Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Jumat, 26 November 2010

Diajar pupuh - Ngabaladah warisan



Ku Mang Jojo ping 24 November 2010 tabuh 7:54


Para wargi sakalih.

Tarekah ngawanohkeun jeung diajar basa tur budaya tiasa dijalankeun ku opat rupi aja nya eta : (a) diajar mikanyaho (learning to know), (b) diajar migawé (learning to do), (c) diajar mibanda learning to be), jeung (d) diajar milampah hirup babarengan (learning to live together ).

Nyoko kana patokan jeung tarekah di luhur, sareng nohonan pamundut rerencangan fesbukan nyaeta ustad Wangsa Oerang Subang Pituin sareng ibu Tia Baratawiria (aranjeuna teh damelna ngawulang), anu keukeuh meredih ka sim kuring anu laip, nya sim kuring lahlahan (bari jeung geugeumeueun) ngawantunkeun maneh ngintun ugeran pupuh. Ieu oge kenging niron ti nu niron, bilih lepat mah mangga lereskeun sareng mangga geura ungkab ku para saderek.

Dupi pupuh teh guguritan / puisi anu diwangun sababaraha pada (bait). Unggal pada diwangun ku sababaraha padalisan (baris). Unggal padalisan diwangun ku sababaraha kecap, unggal kecap diwangun ku engang. Jumlah engang unggal padalisan oge aya katangtosanana (guru wilang),mun bilangan nyalahan (ngarumpak guru wilang) disebut elung. Kitu deui engang dina kecap panungtung unggal padalisan aya patokanana nyaeta sora vocal (a, i, e, o, atanapi u) disebat guru lagu atanapi guru dingdong. Mun nyalahan (ngarumpak guru dingdong) sok disebut ngandang.

Dina pupuh aya nu disebat Sekar Ageung nyaeta pupuh anu ilahar / sering dianggo ku pangarang (panganggit) pupuh diantarana nya eta Sinom, Asmarandana, Kinanti sareng Dangdanggula. Nu sanesna (13 pupuh deui) disebat Sekar Alit.

Pupuh oge gaduh watek anu ngagambarkeun kaayaan rasa (hate, pikiran, paripolah, pasipatan, kayaan lingkungan alam sareng sajabi ti eta). Pupuh dilagukeun dina laras pelog, salendro atanapi madenda. Kitu deui dina ngahaleuangkeunana pirajeunan cengkokna teh sok aya nu rada benten, katawis nu nuju diajar mah biasana salancar teu lekoh sapertos nu ahli dina cengkokna teh. Ka sugri anu parantos uninga sareng ahlina, mugia ulah waka ngagegebrigan, nyawad kanu nembe diajar, pami ngalereskeun mah sayaktosna kedah, mung ulah dugika nu dialajar teh sawan kuya, teunggar kalongeun, ahirna aralimeun miara, bujeng bujeng mikanyaah. Kasenian sunda anu ublu abla legana sareng ledok (subur) kiwari kubra teu kaurus ku bangsana.

Pami kasundaan anu baheula kantos punjul, hatu urang jantenkeun eunteung sareng modal, salajengna dina ngalakonan hirup kiwari budaya deungeun (utamina ilmu sareng teknologi) anu lalebet ka urang , cuang jantenkeun 'bendungan' kanggo ngocoran 'sawah' urang, atuh 'runtahna' mah urang piceun. Urang (utamina nonoman) teh gaduh pancen miara seni budaya supados punjul sarta samartabat sareng bangsa nu sanes.

Mangga di handap ieu kasanggakeun ugeran sahinasna dina ngawangun rumpaka pupuh sunda.

No -Nami -Jumlah Padalisan- Engang & vocal tungtung - Watek

1 Asmarandana -7- 8i, 8a, 8e atawa 8o, 8a, 7a, 8u, 8a Silih asih, silih pikanyaah, pepeling

2 Balakbak -3- 15e, 15e, 19e Heureuy, banyol tapi lantip/sopan

3 Dangdanggula -10- 10i, 10a, 8e, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a Kabungah, sugema

4 Durma -7- 12a, 7i, 6a, 7a,8i,5a, 7i, Sumanget, gede pangharepan, gilig

5 Gambuh -5- 7u, 10u, 12i, 8u, 8o Bingung, kanyeri, kasusah, samar polah, sedih

6 Gurisa -8- 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a Lulucon, ngalamun, pangangguran, malaweung, tamba kesel

7 Juru Demung -5- 8a, 8u, 6i, 8a, 8u Bingung pipikiran

8 Kinanti -6- 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i Kebek pangharepan

9 Ladrang -4- 10i, 8a, 8i, 12a Banyol, sindir

10 Lambang -4- 8a, 8a, 8a, 8a Pikaseurieun, banyol

11 Magatru -4- 12u, 16u, 8i, 8o Sedih, keuheul, handeueul polah sorangan

12 Maskumambang -4- 12i, 6a, 8i, 8a Nalangsa, sedih

13 Mijil -6- 10i, 6o, 10e, 10i, 6i, 6u Kasedih tapi gede harepan

14 Pangkur -7- 8a, 12i, 8u, 7a, 12u, 8a, 8i Ambek ditahan, napsu kapegung, ambek mentegeg, mayunan pancen / masalah anu beurat

15 Pucung -4- 12u, 6a, 8i, 12a Pepeling, wawar

16 Sinom -9- 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8a, 12a Sumanget, gumbira, deudeuh

17 Wirangrong -6- 8i, 8o, 8u, 8i, 8a,8a Wiwirang, pikaeraeun polah sorangan

Sanaos sim kuring oge seueur patarosan, keun we heula urang tunda. Mangga urang dialajar pupuh warisan sepuh.Etang-etang ngabaladah deui.

Cag,

sayati 16042010

0 komentar:

Posting Komentar