Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Jumat, 26 November 2010

LALAMPAHAN SAPOPOE - I ( neraskeun hanca-2)

Ku Mang Jojo ping 20 April 2010 tabuh 11:30

IX
Balakbak

jalan tamblong seueur nu teu terangeun rupina teh
daeng kanduruan ardiwinta pan eta teh
anjeuna teh salasawios pangarang sunda anu payun keneh

lajeng majeng kapayun jalan bet ngeyeted macet
sihoreng seueur mobil nu kaluar ti apotek
sareng tempat marios jalmi di laboratorium biotes

srog di payun ayu nu nuju icalan peempek
sapalihna aya nu icalan sampeu digoreng
ngagorengna nganggo katel anu warna hideung lestreng tos rombeng

dihandapeun tangkal kai nu dahana direkrek
kios rupek dijerona seueur roko keretek
nu bogana mah nangtung diluar eukeur ngawadahan balok es

Gurisa

Kuring ngalamun katukang
Basa kai sisi jalan
Direkrek jeung dituaran
Jalma nu rek masang iklan
Api-api bodo pisan
Eta ngarumpak aturan
Cing atuh ulah kacida
na mawa karep sorangan

Lamunan leungit kegebah
Ningal jalmi anu siwah
Dibuligir rambut gimbal
Diuk nyoo nangka ngora
Gori alit rada panjang
Diusapan lalaunan
Kunyam kunyem bagun nimat
Kawas marancahan jimat

Terus aya nu ngaliwat
Dua wanoja lalenjang
Diapit dua jajaka
Rek arindit ka sakola
ngarandeg dua jajaka
palebah jalmi nu siwah
nu wanoja geuwat ngenyang
bari imutna ditahan

Ladrang

jalan sunda ayeuna tos dugi
Totogan ti parapatan lima
Ka kalerkeun ngan sajalan
Jalana teh rame pisan
Pasedek sedek motor angkot jeung sedan

Tukang konci nu awakna leutik
Inyana keur ngagurinda
Melenyun roko na biwir
Haseup ngebul tina irung tur nerekab

Dibehkalereunana saeutik
Nu aya toko rongsokan
Pakarangan henteu resik
Barang butut pabalatak mancawura

Ti dinya mobil mengkol teu lami
Jalan bungsu nu ditincak
Kuloneun pasar kosambi
kopeah iming caket ka gang katapang

Kosambi teh geuning beuki heurin
Pasarna mudal ka jalan
Sareukseuk anu ningali
Pasar kotor jeung mani pinuh ku runtah

Gedong rumentang siang di tolih
Di jalan baranang siang
Patempatan panggung seni
Seni nu kiwari kapeped ku jaman

Juru Demung
Seni di jaman ayeuna
Tos benten sareng kapungkur
Asa kirang aji
Kuma ceuk ramena pasar
Sponsor anu digugu

Komo deui seni sunda
Banda urang anu luhung
Teu dipusti pusti
Utami ku balarea
ngambek mun dipaling ku batur

teu maido kuring sadar
rahayat keur bararingung
tur seueur kapeurih
dina ngemutan nasibna
seni teh henteu kaurus

X

Kinanti

toko-toko tos kakepung
ku pe-ka-el nu balantik
nu daragang sakarepna
masang saung hateup plastik
teu ngawaro mun dicaram
pokona mah kuma uing

atuh toko teh balangkrut
sabab suwung nu mareuli
etalase kahalangan
trotoarna ge rarujit
nu balanja haroream
kalah neangan nu lain

ka wetan mobil teh maju
kahalang kareta api
jalana teh alon pisan
kakulonkeun henteu lincig
motor padedet di jalan
teu sabar pagiling gisik

kareta atos ngalangkung
palang beusi tos ditarik
tengen kiwa toko aya
nu icalan elektronik
shelter beus tos pinuh jalma
reg atuh beus eureun deui

tidinya mah atuh langsung
ngaliwatan lapang persib
waas mah jaman baheula
lalajo teu boga karcis
kuring jeung batur sok nojal
diudag-udag pulisi

benteng lapang warna paul
kaos persib oge sami
eta teh warna sagara
nu jero tur ayem tingtrim
matak lamun arek mengbal
poma ulah bari licik

di payun bade dipaju
parapatan jalan laswi
macetna langkung pohara
sihoreng taya pulisi
setopan pareum teu caang
mobil pabaliut deui

tapi saparantos kitu
mobil teh ngarandeg deui
di pombengsin anu lega
sim kuring turun ngagejlig
di parapatan suprataman
margi bade gentos mobil

oplet coklat anu butut
teu dititah ge geus ngarti
manehna eureun sorangan
dihandapeun tangkal kai
sim kuring atuh clak tumpak
ka kalerkeun ngincig deui

muararajeun dituju
eta tempat gawe kuring
di jalan raya supratman
genep dalapan nu pasti
sukurna alhamdulillah
jam tujuh kuring tos dugi

tah lalampahan teh kitu
mios tadi ti sayati
muararajeun diseja
dina pupuh kuring nganggit
tebih pisan ti sampurna
wayahna da sanes ahli

XI

Kinanti

sihapunten nu kasuhun
mugi ageung pangaksami
nganyam rumpaka teh carang
tapi kuring hoyong ngiring
ngareuh-reuah budaya
sok sanaos jalmi laip.

pun ampun anu kasuhun
ka gusti nu mahasuci
hapunten anu diteda
bilih dosa jisim abdi
dina nyerat paniatan
ngarempag uger agami.

Muararajeun 19042010

0 komentar:

Posting Komentar