Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Sabtu, 27 November 2010

Dikeukeupan Kasusah

ku Mang Jojo ping 12 November 2010 tabuh 8:54


Dikeukeupan Kasusah

(pucung)

aya jalma gawena ngan diharudum

estu kedul pisan

gawena ngan ukur cicing

balukarna hirup teh kadungsang dungsang

polah kitu lain atikan karuhun

nu kitu mah salah

lampah jalma anu melid

kuduna mah manehna daek ihtiar

lamun telat lampah nu cileureun kitu

komo salah lengkah

gawena ngaahir-ahir

teu waspada hanjakal tara tiheula

kakocapkeun nu kedul indit ti kampung

rek nyaba ka kota

maksudna ngarobah nasib

modal nekad kuma engke kasampakna

ari datang ka kota bet jadi bingung

sugan teh rek gampang

geuningan hirup beuki miskin

nya kapaksa dahar ge sakapanggihna

pagulisek nyewa imah nu rek rubuh

saguriwek ngontrak

imah panggung dinding bilik

kamer leutik bari parana gudawang

mimitina gawe teh ngunjalan karung

eusina kintalan

di kios jalma balantik

naktak mundak ari buruhna teu pira.

terus pindah digawe di kebon kangkung

pancena teu susah

nyuaykeun jukut jalabrig

henteu lana sabab kebon kacaahan

narik beca tapi katangkep ku tibum

diambek dunungan

laklak dasar hate nyeri

balukarna nganggur deui beuki susah

euweuh gawe luntang lantung tambuh laku

na tambah balangsak

beuki hese nyiar duit

nahan lapar mandi ge sakampeurna

geus kieu mah kuring ngarasa kaduhung

kabengbat ku kota

itungan meleset geuning

hanas boga tanah saeutik dijual

bet kapahung era mun balik kalembur

tacan beubeunangan

wirang apes nasib diri

kabelejog ke erong ku pangbibita

sayati 17052010


0 komentar:

Posting Komentar