Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Minggu, 28 November 2010

BALITUNGAN

Ku Mang Jojo ping 18 Mei 2010 tabuh 18:30

Balitungan
(kinanti)


I
Mun baheula arek ngitung
make nyere hiji-hiji
kertasna ge make sabak
nulisna mah make gerip
mun salah dina itungan
di susut lamak jeung cai

ningkat beh dieuna maju
kertas daluang ngagenti
sok nyuub mun ditulisan
kumangsi merekna ‘lady’
ngitungna make cipoa
berendel nu tina kai

mun ngagambar pasti gunung
pamandangan euweuh deui
jalan jeung sawahna ngeplak
walungan jeung tangkal kai
panon poe rejeung mega
langit di hias ku piit

pulpen murah merk tatung
da parker teu kuat meuli
mangsina teh diwadahan
ku gelas buleud laleutik
di simpen d tengah meja
jeung pena kalam di sisi


lajeng suparantos kitu
merek bolpoin nu gampil
digentos eusi lebetna
tapi sakapeung ngadahdir
komo pami katiisan
mangsina macet teu bijil

mun ngagambar garis dadu
nganggo ‘trackpen’ pena alit
meja ageung ngadayagdag
ditulisna dina kalkir
kertas herang nu ‘transparan’
pangaosna rada awis

‘tangen sinus per cosinus’
na elmu trigonometri
‘elmu ukur sudut’ tea
ngabandingkeung sisi gigir
‘alpha beta lambda tetta’
ngaran juruna notasi

atuh ngitung beuki ripuh
desimal paranjang teuing
cipoa teh kawalahan
gentos kalkulator ‘canggih’
ameh bisa ngitung akar
reujeung saeutik ‘memori’

apal raraban teu kudu
ngitung teh teu rea mikir
da kari mencet tombolna
asal batre aya eusi
itungan teh bleg di layar
jentre henteu bireuk deui

elmu teknologi maju
itungan tambih jeung grapik
malahan bisa ’formula’
rumus tiasa diancik
dina memori lebetna
beuki dieu beuki hebring

lami-lami atuh jebul
komputer namina ‘pisi’
‘personal computer’ tea
nu mimiti tipe ‘eksti’
‘eti’ anu salajengna
itungan gancang kapanggih

lajeng gentos ku ‘pentium’
‘prosesorna intel’ canggih
intel dua- tilu-opat
tipe anu silih genti
ngitung - ngagambar ge gampang
sabab make aplikasi

‘pisi’ nenggang geus teu usum
‘sten elon’ makin langki
sabab tos nyambung jaringan
protokol tisipi-aipi
basa jaringan kawentar
’leyer transpor’ data eusi

mun sirib keur ngala lauk
ieu mah keur ’ilmu ngetik’
balarea anu boga
alatna tur aya duit
hanjakalna rada mahal
teu kabeuli keur nu miskin

II
balik deui kana elmu
komputer dina teori
ka hiji perangkat keras
buktina the alat pisik
’cepe-u kibod’ ditambah
monitor keur urang ngintip

nu kadua sok disebut,
ieu ge kacida penting
nya eta perangkat lunak,
software tea gaduh nami
eusina teh seueur ’program’
‘o-es ‘ reujeung aplikasi

o-es teh nyawa cepe-u
nu mimiti ’dos’ dianggit
windows mah ka behdieuna
mun server mah nganggo ’unix’
dipasangna teh tiheula
memah masang aplikasi

aplikasi nu dimaksud
keur migawe niat hiji
misalna nyusun kalimah
’weud prosesor’ boga nami
pamina ’tabel’ etangan
bisana nganggo ’sprid sit’

ngirim surat kanu jauh
kantun ngotret nganggo ’i-mil’
perangko mah da teu kedah
’klik oke’ serat di-’submit’
katampina tangtos gancang
na koropak ’inbox’ dugi

atuh mun da’wah ge hayu
biantara ‘presentasi’
aplikasi geus sadia
dingaranan ‘power poin’
lampu ‘infokus’ ngagebray
disorotkeun kana bilik

lamun imah rek diwangun
autoked tinggal milih
teu kudu hese ngagambar
be waragad jang ngijir
da enggeus sadia pola
tinggal nyambung jeung ngaracik

lamun poto hayang alus
diseken heula mimiti
diedit sakabutuhna
kasang tukang jeung pipinding
nini aki jadi ngora
sabab dimanipulasi

lamaun katarajang ‘pirus’
komputer nagjeten cicing
atawa ngaco jadina
data ruksak komo leungit
kudu geuwat dibersihan
ku ‘sopwer’ anti nu matih

lamun urang hoyong gaduh
komputer ageung nu canggih
kanggo kalancaran dagang
data seueur nu peryogi
urang kedah tambih beya
meser ’server’ sewa ’hosting’

basis data oge perlu
salianti aplikasi
lisensi ge dibogaan
meserna ti anu resmi
ulah sok meser bajakan
bisi ditialng pulisi

beuki dieu beuki maju
komputer teh beuki ngeusi
programna beuki merekah
macem-macem bisa milih
gambar hirup ge direka
ngarana teh animasi

malah lain gambar wungkul
sora jeung jirim ngahiji
disebut multi media
gambar jauh katingali
urang teh bisa sawala
na ’pideo konperensi’

kamajuan ’alat input’
disket digentos ku ’plopi’
’sidi draip’ saterasna
’dipidi’ tambih ku ’ples dis’
Malih digabung kamera
’klos sirkit’ jang ngintip maling

III
ulah hilap nu katilu
’brain wer’ teh uteuk jalmi
kedah apal tur katalar
elmu sareng teknologi
ngokolakeun alat-alat
dina sistim inpormasi

da kitu sipatna elmu
mangpaat keur pada jalmi
misalna urang ’fesbukan’
ieu teh sarana penting
kanggo urang sarerea
ngawangun silaturahim

namung mugi henteu bendu
komo deui rengat galih
sanes bade mapagahan
mamatahan ngojay meri
ulah sok kamalinaan
hilap solat lali dikir

margina anu saestu
dunya mah mo lana deui
rek disambung ku kiamat
sugro kubro tos pinasti
urang bakal ngarandapan
moal bisa nyingcet ngijing

anumawi ayeuna prung
geura abdas jig ka cai
komputer lesotkeun heula
niat ibadah ka gusti
rek ngaos atawa sholat
istigfar atawa muji

neneda gusti nu agung
sihapunten jisim abdi
kirang syukur kana nikmat
lalawora lampah kuring
komputer jadi berhala
gogoda dongkap ti iblis

sabak batu mun kapungkur
tara nyoceng waktos ngaji
kertas nyuub oge sabar
sumerah kana rejeki
iklas kuring tumarima
ati teh panceng ka gusti

abdi seja bade nyuuh
tangtos gusti anjeun surti
kuring hoyong dihampura
samudaya dosa abdi
lajeng pasihan hidayah
ditambih sareng taufik

kaunjuk salam ka rosul
muhammad panutan abdi
sareng para shohabatna
kalihna para ’tabi’in’
’pukoha’ sareng ulama
kitu deui mujahidin.

*sayati-supratman 18052010

0 komentar:

Posting Komentar