Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Jumat, 12 November 2010

HAREWOS MANG JOJO

mang jojo
Bismillahirrahmanirrahim,,,
Dina salah sahiji media jejaring sosial simkuring ningali sababaraha seratan baraya dina eta media, salah sawiosna nyatana seratan Mang Jojo (http://www.facebook.com/mangjojo?v=info), saparantos kuring nelekan tur ngemutan timbul hiji pamaksadan nyatana hoyong ngempelkeun seratan anjeuna anu aya patula-patali sareng kasundaan, alhamdulillah anjeuna parantos ngawidian. atuh pamaksadan simkuring nu ieu taya sanes nyatana pikeun bahan elmu tur lenyepaneun khususna kanggo diri pribadi, atuh mudah-mudahan aya mangfaatna kanggo balarea nu nelekan ieu media. numana eta seratan baris dijudulan(label) ku label "HAREWOS MANG JOJO"
sateuacana simkuring ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti kabingahan ka anjeuna nu parantos ngawidian. diwuwuh ku du'a Jazakalloh khoiron katsiron.
cag.

1 komentar:

Anonim mengatakan...

Htr nuhun kang DD. Mani ararisin da kuring sanes mandahna kana pupuh, ieu nuju diajar deui basa sunda.

Tiasa Usul, kumaha uapami blog ieu Pintonanana sareng kasang tukangna digentos ku nu langkung cekas sareng langkung bengras [kontras]. pami teu lepat di blogspot atanapi di wordpress aya template pilihan. anamung upami programming kuanjeun mah tangtos langkung sae, montasena oge langkung bebas panginten, sihapunten mamatahan ngojay meri, bral nu aranom geura miang ulah jati kasilih ku junti.

Posting Komentar