Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Jumat, 14 September 2012

ELLIE KHARISMA BALAD DARSO_PILEULEUYAN PANGERSA_LIRIK

@ Lirik Pileuleuyan Pangersa - Ellie Kharisma


Teu nyangka asa teu percaya
Cik keneh pisan urang teh wakca balaka
Silih ocon sono silih simbeuh ku carita
Teu karasa nepi kaluar cimata

*Tapi ayeuna geus lain carita
Gening pangersa dugi ka waktosna
Nepi dieu pisan marengan urang sadaya
Raga ninggalkeun nyawa, nyawa ninggalkeun ragana

Pileuleuyan …  duh pileuleuyan …
Wilujeng nyorang endahna sawarga
Sanaos pangersa tos tilar dunya
Nami pangersa, sora pangersa, karya pangersa
Tetep langgeng, abadi salamina

Katampi pisan kanyaah pangersa
Mugia gusti ngahapunten dosana
Nyuhunkeun karamat, mukjizat jeung barokahna
Cing bisa nuluykeun karya salira

Back to*
READMORE - ELLIE KHARISMA BALAD DARSO_PILEULEUYAN PANGERSA_LIRIK

LIRIK_DINASTI DARSO_DARSO

Lirik Darso - Dinasti Darso


“Asa cik keneh sempal guyon
Kamari, bieu, datang kudu indit
Asa gelap salah wayah
Bapak, ngantunkeun abdi-abdi sadaya”

Kukupu teu apaleun ka warna jangjang sorangan
Tapi kabeh apal ku endah warna kukupu
Ngiplik di waktu nyeungitan mangsa

Nya kitu diri anjeun teu apal,teu sadar
Jeung embung boga rasa ieu aing pang alusna
Ka luhur teu loba catur, ka handap nitah walatra
Tapi mantena Allah ngaistimewakeun ka diri anjeun..

Di payuneun Sang Kholiq, gumujeng di angkir linggih
Sadrah tina papastian,anjeun ridho kana takdir
Beurat teu meunang beurat
Sedih teu meunang sedih,rang teugeurkeun

Dinten senen anu santen,asa gelap salah wayah
Barangkeakan nu dikantun, La haulla … innalillahi
Ku teu percaya,neundeun kawaas
Ku kawih reujeung tembangna
Asa cik keneh sempal guyon,can parat kawih sapada
READMORE - LIRIK_DINASTI DARSO_DARSO