Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...
Tampilkan postingan dengan label Kaulinan Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Kaulinan Sunda. Tampilkan semua postingan

Kamis, 07 Juni 2012

TETANUS HATE


Cipt : Abdul Mushlih

TETANUS HATE
Lamun urang teu miara kasehatan
Pasti bakal gampang pisan panyawatan
Bisul kutil kerup kadas jeung borokan
Bongan awakna jarang diberesihan

Lamun urang teu miara kaimanan
Pasti bakal loba pisan kamungkaran
Basil dengki kuman hasad racun setan
Sumeleket kana hate gancang pisan

Lamun jalma katerap tetanus hate
Tara sadar tara nganggap batur hade
Pami tatanggana meunang kani’matan
Kabenci nyaliara ka sakujur badan

Lamun kongang karepna hayang ngadu’a
Supaya tatanggana gancang cilaka
Mun tatangga kabeneran boga banda
Mikiran sangkan bandana gancang suda

Lamun jalma mibanda sifat nu tadi
Eta jalma panyawatna parah pisan
Kudu gancang dijeksi ku hadist nabi
Bari terus disiram ku ayat al Quran

Ieu lagu baris dipentaskeun dina acara Haflah Imtihan 2012 Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, ku barudak Calung tingkat MI (Madrasah Ibtidaiyyah)





READMORE - TETANUS HATE

Jumat, 28 Oktober 2011

CULIK ( Kapal Kolecer )


"tiarap euy, tiarap ,,, aya culik ,,," *ngagubragkeun awak kana galengan sawah majarkeun tiarap.

Enya da baheula mah keur leutik lamun seug arulin jeung barudak saantragan di sawah atawa di lapang mengbal, dimana aya kapal kolecer ( pang-pangna kapal kolecer koneng ) ujug-ujug ngagubragkeun awak kana galengan sawah, atawa kana taneuh mun keur di lapang mengbal majarkeun tiarap, bari nyarita ka babaturanana kalawan tarik "wah, aya culik,,, tiarap euy, tiarap,,, aya kapal kolecer koneng." (da cenah kapal kolecer koneng mah eta teh kapal culik).
Dasar keur bolon, duka teuing kumaha jeung timana sajarahna???
Ieu carita kungsi dibalakakeun dina salah sahiji media, nyatana Facebook, anapon pangemut nu sanes teu jauh beda jeung nu kungsi karandapan, pon nya kitu deui teu jauh beda jeung carita samemehna (KAPAL MENTA DUIT SAKARUNG), diantawisna :

READMORE - CULIK ( Kapal Kolecer )

Sabtu, 15 Oktober 2011

KAPAL MENTA DUIT SAKARUNG


"Kapal Menta duit sakarung" pokna ngagorowok bari tanggah ka luhur.
Enya da baheula mah lamun keur arulin jeung barudak saantragandimana aya kapal ngalewat sok ngagorowok : "Kapal menta duit sakarung ,,," malahan sok bari diberik / diarudag sagala. duka teuing kumaha jeung timana sajarahna tah ?
*Foto : salasa 04 oktober 2011 M. tabuh 11:26 WIB. ieu foto kungsi dipajangkeung dina salah sahiji media nyatana Facebook, anapon pangemut nu sanes teu jauh beda jeung anu karandapan ku diri pribadi dina mangsa baheula.
Diantawisna :
Lya Aulia MarYam, Nurdin Alamsyah, Tie Itie Similikitiw Part II dan 13 lainnya menyukai ini.

Alfaro Rnto Recoba : muhun da tipayun mh kitu pisan tp ayna mh ts jarang kapal ngaliwatna oge.tos di gentos ku beko ena mh sareng doser nu sering ngaliwat th 03 Oktober jam 23:59 · Tidak Suka · 1 orang

Endang Eddhie · Berteman dengan Fauzi Salaka dan 35 lainnya : sumuhun kang adang sim kuring ge keur alit mah pami aya kapal liwat lumpat kanu lega ka sawah atawa lapangan menbal, sok gogogrowokan kitu.....padahal mah di emut ayeuna sok hayang seuri.....boro2 kakupingeun ku pilotna .......gandeng we ku mesinna ......xixixixixxi......dasar ari keur budak mah tuturut munding we........... 04 Oktober jam 0:00 · Tidak Suka · 1 orang

Djoerig DalapanLima : teu dimana-mana sami gening, ari barudak urang dayeuh anu sapopoena nyarita ku basa endonesa kitu teu nya? 04 Oktober jam 0:03 · Suka · 1 orang

