Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Kamis, 27 Januari 2011

Jampe Nyeupah












Jampé Nyeupah :
Seureuh seuri,
pinang nangtang,
apuna galuget angen,
gambirna pamuket angin,
bakona gulaga sari,
coh nyah, parapat nyay, leko lenyay,
cucunduking aing taruk haréndong,
cucunduking aing taruk paku hurang,
keuna ku asihan awaking,
asihan si leugeut teureup.
(Esin Engka Widjaja, Poesaka Soenda, No. 8, 1924)

ditukil ti fb Akoer Lah

kuring mah asa inget jaman bareto keur leutik keneh, malihanan pun nini oge sering nyeupah waktos nuju jumeneng keneh mah. tapi dina jaman kiwari mah tos teu kacaritakeun deui khususna di wewengkon sim kuring, nu sarepuh nyareupah, kantenan para nonoman mah.

2 komentar:

pepep mengatakan...

muhun kang. kapungkur di lembur kuring ge aya keucap/babasan sisig nini. ku kiwari mah duka dimana tah si sisig nini teh aya na, he he. salam, sehat kang?

Hon mengatakan...

ai nyeupah sareng nyisig sami?

Posting Komentar