaringkid dagangan
tukang dagang kaki lima
nu sok ngabudi ucing
paribasana
satpol pepe nu pusing

nu icalan lumpat birat paburisat
buntelan mah dijingjing
lalumpat ka pasar
di jalan dewi sartika
di udag sersan pulisi
teras di tewak
buntelan teh dibanting

dupi jumlah nu kacerek lima urang
asupkeun kana mobil
pikeup teu hateupan
diukna silih tukangan
naha bet cengar cengir
kawas nu bungah
numpak mobil ngabecir


VIII.

Pucung


beus ngarandeg sabab aya ibu-ibu
nu nuju bobot ngalalar
nungtun budak nyangking plastik
sigana mah tas balanja popok budak

tukang emie ngarendeng jeung tukar bubur
ngarobrol galecok pisan
nu nyici minyak keletik
eta nu ngagoreng sampeu goreng pisang


Dangdang Gula

salajengna anjog ka masigit
tuh nu ngajegir di parapatan
alun-alun anu aheng
wewengkon dalem kaum
dipayuneun gedong be er i
digedengeun sawarha
gedong nu meh ancur
jalan asia afika
masjid agung nu katelah bihari
ayeuna masjid raya


Kinanti

dipayuneun masjid agung
dipendem menak bupati
para putra tur garwana
nu ngantunkeun atos lami
mantena pamingpin urang
nu ngaheuyeuk ieu nagri

dikiduleun alun-alun
tilas bupati lalinggih
pengkerna tempat diajar
diwangun ku raden dewi
sartika ngadeg sakola
nya kautamaan istri

kantor pos gedong ngajugrug
jalan banceuy nu digigir
kapungkur aya panjara
persiden urang mimiti
kiwari kari tanghara
etang etang ciri wanci

bras ka pasar cikapundung
tempat jalmi nu balantik
menerkeun sagala alat
radio jeung elektronik
’pisidi’ ’tivi’ ge aya
pokona sagala kumplit

naripan jalan kapaju
meuntas braga bari nyisi
di kiwa gedong budaya
beh dituna teh pom bengsin
di tengen aya bank jabar
tempat ngajengkeun kiridit

...hanca 2..

0 komentar:

Posting Komentar