Endang Eddhie : Berteman dengan Fauzi Salaka dan 35 lainnya hatu nuhun kang Djoerig DalapanLima.......leres sami bae kitu da sami2 barudak.....duka tah urang amerika atawa inggris sami henteu nya kitu keur leutikna.....xixixixxii 04 Oktober jam 0:05 · Suka · 1 orang

Sireum Leuweung : sugan teh dilembur uing wae Mang .... tah malah mah ditukangeun lembur teh sok dipake latihan terjun payung atuhh pangalaan jangkrik teh lidag da rea nu kasawah hayang apal ari parasit paranti tentara jeung paranti hajat sarua teu cenah hahahahhah ... 04 Oktober jam 0:10 · Suka · 1 orang

Djoerig DalapanLima : mang @endang Eddhie : sawangsulna mang, benten basana panginten nya mang, mang Sireum Leuweung : hihihii,, enya tah baheula mah sok aya nu hajatan tendana teh make parasit, da kiwari mah cenah geus modern,,, 04 Oktober jam 0:13 · Suka

Sireum Leuweung : hehehhh leres nya Mang malih pangeras sora na teh nganggo toa warna bulao endog asin mencrang sorana salembur, nyetel wayang tah ari idangan na nganggo pipiti atanapi bebesek eusina aya endog sabeulah, asin pepetek, cabe hejo, tempe tahu je...Lihat Selengkapnya 04 Oktober jam 0:19 · Suka · 1 orang

Djoerig DalapanLima : enya tah sok dibaanan cangkedong (nganggo pipiti eusina aya endog sabeulah, asin pepetek, cabe hejo,hui sabeulah, tempe tahu jeung gepuk sakeureut ngan sanguna biasa rada heuras) mun nganjang kanu hajatan teh 04 Oktober jam 0:24 · Suka

Tana Takaful : kapal menta duit sakarung...hhha 04 Oktober jam 0:29 · Suka · 1 orang Djoerig DalapanLima enya eta pisan mang Tana, KAPAL MENTA DUIT SAKARUNG,,, 04 Oktober jam 0:32 · Suka

Sireum Leuweung : hahahhhhah .... ayeuna mah idangan tinu hajat tos robih ku mie instan atawa kadaharan instan sejenna oge barudak teh ayeuna mah teu ngungudag kapal liwat malah wayah kieu jongjon di payuneun layar warnet, PS atawa ngoprek HP hahahhhhahhh 04 Oktober jam 0:35 · Suka

Djoerig DalapanLima : pon nya kitu deui urang ge teu eleh deet jeung barudak kiwari,,, *cenah 04 Oktober jam 0:37 · Suka

Sireum Leuweung : hahahhh jadi bingung uing mah Mang ... saha saenyana nu mere conto ieu teh urang nu bubudakeun atawa budak embung eleh ku urang hahahahh atawa geus mangsana kieu kitu ..... hahahh 04 Oktober jam 0:43 · Suka

Djoerig DalapanLima : sumawona mang,,, 04 Oktober jam 0:44 · Suka

Heri Awie : saupami marasitkeun mah disebatna teh kapal mod...o;... heuheu.. 04 Oktober jam 0:47 · Suka · 1 orang

Sireum Leuweung : hahahhah ... rek ngopi heula ah ayeuna mah 04 Oktober jam 0:47 · Suka · 1 orang

Djoerig DalapanLima : hihihi, malahan sok ditempo nepikeun ka euntreupna dimana, sakapeung mah nyasab ka buruan imah sagala,,, 04 Oktober jam 0:49 · Suka

Reni Nurani · 6 teman yang sama : Heu heu ..leres pisan sami kaalaman ku sim kuring..nyakitu pisan ..kiwari kantun..waasna..pami di sakola kaleresan ngawuruk ngenaan ..pupuh kinanti anu unina sapertos kieu.; eta ..naon nu ngahiung..suat..siet..henteu cicing..ngawang-ngawan...Lihat Selengkapnya 04 Oktober jam 1:45 · Suka · 2 orang

Mang Jojo ‎: "kapal menta duiiit.." kitu ceuk barudak teh, na atuh ari burusut teh kertas maruragan tina kapal... barang diboro manahoreng teh selebaran, ngawrtakeun yen gorombolan ...Kartosuwiryo nyerah...."bedus siah..hanas parebut" ...... 09 Oktober jam 3:05 · Suka
READMORE - KAPAL MENTA DUIT SAKARUNG

