Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Kamis, 02 Desember 2010

KAULINAN SUNDA


Mangrupa-rupa kaulinan barudak baheula hususna di tatar sunda, nu kungsi karandapan jeung katungkulan ku diri pribadi baheula keur leutik keneh numana kaulinan nu ieu hususna di lembur pribadi kalolobaanana geus teu kaciri deui dilakonan ku barudak ayeuna, ngan sakumaha nu kauninga ku urang sadayana, dina kaulinan sunda mah, kawilang kumplit malihanan katelah cawokahna, nu matak urang sunda mah teu weleh heureuy jeung heureuy, jeung tara asa-asa, malahan batur heureuy sorangan nepikeun ka leweh/ceurik alatan ku eta pangheureuyan. samodel lagu ngocok sangkang leweh (cok leweh), kareta api buatan jepang, ayang-ayang gung, oray-orayan,,, jeung rea-rea deui. ngan eta kaulinan biasana di hiji wewengkon jeung wewengkon nu lianna sok aya nu beda, boh dina ngamaenkeunana boh dina eusina, ngan ngaranna mah sok sarua.
ieu seratan mang rupakeun bubuka tina label "Kaulinan Sunda". atuh sim kuring pribadi sateuacana neda panghapuntena boh kapayuna bilih aya hiji bahasan perkawis ieu kaulinan anu kawilang cawokah, taya sanes hal eta dimana ku sim kuring dipintonkeun kapayunna, nyatana pikeun nginget-nginget sangkan teu pareum ieu kaulinan teh hususna di tatar sunda. da gening barudak kiwari mah pangulinannana teh teu jauh jeung anu modern, malahan geus teu aheng deui maranehna sapopoena ulinna di hareupeun monitor atawa tipi, samodel game online, ps, lalajo VCD atawa DVD, jeung rea-rea deui,,,
cag heula !

0 komentar:

Posting Komentar