
Rabu, 22 Desember 2010
INDUNG | IBU

Selasa, 07 Desember 2010
Eling eling

eling eling yeuh kiwari
alam teh mayunan jungkrang
pami urangna kaleked
ditambih kirang waspada
dina mayunan gogoda
isukan bakal kaduhung
disiksa ku nu kawasa
umur teh tember ka sisi
yuswa teh beuki ngurangan
lamun urang lelewodeh
waktos nu dimonyah-monyah
teu dianggo keur ibadah
kukituna urang tangtu
di akherat teh hanjakal.
KASUS
(maskumambang)
seuri maur mun kuring nguping em te ki
aya kajantenan
ka te pe na salin jinis
samentawis ngalih heula
nu rek emet di angkir heula tatanggi
keur saheulaanan
malahmandar emet kenging
tos kenging mah mangga mulang
aduh gusti hapunten abdi nu laip
bet kitu jantena
ngamumule kitab suci
bet janten barang dagangan
aya deui mun urang rek daftar haji
sami ngalih heula
sabab di lembur teu kenging
diwatesan ku kuwota
Sayati 2010
Jauh ka Anak Pamajikan


ku Mang Jojo ping 24 Mei 2010 tabuh 20:18
(maskumambang)
tuh si papah petana sok beger deui
mun angkat-angkatan
padahal ari si mamih
kalebet istri satia
alesan mah cukleuk leuweung cukleuk lamping
rek asruk asrukan
sesah tuangeun jeung cai
tapi mamih ulah melang
anamung naha nya poto bet diringkid
sareng dipilihan
poto istri nu lalenggik
nu henteu ngaranggo kaway
sihapunten ieu mah heureuy ti abdi
ulah rengat manah
abdi dipihak si mamih
kitu ge sanes daria
Sayati 2010
JAJAP
(Maskumambang)
Panon poe surupna teh wanci magrib
Sanggeus seep ashar
Tangtuna ge eta takdir
Aturan gaduh pangeran
Memeh magrib tangtu urang seueur dzikir
Ngucapkeun istigfar
Nyuhunkeun hampura gusti
Samudaya kalepatan
Cunduk waktu ninggang mangsa anu pasti
Mancen pacabakan
Kiwari salira nyisi
Padamelan tos wekasan
Para wargi baraya nu bade nyisi
Anjeun tos tatahar
Hate iklas wening ati
Sim kuring mah ngiring bingah
Peupeujeuh yeuh sim kuring teh rek meredih
Ulah poho sholat
Sabab eta anu penting
Bagja di dunya aherat
Atuh salajengna panuhun ti kuring
Ka warga sadaya
Mugi jembar pangaksami
Kuring neda dihampura
Pangjajap kanu bade nyirnakeun jisim
Sim kuring ngadu’a
Saderek ginuluran nampi
Rohmat ti Allah Ta’ala.
supratman2007
Lalajo Wayang

nanggap wayang tos paranti
sinden upit sarimanah
atanapi ibu titim
dalangna partasuwanda
jeung pa ganda piligenti
nu lalajo mani pinuh
pasedek tos ti magrib
malah aya anu ashar
darongkap ti tepis wiring
nu dagang mah tos ti siang
tataharna ti janari
di juru nu dagang suuk
digigir mah arumanis
tukang balon oge aya
bandrek bajigur gulali
tukang roko ngajalajar
jeung anu ngagoreng emi
angkeuhan pamuda kampung
boga batre hiji ciri
mun lalajo sok ngagaya
batu tilu batre uring
ulah nyorot siga kecap
tapi kudu ngemparay geuning
sore sore geus ngaruru
mandi teh bari diangir
japarco keur digolepna
ditambah ku minyak seungit
air mata duyung tea
keur ngirut si nyai peuting
geus ilahar make sarung
alesan mah cenah tiris
padahal aya maksudna
diharudum bari ngintip
bisi pamajikan datang
katohyan mun boga deui
tapi geuning dasar atuh
nu elodan henteu tigin
kapanggih laku lampahna
mawa randa bensrat geulis
kaperenggok ku mitoha
nu sami-sami cunuhin
galindeng sinden halimpu
'ekek paeh' nu kakuping
kalangenan balarea
ting saruit biwir jalmi
nandakeun suka jeung bungah
nyawer ge teu ngitung ngijir
meneran kawih nu pelung
jalma teh mani jep jempling
tapi keprok satuntasna
bingah manah suka ati
seueur pameget tibelat
hilap hutang lali istri
mun semar jeung cepot metu
dawala gareng ge ngiring
ponggawa anu satia
asal karang tumaritis
ngobrolna mah basa somah