Rabu, 25 Mei 2011

Pacici-cici Putri

Pacici-cici putri mangrupakeun salah sahiji kaulinan barudak nu biasa dilakukaeun minimal ku 2 urang atawa 3 urang boh lalaki atawa awewe, dina eta pangulinan maranehna ngariung mun lalaki bari sarila, mun awewe bari emok, tuluy tiap urang neundeun 2 ramona sewang-sewangan, kalawan dipingpin ku salah saurang, nu mingpin eta nunjukan ramona nu diriungkeun tadi (majarkeun ngitung) bari make lagu :
Anu nunjukan : “Pacici-cici putri, serelek kembang celempung, ma ipah-ma ipah, kalau mau kembang apah?”
nalika eureun dina kecap “a-pah?” nu katunjuk (salah sahiji ramo-na, otomatis jadi nu katanyaan) sina ngajawab eta pertanyaan (nyebutkeun salah sahiji ngaran kekembangan, bebas rek kembang naon bae oge, ngan engke kudu bisa mere sindiran ku eta rupa ngaran kembang nu disebutkeun ( contona bae : kembang cau, tina kecap “cau” kadituna jadi kecap “bau”)
Nu katanyaan: “Kembang cau,” (contona eta nu katanyaan ngarana si ucup)
Saanggeus ngajawab, tuluy ramo nu tadi ditareundeun deui.
Anu nunjukan : “Mang ucup, mang ucup, palay kembang cau, kabogohna kanu bau.”
Nalika keur ngucapkeun eta kalimat, anu mingpin bari nunjukan deui ramo-ramona, dimimitian tinu ngajawab tadi, saha wae ramona nu katunjuk ku kecap nu terahir diucapkeun (“ba-u”), otomatis si eta nu bakal mingpin dina jirangan nu satuluyna.
READMORE - Pacici-cici Putri

Selasa, 08 Maret 2011

Naha bet bala ???

- Naha bet bala ???

Si Sadul : dengekeun ku maneh, urang dek kata berkait
Barudak : Cing sok, cing sok, cing sok sadul,
Si Sadul : (bari namprak si adul teh ka luhur, panon bulan peureum beunta).
“Lamun urang atos kawin, win,,,
Wincik hiji-hiji, ji,,,
Jimat urang rarangken ti hareup,reup,,,
Reup peuting si nyai sare, re,,,
Rek kumaha urang, rang,,,
Rangkul cing tarapti, ti,,,
Tingal rarayna, na,,,
Naha bet emut, mut,,
Mutiarana katembong, bong,,,
Bongkok lalaunan bari antelkeun si badu, du,,,
Dudut tali kutang, tang,,,
Tangkeup kana susu, su,,,
Suaykeun sampingna, na,,,
Naha bet bala ???”

Wah euy, si sadul jorang,, jorang,,, euy…. si sadul jorang,, (pada maledogan…)
READMORE - Naha bet bala ???

Jumat, 04 Februari 2011

PAPANGGALAN






PAPANGGALAN :
Papanggalan mah kaulinan atawa karesep budak lalaki anu umurna rata- rata 6 nepi ka 15 taun. Waktu ulinna ti beurang atawa pasosoré. Panggalna dijieun tina kai anu tareuas, saperti jambu batu, jambu aér, nangka, jeruk bali, jeruk garut, galinggem jeung sajabana. Supaya babari tuhur atawa garing sarta lamun panggalna keur muih bisa disada, ngahiung.

Panggalna teu béda ti jambu batu, endog meri atawa siki jambé. Dirautan dilemes-lemes ku hampelas. Sawaréh mah sok aya nu dibubut sagala rupa, mani lemes tur leucir balas ku dikosokan jeung diusapan. Disebutna panggal aseupan.

Dina palebah bujurna atawa buntutna dipaku meunang motong pepentulna supaya dempes. Aya ogé sawatara panggal nu pakuna siga kampak. Sina gepeng jeung seukeut kawas kampak. Ambéh dimana ditinggangkeun kana panggal nu batur bisa bocél atawa nepi ka beulah.

Cara muihkeun panggalna, panggal téh dibeulitan ku tali rara atawa lamak ti mimiti tungtung paku dina bujurna nepi ka lebah awakna rada kabulen kabéh. Tungtung rara téa ditalikeun sina menyendul geusan pamageuh, heug dicapit ku sela-sela jariji jeung cinggir. Hulu panggalna dicekel ku indung leungeun, ari lebah pakuna ditahan ku curuk anu katuhu. Tuluy dialungkeun rada dibeubeutkeun ka hareup kira-kira dua léngkaheun bari rada dicentok atawa dikenyedkeun. Panggal téh muih ari rarana ngarumbay tina leungeun.

