Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Kamis, 26 Mei 2011

NGALAMUN


Sarebu kabingung

Salaksa kasusah
Saketi kasedih

Eta bisa bubar sarta buyar

Ku sabar jeung tawekal

Ngalamun salaput umur

Kahayang mang pirang-pirang
Karep teu eureun-eureun
Tapi ngan qodar ti Alloh Subhanahu wata’ala
Anu bakal ka sorang

Tah kuayana kitu

Mending sabar batan aral

Mending bener batan lengger

Sakitu nu kasanggakeun

Bubuhan abdi maksakeun
Laku salah geura teundeun
Amal sholeh geura jalankeun

Sakitu pihatur abdi

Ka sadaya palawargi

Anu pada sami-sami

Memperjoangkeun agami

Oray kisi oray welang

Kalapa hejo caina
Permisi abdi rek pulang
Hampura kasadayana


H.I 26 mei 2011, Pesantren Persis 45 Rahayu

0 komentar:

Posting Komentar