heureuy badeur silih genti
dalang gerot nu kamashur
ngigelkeun wayang diaji
parigel ngatur rengkakna
dialog palsapah ngeusi
matak resep dikupingna
pogot dugi ka janari
aya dina hiji waktu
jalma gujrud keur janari
sabab aya anu ngacaprak
siga kasurupan jurig
sungutna mani ngabudah
suku kekejet teu cicing
geuwat panitia muru
ngajugjug mama kiyai
rek menta diparancahan
sina eling balik deui
duka kumaha hasilna
sabab teu katingal deui
teu lila aya nu gelut
cenah marebutkeun istri
anu enggeus papacangan
diparokeun jeung lalaki
tapi dirina teh narah
sabab teu bogoh henteu sing
teu lila kaangseu bau
ti tukang rada kagigir
kebekna beuli karasa
bedul teh nu kitu geuning
atuh kuring geuwat nyingkah
dituturkeun ku si nyai
karasa rada geus tunduh
geuningan enggeus janari
nu lalajo geus corengcang
sawareh jalma baralik
kuring ge balik duaan
jeung nyi randa anu tadi
bari dahar kulub suuk
nyi randa nanya ka kuring
nyabit-nyabit rumah tangga
manehna nu dinyenyeri
daek ku kuring didua
sanajan ditikah siri
hate kuring ge tagiwur
ras inget ka budak hiji
bati ngawin pamajikan
nu teu tumut ka salaki
polah nirca laku mewah
jabrah comel ka salaki
ti nu poek ujug-ujug
aya anu rek nampiling
make kupluk teuing saha
tiluan ngarempug kuring
kapaksa kuring pamacan
elmu penca kuring aksi
digebug musuh blug nambru
badan gede ngajungkiring
geuning eta teh mitoha
baturna mah geus ngabecir
tapi nyi randa kamana
manehna bet milu leungit
isukna teh buru-buru
ngajugjug randa nu peuting
ngaleungit balik nyingcilad
ditalek kalahka ceurik
manehna jadi balaka
mitoha teh sok mahugi
ieuh kuring jadi bingung
kumaha nya para wargi
bet jadina samar polah
pang jawabkeun sual kuring
dina komentar ge mangga
ditampi ku asta kalih.
sayati 23052010
Sabtu, 04 Desember 2010
JABANG BAYI
( hehe...pelog anca kitu ?)
la ti na mi la da mi na mi da mi da na ti la
La ti na miii mi daa mi naaa
La ti na daaa la tiii na ti laaa
La tin na daaa mi daa mi naaa
Da mi da miii ti na ti la ti laaa
hehee solmisasi... (diatonis?)
mi fa so si mi do si so si do sido so fa mi
mi fa so si si do si so
mi fa so do mi fa so fa mi
mi fa so do si do si so
do si do si mi fa mi sol fa mi
hayu urang kawitan .
asal usulna manusa
diyuga ku nu kawasa
kawit cai seni rasa
buah cinta nu karasa
ngawitan buruy nyuruntul
ngudag endog nu ngajentul
endog teh henteu ngahintul
buruy teh teras dibubuy
dibubuy teh mecah dua
kitu wae saterasna
al alaq atuh jantena
zigot anu saterasna
ngawitan didamel badan
ditambih aya cepilan
teras panon titingalan
tos ngawitan balegeran
tangan sampean narolol
ngudag sirah ageung nonghol
tali ari un ngarengkol
hoyong sami ngiring embol
tilu sasih tos tos nyawaan
ditiupkeun ku nu rohman
lambut ibu get ugetan
napas bayi lalaunan
sepuhna ngaraos quran
serat yusuf tur ar rohman
tabarok yasin tur lukman
al kahfi jeung ali imran
nincak kana tujuh sasih
wetengan sok dipiasih
disiram ku cai bersih
diawur ros jeung solasih
tujuh sasih atos cekap
pami lahir oge ’siap’
popok gurita tos ’lengkap’
kampuh panel sareng elap.
waktosna bulan alaeun
jabang bayi teu diingkeun
beuki nyaah ibu anjeun
tangan teh sok diusapkeun
borojol teh bayi nangis
si ibu mah ’seuri amis’
ramana ge teu muringis
kajeung beya rada awis
adan di palih katuhu
dikenca iqomat atuh
ngadunga ruku nu rengkuh
sujud syukur bari nyuuh
tatahar kanggo akekah
tawis na aya kabungah
ku syukur alhamdulillah
mugia nyandak barokah
Alloh anu robbulghofur
nyipta sinarengan ngatur
nasib takdir keur dilembur
samemeh urang dikubur.
