Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Selasa, 07 Desember 2010

Lalajo Wayang

ku Mang Jojo ping 23 Mei 2010 tabuh 18:06


Lalajo Wayang











(kinanti)

lamun tujuhlas agustus
nanggap wayang tos paranti
sinden upit sarimanah
atanapi ibu titim
dalangna partasuwanda
jeung pa ganda piligenti

nu lalajo mani pinuh
pasedek tos ti magrib
malah aya anu ashar
darongkap ti tepis wiring
nu dagang mah tos ti siang
tataharna ti janari

di juru nu dagang suuk
digigir mah arumanis
tukang balon oge aya
bandrek bajigur gulali
tukang roko ngajalajar
jeung anu ngagoreng emi

angkeuhan pamuda kampung
boga batre hiji ciri
mun lalajo sok ngagaya
batu tilu batre uring
ulah nyorot siga kecap
tapi kudu ngemparay geuning

sore sore geus ngaruru
mandi teh bari diangir
japarco keur digolepna
ditambah ku minyak seungit
air mata duyung tea
keur ngirut si nyai peuting

geus ilahar make sarung
alesan mah cenah tiris
padahal aya maksudna
diharudum bari ngintip
bisi pamajikan datang
katohyan mun boga deui

tapi geuning dasar atuh
nu elodan henteu tigin
kapanggih laku lampahna
mawa randa bensrat geulis
kaperenggok ku mitoha
nu sami-sami cunuhin

galindeng sinden halimpu
'ekek paeh' nu kakuping
kalangenan balarea
ting saruit biwir jalmi
nandakeun suka jeung bungah
nyawer ge teu ngitung ngijir

meneran kawih nu pelung
jalma teh mani jep jempling
tapi keprok satuntasna
bingah manah suka ati
seueur pameget tibelat
hilap hutang lali istri

mun semar jeung cepot metu
dawala gareng ge ngiring
ponggawa anu satia
asal karang tumaritis
ngobrolna mah basa somah
heureuy badeur silih genti

dalang gerot nu kamashur
ngigelkeun wayang diaji
parigel ngatur rengkakna
dialog palsapah ngeusi
matak resep dikupingna
pogot dugi ka janari

aya dina hiji waktu
jalma gujrud keur janari
sabab aya anu ngacaprak
siga kasurupan jurig
sungutna mani ngabudah
suku kekejet teu cicing

geuwat panitia muru
ngajugjug mama kiyai
rek menta diparancahan
sina eling balik deui
duka kumaha hasilna
sabab teu katingal deui

teu lila aya nu gelut
cenah marebutkeun istri
anu enggeus papacangan
diparokeun jeung lalaki
tapi dirina teh narah
sabab teu bogoh henteu sing

teu lila kaangseu bau
ti tukang rada kagigir
kebekna beuli karasa
bedul teh nu kitu geuning
atuh kuring geuwat nyingkah
dituturkeun ku si nyai

karasa rada geus tunduh
geuningan enggeus janari
nu lalajo geus corengcang
sawareh jalma baralik
kuring ge balik duaan
jeung nyi randa anu tadi

bari dahar kulub suuk
nyi randa nanya ka kuring
nyabit-nyabit rumah tangga
manehna nu dinyenyeri
daek ku kuring didua
sanajan ditikah siri

hate kuring ge tagiwur
ras inget ka budak hiji
bati ngawin pamajikan
nu teu tumut ka salaki
polah nirca laku mewah
jabrah comel ka salaki

ti nu poek ujug-ujug
aya anu rek nampiling
make kupluk teuing saha
tiluan ngarempug kuring
kapaksa kuring pamacan
elmu penca kuring aksi

digebug musuh blug nambru
badan gede ngajungkiring
geuning eta teh mitoha
baturna mah geus ngabecir
tapi nyi randa kamana
manehna bet milu leungit

isukna teh buru-buru
ngajugjug randa nu peuting
ngaleungit balik nyingcilad
ditalek kalahka ceurik
manehna jadi balaka
mitoha teh sok mahugi

ieuh kuring jadi bingung
kumaha nya para wargi
bet jadina samar polah
pang jawabkeun sual kuring
dina komentar ge mangga
ditampi ku asta kalih.


sayati 23052010

0 komentar:

Posting Komentar