Lamun pareng panggalna teu muih disebutna lasut atawa paéh. Lamun panggal nu keur muih téh dieurad tur rada diapungkeun, prak disanggap atawa ditampan, éta disebutna diunda.

Papanggalan mah tara ngahantem saban waktu tapi aya usumna. Rata- rata dina usum hujan munggaran sok aya buruan anu lening da kekebul jeung kokotorna kabawa palid ku cileuncang. Tah di nu kitu barudak sok resep nyieun kalangna téh. Ambéh atra buleudanana. Di jero kalang panggal téh ditareundeunna. Digundukkeun ku sing saha anu rék ngadu (maén) panggal.

"Tuk-tuk brung kali tanjung barangbang kali parangpang, padakutik padasemprung. Bruk brak, bulu lutung panjang rubak, ditepak tepak ku budak, padakutik padasemprung".



ditukil tina fb Akoer Lah
READMORE - PAPANGGALAN

Kamis, 06 Januari 2011

JAMPE NYIMPEN PARE



JAMPÉ NYIMPEN PARÉ

Mangga Nyi Pohaci,
Nyimas Alané Nyimas Mulané,
geura ngalih ka gedong manik ratna inten,
abdi ngiringan,
Ashadu sahadat panata, panetep gama,
iku kang jumeneng Lohélapi,
kang ana teleking ati,
kang ana lojering Allah,
kang ana madep maring Allah,
iku wujud salamet ing dunya,
salamet ing ahérat.
(Esin Engka Widjaja, Poesaka Soenda No. 8, 1924)


*ieu eusi kengeng ngutip tina Fb mang Akoer Lah
READMORE - JAMPE NYIMPEN PARE

Selasa, 04 Januari 2011

SALAM SÉRÉH



SALAM SÉRÉH
Salam séréh kadongdong cina,
Abah datang kabina-bina,
Nyiuk cai satampolong,
Piring pisin diragaji,
Colénak dikalapaan,
Kuring isin ku paraji,
Boga anak teu bapaan.
(Kakawihan Barudak : Atik Sopandi & Oyon Sofyan Umsari)

*ieu eusi, kengeng nukil tina salah sawios eusi fb barayana Djoerig DalapanLima nyatana saderek Akoer Lah

kakawihan nu samodel kitu biasana sok diparake ku barudak baheula nalika keur arulin babarengan, hal eta pisan kungsi karandapan ku diri pribadi nalika kuring keur budak keneh, nalika ulin jeung babaturan nu saantragan di buruan atawa dimana bae.
READMORE - SALAM SÉRÉH

Sabtu, 04 Desember 2010

Oray-orayan


Salah sahiji kaulinan nu kungsi karandapan baheula nyatana " Oray-orayan " kaulinan nu samodel kieu ngabutuhkeun sababaraha urang sangkan eta kaulinan bisa dilaksanakeun, nu 2 urang silih nyepeng ramona bari dikaluhurkeun (pikeun lawangna), jalma nu ka hiji disebut "bulan" jalma nu kadua disebut "bintang" nu lainna ngabaris sabari nyepeng taktak nu dihareupeunana. tuluy maju asup kana eta lawang, nu panghareupna disebut hulu, nu pang tungtungna disaebut buntut, tah sihulu eta maju sangkan bisa newak buntutna, sedengkeun sibuntut nyingkahan sangkan teu beunang ku si hulu, sabari ngalagu :

Oray-orayan

luar-leor ka sawah,

tong ka sawah

parena sumeudeng bekah,

oray naon?

Oray bungka,

Bungka naon?

Bungka laut

Laut naon?

Laut dipa

Dipa naon?

Dipandeuri,

Riririririungan…

Tah, nalika ditungtung lagu nu eta (Riririririungan) pas anu asup kana eta lawang kapaksa ditewak kunu jadi lawang.tuluy manehna sina milih, rek milih bulan atawa bintang, mun milih bulan, manehna kudu cicing ditukangeun nu jadi bulan, nya kitu deui sabalikna, tuluy nepikeun ka beakna. saanggeus beak bakal ngahasilkeun 2 kelompok, nu ahirna silih pakenyang-kenyang(pabetot-betot) leungeun (samodel tarik tambang deui.