*gs19052010
TELEPUN | TELEPHONE

(kinanti)
harita aya telepun
di imah kuring keur leutik
bungkus kulit pulas coklat
warna hideung camperenik
disambung kabel sadeupa
ditempelkeun kada bilik
lamun urang hayang nyambung
cekel kakait nu nyentil
kudu digoengkeun heula
kira-kira lima balik
terus gagangna diangkat
halo kecap nu mimiti
sora telepun ngagerung
lamun hujan bula bali
ngobrol teh gogorowokan
halo deui halo deui
awor jeung sora cihujan
reureundahan gede leutik
telepon keur jaman buhun
kabelna teh da ngan hiji
ngagantar na tatangkalan
make isolasi kramik
anu pulasna teh bodas
kiwari teu usum deui
beh dieuna rada maju
teu kedah diputer deui
langsung telepon diangkat
sentral batre eta sistim
kabel telepun teh dua
operator nempas gampil
kaetang janten ngarebu
nu ngalanggan lami-lami
sistem teh lajeng dirobah
sistim otomat ngalindih
kawitna mah mung lokalan
luar kota benten deui
kaluar kota mah kudu
ngango operator masih
namina teh interlokal
ditanghara tilu menit
mun langkung lami tamaha
beyana teh benten deui
tapi teu liren sakitu
lami-lami majeng deui
luar kota ge otomat
kode area dipasti
atuh urang kedah apal
pami heunteu moal dugi
lobang nomer nu sapuluh
ku ramo kedah dipilih
puterkeun ti beulah kenca
ka katuhu ati-ati
pami tos ka kuping ‘laras’
‘tut panjang’ tandana hasil
lamun nadana nurugtug
henteu anca tapi lincig
eta teh tanda tanghara
nu dituju nuju nampi
telepon ti anu sanesna
tutup heula engke deui
keur taun dalapan puluh
aya deui anu robih
dibabawa bisa bebas
telepon bisa dicangking
’estekabe’ dingaranan
tapi ambahan saeutik
telepon anu diwangun
ngagunakeun teknologi
’wireless’ anu katelah
henteu nganggo kabel deui
be-te-es sareng munara
ngaradeg dimana mendi
dekade salapan puluh
geesem lahir ngaganti
telepon canggeum katelah
henpon tea eta geuning
nu bisa ngirim talatah
es-em-es wartos saeutik
ge-es-em geuhgeuyeun batur
geser saeutik teh mati
’blengspot’ anu jadi sabab
telepona jauh teuing
ti betees jeung munara
sinyalna teh henteu dugi
generasi nu katilu
henpon anu beuki canggih
tiasa multi media
pideo internet tambih
nelepon aya rupana
gambar hirup siga tipi
ceuk dalang lamun kapungkur
atawa mun maca komik
majar teh batara kresna
boga kaca anu sakti
disebut ogan lopian
kabuktiana kiwari
teknologi nu kapayun
tangtu mangaruhan jalmi
kanu sok resep nganggona
moal seueur ajag ijig
digawe bisa di imah
ka kantor mah janten langki
kitu deui bakal mampuh
kapayun atos kauji
cekap mung nganggo panangan
teu kedah repot jeung pusing
hape anu dina pesak
dianggo sagala rupi
teu kedah caket bangbarung
pami bade muka konci
tiasa ti katebihan
panto bumi tur lomari
lanseng open sareng kulkas
kitu deui mesin cuci
mun eta disebut maju
sabab jalma teh nalungtik
ku elmu reujeung ihtiar
praktek sagala disungsi
paguron luhur nu peta
industri ngiring ngarincik
lamun henteu urang tangtu
jati kasilih ku junti
bangsa teh ngan jadi pasar
dina widang ekonomi
basa kasarna dijajah
gawe teh ngan bisa meuli
kitu ge mun urang gaduh
artos gajih kenging kuli
jumlahna oge teu pira
katutug angka inplasi
hahargaan beuki mahal
anu miskin tetep kingkin
nya mugia atuh
gusti anu maha suci
maparin bongbolong jalan
ka rahayat ieu nagri
aya dina kamajengan
majeng lahir majeng batin.
*kopo19052101
Minggu, 28 November 2010
BALITUNGAN
(kinanti)
I
Mun baheula arek ngitung
make nyere hiji-hiji
kertasna ge make sabak
nulisna mah make gerip
mun salah dina itungan
di susut lamak jeung cai
ningkat beh dieuna maju
kertas daluang ngagenti
sok nyuub mun ditulisan
kumangsi merekna ‘lady’
ngitungna make cipoa
berendel nu tina kai
mun ngagambar pasti gunung
pamandangan euweuh deui
jalan jeung sawahna ngeplak
walungan jeung tangkal kai
panon poe rejeung mega
langit di hias ku piit
pulpen murah merk tatung
da parker teu kuat meuli
mangsina teh diwadahan
ku gelas buleud laleutik
di simpen d tengah meja
jeung pena kalam di sisi
lajeng suparantos kitu
merek bolpoin nu gampil
digentos eusi lebetna
tapi sakapeung ngadahdir
komo pami katiisan
mangsina macet teu bijil
mun ngagambar garis dadu
nganggo ‘trackpen’ pena alit
meja ageung ngadayagdag
ditulisna dina kalkir
kertas herang nu ‘transparan’
pangaosna rada awis
‘tangen sinus per cosinus’
na elmu trigonometri
‘elmu ukur sudut’ tea
ngabandingkeung sisi gigir
‘alpha beta lambda tetta’
