Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Minggu, 07 November 2010

GUNUNG BULEUD & BATU NINI (Antara Kabungah Jeung Kahariwang)

GUNUNG BULEUD & BATU NINI
GUNUNG BULEUD & BATU NINIGUNUNG BULEUD & BATU NINI
Profil :
Mountain : Gunung Buleud
State : Propinsi Jawa Barat
Latitude : -6.9777778
Longitude : 107.4975
Elevation (meters) : 1151
Elevation (feet) : 3776

( http://www.indexmundi.com/zm/id/1260.htm)

Harita poe saptu, ping 06 nopember 2010, wanci isuk-isuk kuring (http://www.facebook.com/profile.php?id=1544260895) sareng mang hendra (http://www.facebook.com/profile.php?id=1006231736), mang deden (http://www.facebook.com/profile.php?id=100000267498543) mang ropi (http://www.facebook.com/profile.php?id=1725224221) kalih ceu silmi (http://www.facebook.com/profile.php?id=1827586157) arulin ka hiji gunung, nyatana Gunung Buleud & Batu Nini, nu aya di wewengkon kidangpananjung, (antara soreng-cililin, Bandung) dina mangsa harita pacampur antara kabungah jeung kahariwang.
Jarak antara rorompok simkuring ka gunung buleud / batu nini lamun seug dicandak garis lurusna mah 3.34 km. (http://maps.google.com/)
kirang langkung tabuh sapuluhan kuring saparakanca ngawitan mios kalayan nganggo kandaraan sewang-sewangan ti rorompok, (nyatana di wewengkon curug rahayu ) ka wewengkon bunijaya ( kutawaringin, soreng ) tapi da ceuk urang lemur mah ngarana teh jereged, saparantos dugi ka eta wewengkon tuluy kuring saparakanca nuluykeun perjalanan kalawan nikreuh, kirang langkung tabuh satengah sabelasan ( 10.30 WIB ) mapay-mapay kampung, kebon sawah jeung bukit (nanjak-mudun(ceuk urang curug mah mudun teh nyorolok), kirang langkung tabuh dua belasan ( 12.00 ) nepi ka hiji kampung nu katelah kampung ??? duka kampung naon tah ??? poho deui ngarana ( mun teu salah mah Bahubang ). didinya kuring reureuh heula, saparantosna reureuh eta perjalanan diteruskeun deui, tidinya mah nanjak terus,,, kirang langkung tabuh duaan ( 14.00 ) alhamdulillah kalayan ripuh nukacida nepi oge ka eta puncak, tapi teu ka puncakpuncak teuing. Subhanalloh, ku endahna pamandangan, ngeplakna daerah bandung, hejo nemplokna tatangkalan, bodas nyacas jeung biruna awan tur suburna taneuh, bisa nebus kana eta karipuh sahingga timbul rasa bingah amarwatasuta nu antukna timbul rasa syukur, mung hanjakal tatangkalan nu galede geus teu pati loba di eta gunung lantaran kiwari geus dijarieun kebon, malihanan dipuncakna ge mang rupa kebon.
saparantos dugi ka eta puncak, didinya nyampak hiji saung, tuluy kuring saparakanca muka pincuk sewang sewangan kengeng ngagaleuh ti warung sangu, nalika masih diperjalanan keneh. dituluykeun ku popotoan jeung ngarujak, (rujak buah).
kirang langkung tabuh satengah opatan ( 15.30 ) kuring saparakanca nuluykeun deui perjalanan, lantaran aya hiji deui irongkeuneun nu can kacumponan dina wanci harita, nyatana hiji batu nu kacida gedena nu katelah BATU NINI. teu jauh ti puncak mah, turun sakedik ka handap kira-kira sapuluh menitan.
Tabuh opatan ( 16.00 ) kuring saparakanca baralik, dikersakeun karek sababaraha ratus meter turun, kapegat ku hujan nu antukna nyimpang heula ka hiji saung, didinya kuring saparakanca nohonan salah sawios kawajiban nyatana sholat, ( kaleresan mangsa harita sholatna dijama ta'khir & Qoshor ). lantaran geus burit sedengkeun masih jauh keneh ka kampung nuantukna diteruskeun deui turun bari huhujanan, wanci maghrib dugi ka hiji kampung, tidinya arah jalur dirobah nutadina ngalewatan bukit, lantaran ngarasa hariwang ku kaayaan pisik lantaran geus ripuh tambah kapeutingan, harita kami mutuskeun jalanna mapay-mapay kampung arah nu dituju nyatana kampung pasirkalapa (ceuk beja mah, mang deden geus apal jalanna), tidinya diteruskeun ka jereged (tempat nitip kandaraan nu tadi) nuantukna kapaksa ngurilingan bukit (jarakna dua kali lipat lewih, mun dibandingkeun jeung nalika indit) malihanan nalika dugi ka pasirkalapa kersaning Gusti kami kengeng mushibah (hampura moal dicaritakeun mushibahna mah). tabuh dalapan peuting kakara epi ka jereged. didinya reureuh heula. saparantos reureuh diteraskeun deui kalawan nganggo kandaraan. Alhamdulillah kersaning Gusti tiasa wangsul deui ka rorompok nyatana tabuh satengah sapuluhan ( 21.30 ).
cag sakitu...!

Tjoeroeg Rahajoe 07112010

0 komentar:

Posting Komentar