Ngan ieu kaulinan pasti di wewengkon nu lian mah aya bedana saperti nu ditulis dina salah sahiji media http://peuyeumbandung.blogdetik.com/2009/04/06/kaulinan-barudak-baheula-permainan-anak-jaman-dulu/comment-page-1/#comment-15311, didinya disebutkeun :

"permainan Oray-orayan ( oray = ular ) biasanya dimainkan oleh 10 - 20 anak yang berbaris dari belakang ke depan berbentuk garis kurva bentuk dari ular. Sambil memegang pundak temannya yang ada di depan, mereka meliuk-liuk dan bernyanyi “ Oray-orayan, luar leor mapay sawah. Entong ka sawah, parena keur sedeng beukah. Oray-orayan, luar leor mapay kebon. Entong ka kebon, loba barudak keur ngangon. Mending ge teuleum, di leuwi loba nu mandi. Saha anu mandi, anu mandina pandeuri.” (Bergerak seperti ular, meliuk-liuk nyisir sawah. Jangan pergi ke sawah, padinya sedang menguning. Bergerak seperti ular, meliuk-liuk nyisir kebun. Jangan ke kebun, banyak anak sedang mengangon ternak. Lebih baik menyelam, di sungai banyak yang mandi. Siapa yang mandi, yang terakhir yang mandi….). Saat lagu berakhir, anak yang berada di paling depan, biasanya dipanggil ‘hulu’ yang artinya kepala, harus menangkap anak yang berada di paling belakang (buntut yang artinya ekor). Anak yang berada diantara mereka harus menjaga ekor dengan cara bergerak dan meliuk-liuk sambil berpegangan pada pundak temannya. permainan berakhir ketika ekor telah tertangkap. Permainan dapat dimulai kembali dengan membentuk formasi baru. Pada permainan ini, anak-anak tidak hanya memperoleh kesenangan tetapi juga belajar untuk tetap kompak, memimpin, bertanggung jawab, melindungi dan mendukung."

Cag sakitu.

READMORE - Oray-orayan

Jumat, 03 Desember 2010

Saha Nu Hitut?

Inget baheula mun urang keur ngariung jeung babaturan, tuluy dina eta riungan teh kaambeu bau hitut, sok bari ditunjukan hiji-hiji, bari ngalagu :
lamun ka barudak lalaki :
Tut,
daun kaliki,
saha nu hitut,
budak lalaki.

lamun ka barudak awewe :
Tut,
daun kanyere,
saha nu hitut,
budak awewe.

tah biasana nu dituduh hitut teh nu pang ahirna ditunjuk nurutkeun kecap(kata) nu ahir (lamun "bu-dak-la-la-ki" berarti nu katunjuk ku kecap "ki" eta nu hitut.

READMORE - Saha Nu Hitut?

Kamis, 02 Desember 2010

NGAGEROAN

NGAGEROAN

Nyakitu tea gening nu ngaran barudak, teu lesot tina pangulinan boh jeung dulur atawa jeung batur salembur, jeung sakapeung mah sakali mangsa sok dijadikeun bahan guguyon atawa hareureuy, contona bae nalika keur ngageroan nu jadi babaturan, kunu ngageroanana sok diheureuykeun ,

Nu ngageroan : “hey ucup,”

Ucup : “naon euy?” si ucup bari ngalieuk.

Nu ngageroan : “Bagja ngalieuk,

boga duit salawe,

dibeulikeun kana bonteng,

sare-na jeung si ateng,

patonggeng-tonggeng”.

( lamun mapuluh, dibeulikeun kana waluh … jsb ). – bari kekeprok, semu ngalelewehan.
READMORE - NGAGEROAN

KAULINAN SUNDA


Mangrupa-rupa kaulinan barudak baheula hususna di tatar sunda, nu kungsi karandapan jeung katungkulan ku diri pribadi baheula keur leutik keneh numana kaulinan nu ieu hususna di lembur pribadi kalolobaanana geus teu kaciri deui dilakonan ku barudak ayeuna, ngan sakumaha nu kauninga ku urang sadayana, dina kaulinan sunda mah, kawilang kumplit malihanan katelah cawokahna, nu matak urang sunda mah teu weleh heureuy jeung heureuy, jeung tara asa-asa, malahan batur heureuy sorangan nepikeun ka leweh/ceurik alatan ku eta pangheureuyan. samodel lagu ngocok sangkang leweh (cok leweh), kareta api buatan jepang, ayang-ayang gung, oray-orayan,,, jeung rea-rea deui. ngan eta kaulinan biasana di hiji wewengkon jeung wewengkon nu lianna sok aya nu beda, boh dina ngamaenkeunana boh dina eusina, ngan ngaranna mah sok sarua.
ieu seratan mang rupakeun bubuka tina label "Kaulinan Sunda". atuh sim kuring pribadi sateuacana neda panghapuntena boh kapayuna bilih aya hiji bahasan perkawis ieu kaulinan anu kawilang cawokah, taya sanes hal eta dimana ku sim kuring dipintonkeun kapayunna, nyatana pikeun nginget-nginget sangkan teu pareum ieu kaulinan teh hususna di tatar sunda. da gening barudak kiwari mah pangulinannana teh teu jauh jeung anu modern, malahan geus teu aheng deui maranehna sapopoena ulinna di hareupeun monitor atawa tipi, samodel game online, ps, lalajo VCD atawa DVD, jeung rea-rea deui,,,
cag heula !