ngaran juruna notasi
atuh ngitung beuki ripuh
desimal paranjang teuing
cipoa teh kawalahan
gentos kalkulator ‘canggih’
ameh bisa ngitung akar
reujeung saeutik ‘memori’
apal raraban teu kudu
ngitung teh teu rea mikir
da kari mencet tombolna
asal batre aya eusi
itungan teh bleg di layar
jentre henteu bireuk deui
elmu teknologi maju
itungan tambih jeung grapik
malahan bisa ’formula’
rumus tiasa diancik
dina memori lebetna
beuki dieu beuki hebring
lami-lami atuh jebul
komputer namina ‘pisi’
‘personal computer’ tea
nu mimiti tipe ‘eksti’
‘eti’ anu salajengna
itungan gancang kapanggih
lajeng gentos ku ‘pentium’
‘prosesorna intel’ canggih
intel dua- tilu-opat
tipe anu silih genti
ngitung - ngagambar ge gampang
sabab make aplikasi
‘pisi’ nenggang geus teu usum
‘sten elon’ makin langki
sabab tos nyambung jaringan
protokol tisipi-aipi
basa jaringan kawentar
’leyer transpor’ data eusi
mun sirib keur ngala lauk
ieu mah keur ’ilmu ngetik’
balarea anu boga
alatna tur aya duit
hanjakalna rada mahal
teu kabeuli keur nu miskin
II
balik deui kana elmu
komputer dina teori
ka hiji perangkat keras
buktina the alat pisik
’cepe-u kibod’ ditambah
monitor keur urang ngintip
nu kadua sok disebut,
ieu ge kacida penting
nya eta perangkat lunak,
software tea gaduh nami
eusina teh seueur ’program’
‘o-es ‘ reujeung aplikasi
o-es teh nyawa cepe-u
nu mimiti ’dos’ dianggit
windows mah ka behdieuna
mun server mah nganggo ’unix’
dipasangna teh tiheula
memah masang aplikasi
aplikasi nu dimaksud
keur migawe niat hiji
misalna nyusun kalimah
’weud prosesor’ boga nami
pamina ’tabel’ etangan
bisana nganggo ’sprid sit’
ngirim surat kanu jauh
kantun ngotret nganggo ’i-mil’
perangko mah da teu kedah
’klik oke’ serat di-’submit’
katampina tangtos gancang
na koropak ’inbox’ dugi
atuh mun da’wah ge hayu
biantara ‘presentasi’
aplikasi geus sadia
dingaranan ‘power poin’
lampu ‘infokus’ ngagebray
disorotkeun kana bilik
lamun imah rek diwangun
autoked tinggal milih
teu kudu hese ngagambar
be waragad jang ngijir
da enggeus sadia pola
tinggal nyambung jeung ngaracik
lamun poto hayang alus
diseken heula mimiti
diedit sakabutuhna
kasang tukang jeung pipinding
nini aki jadi ngora
sabab dimanipulasi
lamaun katarajang ‘pirus’
komputer nagjeten cicing
atawa ngaco jadina
data ruksak komo leungit
kudu geuwat dibersihan
ku ‘sopwer’ anti nu matih
lamun urang hoyong gaduh
komputer ageung nu canggih
kanggo kalancaran dagang
data seueur nu peryogi
urang kedah tambih beya
meser ’server’ sewa ’hosting’
basis data oge perlu
salianti aplikasi
lisensi ge dibogaan
meserna ti anu resmi
ulah sok meser bajakan
bisi ditialng pulisi
beuki dieu beuki maju
komputer teh beuki ngeusi
programna beuki merekah
macem-macem bisa milih
gambar hirup ge direka
ngarana teh animasi
malah lain gambar wungkul
sora jeung jirim ngahiji
disebut multi media
gambar jauh katingali
urang teh bisa sawala
na ’pideo konperensi’
kamajuan ’alat input’
disket digentos ku ’plopi’
’sidi draip’ saterasna
’dipidi’ tambih ku ’ples dis’
Malih digabung kamera
’klos sirkit’ jang ngintip maling
III
ulah hilap nu katilu
’brain wer’ teh uteuk jalmi
kedah apal tur katalar
elmu sareng teknologi
ngokolakeun alat-alat
dina sistim inpormasi
da kitu sipatna elmu
mangpaat keur pada jalmi
misalna urang ’fesbukan’
ieu teh sarana penting
kanggo urang sarerea
ngawangun silaturahim
namung mugi henteu bendu
komo deui rengat galih
sanes bade mapagahan
mamatahan ngojay meri
ulah sok kamalinaan
hilap solat lali dikir
margina anu saestu
dunya mah mo lana deui
rek disambung ku kiamat
sugro kubro tos pinasti
urang bakal ngarandapan
moal bisa nyingcet ngijing
anumawi ayeuna prung
geura abdas jig ka cai
komputer lesotkeun heula
niat ibadah ka gusti
rek ngaos atawa sholat
istigfar atawa muji
neneda gusti nu agung
sihapunten jisim abdi
kirang syukur kana nikmat
lalawora lampah kuring
komputer jadi berhala
gogoda dongkap ti iblis
sabak batu mun kapungkur
tara nyoceng waktos ngaji
kertas nyuub oge sabar
sumerah kana rejeki
iklas kuring tumarima
ati teh panceng ka gusti
abdi seja bade nyuuh
tangtos gusti anjeun surti
kuring hoyong dihampura
samudaya dosa abdi
lajeng pasihan hidayah
ditambih sareng taufik
kaunjuk salam ka rosul
muhammad panutan abdi
sareng para shohabatna
kalihna para ’tabi’in’
’pukoha’ sareng ulama
kitu deui mujahidin.
