Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Sabtu, 09 Oktober 2010

RUKUN AGAMA

Sadaya rukun agama

Aya tilu sing uninga

Hiji iman dua islam

Nomer katiluna ihsan

Iman hartina percaya

Petekadan teu cangcaya

Ucap lampah teu sulaya

Jeung parentah Anu Mulya

Islam hartina sumerah

Patuh tunduk sarta pasrah

Ngamalkeun agama Alloh

Nu dicandak Rasululloh

Ihsan pihartieunnana

Ibadah sing sabenerna

Ngabakti sumujud nyembah

Lir embreh ninggal ka Alloh

Najan urang teu tiasa

Ninggalna ku dua soca

Alloh mah Maha Uninga

Ninggali salalamina

...


  • Sumber : مادة التعليم ( Madah at-Ta’lim)
  • Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

0 komentar:

Posting Komentar