Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Jumat, 31 Desember 2010

TAUN ANYAR ? | NEW YEAR ?

Taun anyar,

enya kitu taun anyar?

iraha taun anyar?

ceuk saha taun anyar?

taun anyar naon?

ari kamari naon?


asa kamari,

enya asa kamari,

eueleuh gening nyerelek waktu teh,

geus sabaraha taun umur dunya?

naha lain tibareto keneh geus kolot umur dunya teh

euleuh gening ngurangan jatah hirup teh sataun


mangkaning

sakeudeung deui makhluk ayar rek datang

pileuleuyan taun heubeul

wilujeng sumping taun anyar

mugia urang sadaya dina taun anyar

tiasa ngahontal predikat nu utama


nyatana sabagai :

Mu'min,

muslim,

mujahid,

kalih muhajir.

amin ya Robbal'alamin.


cag.

Tjoeroeg Rahajoe 31122010

READMORE - TAUN ANYAR ? | NEW YEAR ?

Rabu, 29 Desember 2010

Gunung Singa | Mount singa



Mountain : Gunung singah
Lintang : 07 ° 00 ' 42.24" LS
Bujur : 107 ° 30' 00.36" BT
Ketinggian : 1000 Mdpl

Harita poe saptu kaping 25 desember taun 2010 kuring ngahagal nohonan pangajak nu jadi sobat nyatana pikeun nganteur barudak rekam medik plus (barayana baraya sapanyakolaan) nyatana dina raraga liburan nu dieusi ku acara naek gunung. Anapon gunung nu dituju nyatana Gunung Singah, tapi da ceuk urang lembur mah katelahna Gunung Singa, nu aya di daerah soreang.

Jam dalapan kuring janjian jeung maranehna di alun-alun soreang, atuh ti rorompok kuring gura-giru jam tujuh indit ka eta patempatan, kalawan make kandaraan si kukut awet rajet (Honda CB 100 taun 76). nalika kuring nepi ka eta patempatan tuluy kuring markirkeun kandaraan di RS Soreang. Saparantos kitu kuring indit ka patempatan nu dijangjikeun tea. Teu lila tidinya jol maranehanana daratang, nyatana 8 urang (5 wanoja, 3 jajaka) ditambah 1 jeung kuring jadi 9 urang.

Tidinya langsung prung nuju ka eta gunung kalawan nikreuh, sabenerna kuring ge can kungsi nganjang ka eta gunung. Nalika keur diperjalanan kurang leuwih 100m ti tempat mimiti ngariung kuring nyimpang heula ka hiji warung (biasa, naon deui salian ti meuli roko mah) ngan aya ku lucu dina mangsa harita :

Kuring : kang nyondong roko jarcok extra ?

Tukang dagang : extra? Kekeke urang teang heula. (tembal nu dagang, bari ngaleos ka jero imahna)

Naha teu nolol-nolol nya eta tukang dagang teh (gerentes hate kuring), rada lila kuring ngadagoan, torojol teh manehna datang kalawan mawa dus mie nu eusina mang rupa-rupa merk roko.

Naon jang roko extra? Nu dagan nanya deui.

Sumuhun kang. Tembal kuring.

Atuh eta mah manehna tuluy ngaurkeun sakabeh eusi nu aya dina dus,kacida ngaleuyahna eta udud, aya ku aheng bet diaurkeun sagala. tuluy langsung nyampak roko nu di teang. (maksudna mah ngabeh gampang neangna meureun) atuh kuring gogodeug jeung hayang seuri ningali pamolahna. Asa kakara nungkulan nu ngaladangan samodel kitu.