*sayati-supratman 18052010
Sabtu, 27 November 2010
GURUNGGUSUH
(Kinanti)
I
isuk-isuk bada subuh,
gagancangan kuring mandi
ti dinya kuring sasarap
goreng sangu kecap amis
endog ceplok jeung gorengan
dikalemkeun susu kopi
sanggeusna rengse mumuluk
ngaleos kuring ka pipir
nyokot motor roda dua
nu curumut henteu bersih
teu kaboro dimandian
sabab mulang teh janari
mun dipikir asa lucu
indit isuk mulang peuting
eta peta tibaheula
tapi tempatna teh lain
ayeuna kuring di kota
baheula di kampung sisi
ti kota baheula jauh
mobil langka motor awis
miang teh carangcang tihang
lamun henteu urang pasti
nyoceng waktu keur di jalan
rejeki kaburu nyingkir
di kota kiwari dumuk
jalan macet sarta leutik
wahana teu bisa gancang
loba ngarandeg jeung cicing
pabaliut teu katahan
kasenggol geus lumrah deui
II
diselah motor durugdug
tapi naha eureun deui
padahal loba bensinan
kuring nyoba muka busi
geuningan haranghangsuan
dihampelas jadi leungit
ngelegenceng motor maju
kajalan raya Sayati
motor sedan reujeung beca
pasesedek mani heurin
ditambah angkutan kota
nu eureun ’sakarep uing’
basa jalan lowong mangprung
motor ditumpakan kuring
logak kapakasa ditincak
sabab kagok ngerem deui
ieu poe enggeus beurang
jeung apan kuring geus jangji
jangji arek indit jauh
ka ciamis niat nagih
barang-barang kiriditan
jilbab ciput reujeung samping
tapi ngadadak sakala
tuh kempes ban tukang teh geuning
dina ban teh aya paku
nararanceb lima siki
meureunan bieu na logak
nincak paku deui-deui
untung aya urang batak
tukang kompa vulkanisir
kusiwel sapuluh rebu
kuring ngaluarkeun duit
keur ngupah ka tukang tambal
henteu majar ngitung ngijir
sabab kajurung ku beurang
rek muru kareta api
motor di gas kuring rusuh
setopan ge teu ditolih
lampu beureum ditarajang
kadenge sora piriwit
geuningan aya nu jaga
teu nyangka aya pulisi
pulisi ngahormat rengkuh
menta esteenka jeung sim
kuring mikir hate belang
si sersan teh hayang duit
tapi nyatana di tilang
pulisi alimeun nampi
III
geus kitu motor teh laun
dihaja hate rek tingtrim
ayeuna mimiti sadar
kuring seja ngonci ati
moal gurung gusuh jabrah
hayang diajar tarapti
niat rek kasetatsiun
dibolaykeun henteu jadi
da tangtuna kabeurangan
kareta api geus indit
mending kuring nyimpang heula
sholat dhuha di masigit
ngadunga teh rada husu
kahayang loba rejeki
jeung barokah pangasilan
henteu awuntah jeung werit
duit loba bisa nyesa
lamun leutik bisa mahi
b’sumbul 17052010
Dikeukeupan Kasusah
ku Mang Jojo ping 12 November 2010 tabuh 8:54
Dikeukeupan Kasusah
(pucung)
aya jalma gawena ngan diharudum
estu kedul pisan
gawena ngan ukur cicing
balukarna hirup teh kadungsang dungsang
polah kitu lain atikan karuhun
nu kitu mah salah
lampah jalma anu melid
kuduna mah manehna daek ihtiar
lamun telat lampah nu cileureun kitu
komo salah lengkah
gawena ngaahir-ahir
teu waspada hanjakal tara tiheula
kakocapkeun nu kedul indit ti kampung
rek nyaba ka kota
maksudna ngarobah nasib
modal nekad kuma engke kasampakna
ari datang ka kota bet jadi bingung
sugan teh rek gampang
geuningan hirup beuki miskin
nya kapaksa dahar ge sakapanggihna
pagulisek nyewa imah nu rek rubuh
saguriwek ngontrak
imah panggung dinding bilik
kamer leutik bari parana gudawang
mimitina gawe teh ngunjalan karung
eusina kintalan
di kios jalma balantik
naktak mundak ari buruhna teu pira.
