Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Rabu, 12 Januari 2011

Mini DV JVC GR-D870AG

Mini DV JVC GR-D870AG

Ngabongkar Jeuroan Mini DV JVC GR-D870AG

Cik keneh saba'da magri (rebo 12 januari 2011) kuring ngabongkar ieu kamera, lumayan lieur oge geningan, alesan eta kamera ku kuring dibongkar nyatana aya nu pegat dina kabel flexibelna, lumayan lila ngabongkarna ge da kakara, jeung rumasa teu sakola dina widangna. tapi leuwih hese leuwih panasaran, Alhamdulillah nu antukna kapanggih oge kumaha carana, jeung bener oge naon nu direka-reka ti samemehna. sihoreng aya nu rada soek dina kabel flexibel nu aya na LCD na.
Ngan teuing kumaha tah engke masangkeunana lantaran lieur ningali baudna ge, lantaran mang rupa-rupa, aya nu pondok, rada pondok, jeung rada panjang. keun bae lah eta mah urusan engke.
kira kira sabaraha nya hargana eta kabel ?


























4 komentar:

Unknown mengatakan...

alah di Mutilasi kitu handycamna...soklah sabisana di operek..syukur-syukur tiasa normal deui !!!

Anonim mengatakan...

gan ayena eta nasib handycam teh kumaha..?

Anonim mengatakan...

kenging kabel flexsibel dmna kang ?

Anonim mengatakan...

kang kumaha nasibna eta handycam teh.
sim kuring oge sami kasusna jigana kabel fleksibel na pegat, hoyong ngabongkar tp sieun teu bisa masang deui, :)

Posting Komentar