Pondok carita, kuring saparakanca neruskeun perjalanan. Teu jauh ti rumah sakit soreang mah, nyampak hiji gapura nu aya tulisan, nyaeta eusina “SELAMAT DATANG DI LEUWI MUNDING” ieu meureun patokanana teh. Tuluy kuring saparakanca asup ka eta wewengkon teu jauh ti dinya ebreh kaciri gunung nu ngabogaan katinggian -+1000 mdpl. Kurang leuwih sajam perjalanan kuring saparakanca geus nepi ka eta puncakna, aeh gening didinya teh aya saung nu sok dipake wawarungan. Malahan lengkep jeung panjagana sagala, ngan panjagana didinya mah ku sato anjing nu hararideung. Sajaba ti eta nyampak oge hiji kuburan nu ditandaan ku batu, Didinya oge nyampak hiji wangunan pikeun panalungtikan gempa. Mung Alhamdulillah saparantos nikreuh nu lumayan ripuh, subhanalloh kacida endahna pamandangan tur ngeplakna kota bandung. Sanaos sakumaha biasa Teu jauh jeung gunung-gunung nu lainna gening, di luhurna mah kebon. Malihanan nalika keur balikna jajalaneun nu dipake balik keur mah urut hujan katambah dipake nurunkeun kai nu meunang nuaran ti eta gunung, leuwih ruksak we eta jajalaneun teh. tapi katungkulan oge ku simkuring saparakanca maranehanana (urang gunung singa) sanajan naluaran eta tatangkalan sajaba ti eta maranehanana teu poho pikeun melak tatangkalan nu sajinis, samodel tangkal awi jeung nu lianna deui.

Alhamdulillah ku perantawisan eta dina mangsa harita kuring nambah babaturan nyatana 6 urang, da nu duaan deui mah geus wanoh ti harita keneh keur jaman nyakola. Jeung karandapan oge nyaba ka ieu gunung, da samemehna mah ngan meunang beja jeung carita wungkul.

Cag

saung nu aya di puncak

Plang sensor gempa

bangunan sensor gempa

tangkal awi

anjing (satpam nu boga saung)

Kuburan (teuing kuburan saha?)


barudak rekam medik plus (kajaba kuring)

Tangkal menang nuar
sikukut awet rajet.

djoerig & mang hendra

botram

READMORE - Gunung Singa | Mount singa

Minggu, 26 Desember 2010

Teuing?














Nya kitu tea gening hirup,
kamari ngarenghap,
kiwari ngalenyap,
isuk pageto teuing kumaha?

kamari kamerkaan,
kiwari kalaparan,
isuk pageto teuing kumaha?

kamari jagjag,
kiwari karugrag,
isuk pageto teuing kumaha?

kamari meunang,
kiwari teu meunang.
isuk pageto teuing kumaha?

kamari bungah,
kiwari teu genah,
isuk pageto teuing kumaha?

kamari seuri,
kiwari ceurik,
isuk pageto teuing kumaha?

kumaha atuh?
nya kumaha?
duka teuing kumaha atuh?
da teu apal !!!
READMORE - Teuing?

Rabu, 22 Desember 2010

INDUNG | IBU


ku Mang Jojo ping 22 Desember 2010 tabuh 9:34

GALINDENG HATE KEUR INDUNG
[sinom]
indung dipicinta bapa
urang anu jadi bati
disokoan ku kaheman
diwengku ku wening asih
ti sadek urang leutik
dugi ka anjeuna pupus
kumaha mulangkeunana
marantena tos marulih
ka pangeran gusti nu maha ngayuga

cipanon teh carindakdak
emut ka pun biang deui
anu sakitu sabarna
ngurus urang sarta ngatik
clak herang tur clik putih
teu ngarasula bangbaluh
komo jeung menta walesan
ladang gawe bati kawin
manah jembar heunteu boseneun ngadunga

sakapeung kadang nalangsa
keur jumeneng kuring lali
kurang pisan tumarima
sahanteuna amis budi
teu bisa mikaasih
joledar kuring kasepuh
tapi da lain kahayang
hate mah da tetep ngait
da kumaha geuningan kitu ayana

neneda mah ka pangeran
henteu petot unggal wengi
utamana tuntas sholat
husu lamun keur janari
du'a tahajud witir
sapertos ibu kapungkur
nyontokeun ngawawadian
nyaketan robbul ijjati
mugi mugi pangeran rido ka urang
-----
skmi 22122010
READMORE - INDUNG | IBU

Jumat, 17 Desember 2010

BARAYA FACEBOOK WANOJA II

Baraya Pesbuk (facebook) Djoerig DalapanLima ti kalangan wanoja II
Djoerig DalapanLima ( Manoesa DalapanLima )

READMORE - BARAYA FACEBOOK WANOJA II