terus pindah digawe di kebon kangkung
pancena teu susah
nyuaykeun jukut jalabrig
henteu lana sabab kebon kacaahan
narik beca tapi katangkep ku tibum
diambek dunungan
laklak dasar hate nyeri
balukarna nganggur deui beuki susah
euweuh gawe luntang lantung tambuh laku
na tambah balangsak
beuki hese nyiar duit
nahan lapar mandi ge sakampeurna
geus kieu mah kuring ngarasa kaduhung
kabengbat ku kota
itungan meleset geuning
hanas boga tanah saeutik dijual
bet kapahung era mun balik kalembur
tacan beubeunangan
wirang apes nasib diri
kabelejog ke erong ku pangbibita
sayati 17052010
Jumat, 26 November 2010
LALAMPAHAN SAPOPOE - I ( neraskeun hanca-2)
Balakbak
jalan tamblong seueur nu teu terangeun rupina teh
daeng kanduruan ardiwinta pan eta teh
anjeuna teh salasawios pangarang sunda anu payun keneh
lajeng majeng kapayun jalan bet ngeyeted macet
sihoreng seueur mobil nu kaluar ti apotek
sareng tempat marios jalmi di laboratorium biotes
srog di payun ayu nu nuju icalan peempek
sapalihna aya nu icalan sampeu digoreng
ngagorengna nganggo katel anu warna hideung lestreng tos rombeng
dihandapeun tangkal kai nu dahana direkrek
kios rupek dijerona seueur roko keretek
nu bogana mah nangtung diluar eukeur ngawadahan balok es
Gurisa
Kuring ngalamun katukang
Basa kai sisi jalan
Direkrek jeung dituaran
Jalma nu rek masang iklan
Api-api bodo pisan
Eta ngarumpak aturan
Cing atuh ulah kacida
na mawa karep sorangan
Lamunan leungit kegebah
Ningal jalmi anu siwah
Dibuligir rambut gimbal
Diuk nyoo nangka ngora
Gori alit rada panjang
Diusapan lalaunan
Kunyam kunyem bagun nimat
Kawas marancahan jimat
Terus aya nu ngaliwat
Dua wanoja lalenjang
Diapit dua jajaka
Rek arindit ka sakola
ngarandeg dua jajaka
palebah jalmi nu siwah
nu wanoja geuwat ngenyang
bari imutna ditahan
Ladrang
jalan sunda ayeuna tos dugi
Totogan ti parapatan lima
Ka kalerkeun ngan sajalan
Jalana teh rame pisan
Pasedek sedek motor angkot jeung sedan
Tukang konci nu awakna leutik
Inyana keur ngagurinda
Melenyun roko na biwir
Haseup ngebul tina irung tur nerekab
Dibehkalereunana saeutik
Nu aya toko rongsokan
Pakarangan henteu resik
Barang butut pabalatak mancawura
Ti dinya mobil mengkol teu lami
Jalan bungsu nu ditincak
Kuloneun pasar kosambi
kopeah iming caket ka gang katapang
Kosambi teh geuning beuki heurin
Pasarna mudal ka jalan
Sareukseuk anu ningali
Pasar kotor jeung mani pinuh ku runtah
Gedong rumentang siang di tolih
Di jalan baranang siang
Patempatan panggung seni
Seni nu kiwari kapeped ku jaman
Juru Demung
Seni di jaman ayeuna
Tos benten sareng kapungkur
Asa kirang aji
Kuma ceuk ramena pasar
Sponsor anu digugu
Komo deui seni sunda
Banda urang anu luhung
Teu dipusti pusti
Utami ku balarea
ngambek mun dipaling ku batur
teu maido kuring sadar
rahayat keur bararingung
tur seueur kapeurih
dina ngemutan nasibna
seni teh henteu kaurus
X
Kinanti
toko-toko tos kakepung
ku pe-ka-el nu balantik
nu daragang sakarepna
masang saung hateup plastik
teu ngawaro mun dicaram
pokona mah kuma uing
atuh toko teh balangkrut
sabab suwung nu mareuli
etalase kahalangan
trotoarna ge rarujit
nu balanja haroream
kalah neangan nu lain
ka wetan mobil teh maju
kahalang kareta api
jalana teh alon pisan
kakulonkeun henteu lincig
motor padedet di jalan
teu sabar pagiling gisik
kareta atos ngalangkung
palang beusi tos ditarik
tengen kiwa toko aya
nu icalan elektronik
shelter beus tos pinuh jalma
reg atuh beus eureun deui
tidinya mah atuh langsung
ngaliwatan lapang persib
waas mah jaman baheula
lalajo teu boga karcis
kuring jeung batur sok nojal
diudag-udag pulisi
benteng lapang warna paul
kaos persib oge sami
eta teh warna sagara
nu jero tur ayem tingtrim
matak lamun arek mengbal
poma ulah bari licik
di payun bade dipaju
parapatan jalan laswi
macetna langkung pohara
sihoreng taya pulisi
setopan pareum teu caang
mobil pabaliut deui
tapi saparantos kitu
mobil teh ngarandeg deui
di pombengsin anu lega
sim kuring turun ngagejlig
di parapatan suprataman
margi bade gentos mobil
oplet coklat anu butut
teu dititah ge geus ngarti
manehna eureun sorangan
dihandapeun tangkal kai
sim kuring atuh clak tumpak
ka kalerkeun ngincig deui
muararajeun dituju
eta tempat gawe kuring
di jalan raya supratman
genep dalapan nu pasti
sukurna alhamdulillah
jam tujuh kuring tos dugi
tah lalampahan teh kitu
mios tadi ti sayati
muararajeun diseja
dina pupuh kuring nganggit
tebih pisan ti sampurna
wayahna da sanes ahli
XI
Kinanti
sihapunten nu kasuhun
mugi ageung pangaksami
nganyam rumpaka teh carang
tapi kuring hoyong ngiring
ngareuh-reuah budaya
sok sanaos jalmi laip.
pun ampun anu kasuhun
ka gusti nu mahasuci
hapunten anu diteda
bilih dosa jisim abdi
dina nyerat paniatan
ngarempag uger agami.
