Wilujeng sumping di ieu rohangan hapunten anu kasuhun mung sakieu buktosna... Sereg di panto logor di liang jarum...

Jumat, 27 Mei 2011

Godi Suwarna




Etti RS : Godi Suwarna teh salah saurang sastrawan anu fenomenal, pangpangna dina kanyajakan. Sajak sajakna seueur diturutan ku pangarang-pangarang anu ngarora, anu ka beh dieunakeun.

Acep Zamzam Noor : Upami dibandingkeun dina sastra Indonesia kuring ningal Ghodi Suwarna teh Chairil anwar-na sastra sunda, kunaon sababna, sabab kang odi tos ngangkat basa sunda nu tadina dina basa sopan santun, bias dikatakeun lembutkana basa-basa anu sangat bergairah, ekspresif.

Tisna Sanjaya : Godi itu selain seniman menurut saya sih dia penggerak budaya yang bisa memberikan dorongan pada lingkungannya, kalau ada Godi di satu tempat pasti memberikan dampak, jadi memberikan virus yang pasitif untuk memunculkan kebudayaan.

Godi Suwarna lahir di tasikmalaya, 23 mei 1956. Digedekeun di kampung cirikip, tuluy taun-taun hirup ngumbara di bandung, kuliah rumah tangga sarta meuseuh dirina jadi sastrawan. Kiwari mulang deui, bumetah di dayeuh sarakanana, kota ciamis. Mimiti daria ngarang sajak jeung carita pondok dina taun 1976. Ti barang diumumkeun dina media massa, karya-karyana dianggap fenomena anyar dina sastra sunda, nepungkeun tradisi jeung modernitas, nyampurkeun relitas jeung absurditas, ngahudang pamuji jeungkritik.
Sajak-sajakna geus loba anu dibukukeun, nyaeta : Jagat Alit (Rahmat Cijulang, 1979), Surat-surat Kaliwat (Medal Agung, 1984), Blues Kere Lauk (Geger Sunten, 1998). Aya deui dua kumpulan sajakna anu can medal, nyaeta Urat-urat Kawat jeung Tariking Angin. Karya-karyana dina wangun carpon jeung novel anu geus medal, nyaeta : Kumpulan carpon Murang-Maring (Medal Agung, 1980, Kiblat, 2004) jeung Serat Sastra Satwa (Geger Sunten, 1995); novel Sandekala (kelir, 2007), jeung Deng (Puri Pustaka,2009). Salian ti nulis sajak, corpon jeung novel, Godi oge kungsi nulis naskah drama, esay jeung rumpaka guguritan. Naskah dramana diantarana “Burung-burung Hitam”, “Orang-orang kelam”, “Gaok-gaok”, “Gablek” jeung “Gor-gar”. Buku kumpulan rumpaka guguritanana 17 Sekar pupuh anu disanggi babarengan jeung Iik Setiawan (Geger Sunten, 1992) kiwari loba dipake dina pangajaran pupuh di sakola-sakola di Jawa Barat.
Godi kungsi sababaraha kali dileler panghargaan, diantarana : Sutradara pinunjul dina Porseni tingkat Jawa Barat (1980), Sutradara pinunjul dina Porseni tingkat Nasiona (1981), tilu kali dileler Hadiah Sastra Rancage pikeun karyana Blues Kere Lauk (1993), Serat Sarwa Satwa (1996), jeung Sandekala (2008) sarta kungsi sababaraha kali meunang panghargaan Hadiah sastra LBSS jeung Hadiah Sastra D.K. Ardiwinata.

0 komentar:

Posting Komentar