READMORE - KAULINAN SUNDA

Jumat, 15 Oktober 2010

KAULINAN BUDAK BAHEULA ( SUNDA )



Mangrupa-rupa kaulinan barudak baheula hususna di wewengkon sunda, nu kungsi karandapan jeung katungkulan ku diri pribade baheula keur leutik keneh numana kaulinan nu ieu hususna di lembur pribadi kalolobaanana geus teu kaciri deui dilakonan ku barudak ayeuna, diantarana :

  1. 1. Rerebonan
  2. 2. Soldah
  3. 3. Keser
  4. 4. Gatrik
  5. 5. Gaplok
  6. 6. Kastik / gastik
  7. 7. Ucing beling
  8. 8. Ucing Jidar
  9. 9. Ucing Juru
  10. 10. Ucing Sumput
  11. 11. Ucing Boy / Boy-boyan
  12. 12. Ucing Dua Lima ( 25 )
  13. 13. Ucing Toktar
  14. 14. Ucing Juru
  15. 15. Oray-orayan
  16. 16. Dam-daman
  17. 17. Dodombaan
  18. 18. Beberesan
  19. 19. Nininjaan (make sarung)
  20. 20. Endog-endogan
  21. 21. Galah
  22. 22. Gatrik
  23. 23. Maen langlayangan
  24. 24. Ngarucu Langlayangan
  25. 25. Ngadu Bandring
  26. 26. Ngadu Kenteng
  27. 27. Ngadu Jangkrik
  28. 28. Ngadu Kaleci
  29. 29. Ngadu Hayam / Hahayaman (Hahayamanna make jempol)
  30. 30. Ngadu Karet
  31. 31. Ngadu gambar
  32. 32. Ngala Simeut ( Biasana keur usum pare geus dibuat)
  33. 33. Ngurek (biasana keur usum pare karek tandur)
  34. 34. Ngadamar
  35. 35. Encrak (biasa dilakonan ku barudak awewe)
  36. 36. Sapintrong (biasa dilakonan ku barudak awewe)
  37. 37. Anyang-anyangan (biasa dilakonan ku barudak awewe)
  38. 38. Congkak
  39. 39. Pacici-cici putri … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)
  40. 40. Hansip-Hansip Penjaga … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)
  41. 41. Perepet jengkol (aya tuluyanana, bari dilagukeun)
  42. 42. Punten, mangga … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)
  43. 43. Bang-bang kalima-lima gobang … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)
  44. 44. Tong mali-liyatong … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)
  45. 45. Nyieun Momobilan ( tina awi / cangkang jeruk bali )
  46. 46. Nyieun Momotoran ( tina awi )
  47. 47. Nyieun Bebedilan (tina awi / taneuh lio ) biasa osok dipake peperangan
  48. 48. Nyieun Kakapalan, jejelemaan, babangkongan, kopeah jeung nu liana deui. ( tina keretas )
  49. 49. Nyieun Paparahuan (tina keretas / cangkang jeruk bali)
  50. 50. Nyieun Rupa-rupa bentuk tina karet nu di teundeun dina ramo
  51. 51. Ngalelewehan ( biasa osok bari dilagukeu “ Cok leweh …… “ )
  52. 52. Ngocok anu ngalelewehan / Ngupahan anu dilelewehan mun keur leweh ( ceurik ) ( biasana bari dilagukeun “ Hag siah … “ )
- Jeung rea-rea deui …
duh,,, nineung aslina kuring nineung...

*gambar mah kengeng ngopy ti : http://majalah-balebat.blogspot.com/
READMORE - KAULINAN BUDAK BAHEULA ( SUNDA )