Muararajeun 19042010
Diajar pupuh - Ngabaladah warisan

Ku Mang Jojo ping 24 November 2010 tabuh 7:54
Para wargi sakalih.
Tarekah ngawanohkeun jeung diajar basa tur budaya tiasa dijalankeun ku opat rupi aja nya eta : (a) diajar mikanyaho (learning to know), (b) diajar migawé (learning to do), (c) diajar mibanda learning to be), jeung (d) diajar milampah hirup babarengan (learning to live together ).
Nyoko kana patokan jeung tarekah di luhur, sareng nohonan pamundut rerencangan fesbukan nyaeta ustad Wangsa Oerang Subang Pituin sareng ibu Tia Baratawiria (aranjeuna teh damelna ngawulang), anu keukeuh meredih ka sim kuring anu laip, nya sim kuring lahlahan (bari jeung geugeumeueun) ngawantunkeun maneh ngintun ugeran pupuh. Ieu oge kenging niron ti nu niron, bilih lepat mah mangga lereskeun sareng mangga geura ungkab ku para saderek.
Dupi pupuh teh guguritan / puisi anu diwangun sababaraha pada (bait). Unggal pada diwangun ku sababaraha padalisan (baris). Unggal padalisan diwangun ku sababaraha kecap, unggal kecap diwangun ku engang. Jumlah engang unggal padalisan oge aya katangtosanana (guru wilang),mun bilangan nyalahan (ngarumpak guru wilang) disebut elung. Kitu deui engang dina kecap panungtung unggal padalisan aya patokanana nyaeta sora vocal (a, i, e, o, atanapi u) disebat guru lagu atanapi guru dingdong. Mun nyalahan (ngarumpak guru dingdong) sok disebut ngandang.
Dina pupuh aya nu disebat Sekar Ageung nyaeta pupuh anu ilahar / sering dianggo ku pangarang (panganggit) pupuh diantarana nya eta Sinom, Asmarandana, Kinanti sareng Dangdanggula. Nu sanesna (13 pupuh deui) disebat Sekar Alit.
Pupuh oge gaduh watek anu ngagambarkeun kaayaan rasa (hate, pikiran, paripolah, pasipatan, kayaan lingkungan alam sareng sajabi ti eta). Pupuh dilagukeun dina laras pelog, salendro atanapi madenda. Kitu deui dina ngahaleuangkeunana pirajeunan cengkokna teh sok aya nu rada benten, katawis nu nuju diajar mah biasana salancar teu lekoh sapertos nu ahli dina cengkokna teh. Ka sugri anu parantos uninga sareng ahlina, mugia ulah waka ngagegebrigan, nyawad kanu nembe diajar, pami ngalereskeun mah sayaktosna kedah, mung ulah dugika nu dialajar teh sawan kuya, teunggar kalongeun, ahirna aralimeun miara, bujeng bujeng mikanyaah. Kasenian sunda anu ublu abla legana sareng ledok (subur) kiwari kubra teu kaurus ku bangsana.
Pami kasundaan anu baheula kantos punjul, hatu urang jantenkeun eunteung sareng modal, salajengna dina ngalakonan hirup kiwari budaya deungeun (utamina ilmu sareng teknologi) anu lalebet ka urang , cuang jantenkeun 'bendungan' kanggo ngocoran 'sawah' urang, atuh 'runtahna' mah urang piceun. Urang (utamina nonoman) teh gaduh pancen miara seni budaya supados punjul sarta samartabat sareng bangsa nu sanes.
Mangga di handap ieu kasanggakeun ugeran sahinasna dina ngawangun rumpaka pupuh sunda.
No -Nami -Jumlah Padalisan- Engang & vocal tungtung - Watek
1 Asmarandana -7- 8i, 8a, 8e atawa 8o, 8a, 7a, 8u, 8a Silih asih, silih pikanyaah, pepeling
2 Balakbak -3- 15e, 15e, 19e Heureuy, banyol tapi lantip/sopan
3 Dangdanggula -10- 10i, 10a, 8e, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a Kabungah, sugema
4 Durma -7- 12a, 7i, 6a, 7a,8i,5a, 7i, Sumanget, gede pangharepan, gilig
5 Gambuh -5- 7u, 10u, 12i, 8u, 8o Bingung, kanyeri, kasusah, samar polah, sedih
6 Gurisa -8- 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a Lulucon, ngalamun, pangangguran, malaweung, tamba kesel
7 Juru Demung -5- 8a, 8u, 6i, 8a, 8u Bingung pipikiran
8 Kinanti -6- 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i Kebek pangharepan
9 Ladrang -4- 10i, 8a, 8i, 12a Banyol, sindir
10 Lambang -4- 8a, 8a, 8a, 8a Pikaseurieun, banyol
11 Magatru -4- 12u, 16u, 8i, 8o Sedih, keuheul, handeueul polah sorangan
12 Maskumambang -4- 12i, 6a, 8i, 8a Nalangsa, sedih
13 Mijil -6- 10i, 6o, 10e, 10i, 6i, 6u Kasedih tapi gede harepan
14 Pangkur -7- 8a, 12i, 8u, 7a, 12u, 8a, 8i Ambek ditahan, napsu kapegung, ambek mentegeg, mayunan pancen / masalah anu beurat
15 Pucung -4- 12u, 6a, 8i, 12a Pepeling, wawar
16 Sinom -9- 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8a, 12a Sumanget, gumbira, deudeuh
17 Wirangrong -6- 8i, 8o, 8u, 8i, 8a,8a Wiwirang, pikaeraeun polah sorangan
Sanaos sim kuring oge seueur patarosan, keun we heula urang tunda. Mangga urang dialajar pupuh warisan sepuh.Etang-etang ngabaladah deui.
Cag,
sayati 16042010
Jumat, 19 November 2010
Sedih Kingkin
Maskumambang
geus der deui kajantenan matak sedih
aya nu palastra
asa nu teu euih-euih
pacengkadan henteu sirna
dinten ieu rebo opat welas april
‘tivi wan’ nu wawar
satpolpepe sareng jalmi
marebutkeun hiji makam
mbah priok ajengan turunan habib
nu nyebarkeun islam
baheula anu mimiti
didinya anjeuna dawah
sababna teh pamarentah ngaku milik
tanah eta makam
tapi rahayat teu sudi
makam na lamun dibongkar.
nu katingal aya ajengan nu sumping
misah ngarepehan
ustad nami habib riziq
ulama gaduh wibawa
tanjung priuk genting deui genting deui
siga nu ilahar
bentrok paketrok aparat
sareng jalmi urang islam
duh nu agung gusti anu mahasuci
mugia pangersa
nangtayungan umat muslim
sagala rupi cocoba.
Minggu, 14 November 2010
MUSRENBANG JABAR 2010
Kinanti
nampi uleman gupernur
supados sim kuring ngiring
wawakil pausahaan
dina sawala ti enjing
tug dugi ka wengi malah
sim kuring mung bandung kuping
ruang hotel nu dijugjug
bol rum horizon caralik
bappeda nu ngaduh hadas
acara atos diwincik
musyawarah ngararancang
pangwangunan taun enjing
ngawitan bubuka lagu
‘mojang priangan’ kakuping
‘peuyeum bandung’ kaduana
gegeden anu sarumping
kataji angklung nu rampak
kuring ngiring ngahariring
gupernur lajeng sasaur
perkawisna visi misi
dua rebu tilu welas
tiluwelas indikasi
eta teh janten udagan
hanca nu bade diwincik
minimal salapan taun
barudak kedah diatik
di sakola anu pormal
tingkatkeun partisipasi
murangkalih sarakola
ninggang umur anu pasti
angka lima puluh tilu
persen na partisipasi
hartina budak diurang
can asup sakola misti
es em u tingkatanana
tinggaleun urang teh pasti
ku kituna rek diwangun
kelas es em pe di cicil
nu tilu rebu jumlahna
dua ratus tambih deui
supaya budak sakola
otakna beuki areusi
kelas nu kanggo es em u
diwanguna seueur geuning
sarebu dikali lima
lima ratus tambih deui
diemboh genepuluhan
mugi bae leres jadi
listrik desa atos hurung
tapina di rumah tanggi
nembe ge genepuluhan
satiap saratus umpi
tujuh puluh rek diudag
insya Allah cenah dugi
cai bersih teh lulugu
nu dikota kanggo mandi
kacumponan satengahna
sakapeung sok maur seuri
caah maceuh kamarina
tapi jalma hese mandi
dupi nambihan penduduk
sapersen koma ditambih
dalapan angka desimal
kaetangna ngadirihdil
nambihan kabina bina
pantesan jalan pabeulit
langkung opat puluh tilu
juta jalmi anu cicing
di pasundan mun ayeuna
patlima mah taun enjing
tapi taun dua lima
lima dua mah kaijir
Asmarandana
taun payun kertajati
bandara di majalengka
dirojong rengse jalan tol
cisumdawu anu panjang
ti cileunyi ka dawuan
mobil teh engke mah mangprung
teu macet siga ayeuna
soroja tol nu dianti
jalan anu ka soreang
sajajar jeung jalan kopo
nuju dibebaskeun lahan
muga-muga kalaksana
kitu saur pa gupernur
anjeuna teh biantara
Sinom
bandung lembang bakal gampang
jalan layang rek dipilih
henteu jiga nu ayeuna
setia budi hareurin
jero kota kitu deui
jalan tol arek diwangun
intra urban namina
sugan wae dek ngajirim
nyugemakeun jalmi nu naek wahana
tah sakitu wawar rapat
wayahna ukur sakedik
pami bade ditataan
tujuh dinten tujuh wengi
moal cacap mun ditilik
sigana kudu ngalembur
ah moal sigana
margi abdi tunduh teuing
da kuring teh gaduh hanca pacabakan.
.-
Hotelhorison14042010